Tah komo aya tuturus ti baheulana pisan mah.

Eces pisan kitu. Nuhun.

 

----------

 

deukeut teuing atuh noongna, upama dimimitian mangsa ngirimkeun guru

mah. eta mah jaman beh dieu. urang malayu, daek teu daek akar budayana

nya ti indonesia, ti jaman karajaan keneh. apan sultan malaya nu

kiwari teh, aya nu asalna ti bugis, aya nu asalna ti minang, oge ti

aceh. eta teh nepi ka kiwari. nu matak lagu kaulina barudakna oge, nya

teu saeutik nu sarua jeung di lembur urang, utamana ti sumatra. malah

mun rek ditoong arsitektur imahna, apan di nagri sembilan mah persis

rumah gadang ti minang. kitu deui imah pendudukna ampir sarua jeung

imah baraya urang ti palembang, ti banjar boneo kidul. imah panggung

kolong jangkung tina kai. (mh)

 

Kirim email ke