Kang Wawan! Cibangkongna dimana? Atuh sim kuring ge gede di Cibangkong, ti taun 
68 tepi kaun 80. Meureunan harita kang Wawan ge can lahir nya? atawa orok keneh?
  Nepangkeun sim kuring Trias Santosa nu nuju ngumbara di Hamburg.
   
  Salam,
  Kang Trias
   

Wawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Hatur nuhun Kang Yunus, ieu sanes Yus Yunus penyanyi dangdut 
kan…(he..he..he..)
  Kang, Â simkuring hoyong pisan kaditu (subang), raosna sih pas nuju aya anu 
nyandakan pereleknya, bade diabadikeun ku sim kuring teh, dina raraga tugas ti 
dosen (perkawis kebudayaan anu tereh punah..), ka Subang mah caket ieu pan…
  
  Upami tiasa, diantos pisan informasina, bade ka milis atanapi ka japri teu 
naon naon.
  
  Eh..punten, nepangkeun simkuring teh nuju nyandak doktor komunikasi di UNPAD, 
abdi asli Bandung (Cibangkong), pun bojo mah urang sebrang (Palembang + Bali).
  
  
  
  Salam,
  
  www
  
  
      From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
rusdi yunus
Sent: Friday, November 30, 2007 4:57 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun


  
          Wa alaikum salam.

mangga ka lebet tong isin - isin pami teu ka abotan simkuring palay uninga 
timana kawitna? damel di mana? naon hobina? saha bebenena? ( maaf heureuy )

pami perkawis beas perelek di kampung sim kuring tegesna di kampung caracas II 
kec pabuaran kab: subang nembe kamari pisan nuju di galakeun deui sareng di 
kawitanana siskamling atawa ngaronda.
samalihmah simkuring kabagean ngaronda ayeunamah.

tos ackh sakitu bae heula mangga kang wawan di antos baleusanana
    

  wassalam:
    

    Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju
    
    ----- Original Message ----
From: Wawan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, November 30, 2007 3:47:41 PM
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun
      Ass,
  Nepangkeun, sim kuring Wawan W, nembe lebet kana ieu milis.
  Manawi sareng manawi aya anu uninga, kinten-kinten daerah mana anu masih 
keneh ngajalankeun perelek (beas) ?
  
  
  Salam,
  
  
  www
  



  



  
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

  



  

                         

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke