----- Original Message ----
aya nu terang hartosna karawang ??///sareng eusina nya ? nuhun
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, December 4, 2007 8:55:46 AM
Subject: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan ngunclungkeun ka
Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos koropok teh sim kuring, teras
disantok ku Kang Tirta nu umajak sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem pesen peti
kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 550rebu sapeti
janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan ongkos kirim ka Kabuyutan
Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu eta ge sami ti baraya Kusnet keneh
teras aya kasanggeman ti Kang Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah
gumantung Kang Tirta we, da teu acan betus. He he.
Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna pertengahan desember ge
tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok tangtos tos tiasa di gentos.
Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot tur sae di
Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora, sareng katingalna rada
cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai jati. Kaduana aya kasanggeman ti
Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di Madiun, atuh teu ka
kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J
kum we ka baraya sadayana anu tos kersa ulubiung dina "Project of Peti
Kabuyutan Ciburuy".
Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi bade sanggem
ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang Ukas atanapi ka sim
kuring ge mangga.
Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini (filolog pangsiunan
ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, Ceu Tien sareng Kang Hawe
ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu tos neundeun katineung kana ngamumule
naskah-naskah kuno Sunda nu aya di Kabuyutan Ciburuy.
Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang sadayana.
Amin.
MSasmita
ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta. heu heu...!!
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut! Let your teams follow you
with Yahoo Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ