Minggu kamari keur nyimpang ka Pusat Studi Sunda nu oge kantor majalah Cupumanik, acara Ua Sas reuni sareng peserta kursus sajarah jeung budaya Sunda.
Terus kang Ajip Rosidi sumping, sigana ti Magelang. Anjeuna pok nyarita, "Aya beja gede yeuh, kemis kamari, Suharto datang ka Ali Sadikin. Akang datang poe jumaahna." Suharto dianteur Tutut cenah. Nu hadir olohok bari ngantos beja terusna. "Tapi cenah teu ngalobrol. Da geus papada pikun!" Si kuring nyakakak. Bisa jadi Suharto datang boga kainget rek menta hampura, ngan meureun rincianana mah poho deui, naon bae kalakuanana baheula ka Ali Sadikin.

