Mangga, kamari simkuring tos kontak sareng kang Ahmad anu di Telkomsel...
Perkawis kanggo akses internet sareng komputer hiji kanggo demo mah tiasa...
Mung upami palay sapertos workshop... di lab komputer..... dimana sadaya 
pamilon tiasa langsung praktek.... eta mah...nya mangga nyanggakeun....

kedah kanu gaduh fasilitas kitu narosna.... 

Eta kang Kumi kumaha ???.... 

Upami saukur kanggo demo pembicara... akses internet sareng komputer laptop 
insyaalloh sayogi......

mangga atuh anu sanes kumaha atuh ????... anu bade ngiring na mana ieu teh ??? 
seueur kitu ???... hehehe....dinatos yeuh "apresiasina"....

hatur nuhun...
Mang  Maya


Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
  Kahatur baraya sadaya,
  
 Perkawis tempat, pribados sapagodos sareng kang Oman, saena di Unpad. 
Numutkeun sim kuring, upami tempatna di UNPAD, sajabi para peminat ti Kusnet, 
tiasa oge diondang mahasiswa, generasi muda anu potensi kanggo ngeuyeubkeun 
wikipedia Sunda. Sajabi ti eta, upami formatna langkung ngaharib kana workshop, 
dimana pamilon peryogi komputer kanggo praktek, panginten di Unpad tos sayagi 
lab komputer (langkung sae upami tos aya akses internet).
  
 Tapi upami teu aya komputer sareng akses Internet, usulan kang amank Maya 
tiasa janten alternatif. Kumaha tah saterasna kang Maya? 
  
 Punten, email ieu ditembuskeun ka teh Sofi Suriaatmaja, anggota pasif milis 
us, lulusan UNPAD (saurna mah tilas best-friend-na kang Maman Gantra), kumargi 
teh Sofi gaduh koneksi caket sareng urang Sunda di Telkom (kang Herdi) oge di 
Telkomsel. Ditembuskeun ka teh Sofi teh bilih wae di Unpad teu aya koneksi ka 
Internet, teras bilih teh Sofi bade ngaupayakeun akses internet ngalangkungan 
misi sosial operator telekomunikasi kanggo ngamajengkeun internet di Indonesia.
  
 Punten dipayunan, kanggo sakedik ngabantos transport kang Kumi ka tempat 
seminar ngawiki, parantos ditransfer Rp. 500.003 ti ATM Bank Bandiri JKS ML 
Plaza Cibubur, ping 2 Desember 2007, tabuh 12:28 ka rekening Nomer 
122-00-0449302- 2 a.n. Iskandar Alisyahbana Adnan (kang Kumi).
  
 Salam,
 Aschev Schuraschev
  
 NB:
 Di luar perkawis wikipedia, teh Sofi gaduh udagan kanggo niron kagiatan Pemkot 
Malang dina ngemekarkeun internet dimana Pemkot Malang dibantos ku pamarentah 
pusat ngamanfaatkeun bantuan (hibah) Asia Pacific Telecommunity (APT). Kiwari 
bantosan kasebat tos ngahubungkeun universitas, sababaraha SMU, SMP sareng 
koperasi pakuwonjati. Saurna upami di provinsi Jabar oge aya kagiatan sapertos 
kitu, kacida saena. Duka tah kumaha kedah mitembeyannana. (sakaterang sim 
kuring biasana kedah aya proposal; tiasa ditiron proposal pamarentah waktos 
ngusulkeun kota malang kanggo nampi eta bantosan. Salajengna teh Sofi anu kedah 
bajoang di eta forum supados proposalna tiasa disatujuan). Panginten anu janten 
masalah teh, kota / kabupaten naon anu kedah dipilih.

 

 

 ----- Original Message ----
From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, December 1, 2007 1:43:48 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Fwd: ngawiki & ngablog

    Asa nyambung. Puguh si kuring oge keur madungdengkeun rencana 
ngayakeun seminar pikeun ngeusian Wiki atawa ngeblog, minangka 
lajuninglaku tina acara nanggap kang Dian. Itung-itung maneuhkeun 
acara sawanda, sugan wae hasilna leuwih lega ngambah kaditu kadieu.

Harita ngobrol teh jeung kang Kumi. Aya pipikiran rek makumaha deui 
ka kang Ganjar. Minimal atuh tempat-tempat wae mah bisa ditalangan 
ku kang Ganjar. Ari di patempatan kuring, audiotorium geologi, masih 
kudu mayar eung sanajan bisa meunang potongan :) 

Ayab anu haat neruskeun ieu lalakon ku cara ngajapri kang Ganjar? 
rumasa si kuring can kaburu, kasiwer ku hanca garapan jeung tugas 
anu wuwuh ngagulidag siga caah patali jeung akhir taun. Atawa....ti 
Kusnet bade neruskeun ieu garapan? sae pisan, mangga diantos.

baktosna,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, Aschev Schuraschev 
<aschevetea@ ...> wrote:
>
> Kang Kumi,
> 
> Aya info ti mang Maya (kang Maya) sapertos kieu:
> 
> Nembe abdi kontak sareng saderek anu di telkomsel... . akses 
internet mah siap...... abdi laptop siap...mangga bade ditambut mah 
(asal ulah dipiboga) hehehe...
> kantun tempat.... sareng pembicara... .... hayu der ah... urang 
ayakeun acara seminar ngawiki...ngeblog. ...heheheh. ..... urang 
babetkeun deui weh kanu milist.....
> 
> Mangga kang Maya lajengkeun. Jigana kang Kumi sayogi waktos sareng 
tanagi kanggo janten isntrukturna.
> 
> Salam,
> Aschev
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] .>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Wednesday, November 21, 2007 8:02:44 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Fwd: ngawiki & ngablog
> 
> Anu jadi pikiraneun Depkominfo teh, lian ti masalah per-unjal-an, 
oge masalah traffic, bandwidth, atawa naon nya istilahna teh, poho 
deui. Pokona mah ngeunaan akses internet ti indonesia. nepi ka 
ayeuna memang kudu diaku, yen ramatloka teh lolobana nyayang di 
luar. Mun urang muka eta loka, aya ongkos nu kudu di bayar ka nagara 
tempat nyayangna eta loka (BMS). 
> 
> Kahayangna, cik atuh loka2 teh nyarayangna di Indonesia, di jero 
nagara, jadi duitna teu ngencar ka luar. Pikeun narekahan hal eta, 
di antarana, cenah Depkominfo (atawa saha lah baladna) keur 
ngadatangkeun sababaraha server, ngarah loka2 teh bisa nyarayang di 
indonesia. Lian ti eta, kalawan dikokolakeun ku Panji ( 
www.panji.or.  id), eta departemen oge teu weleh ngampanyeukeun 
dipakena domain .id (co.id, go.id, or.id). 
> 
> Perkawis keurseus, hususon ngeunaan wiki ieu mah, upami nu di 
Bandung memang marinat, tiasa wae urang ngayakeun sarupaning 
keurseus kilat, demo bari prak langsung diajar kumaha prakprakanana 
ngawiki. Saratna mah hiji bae, tempatna kedah di rohangan full 
computer (wios teu full AC ge) anu sadayana nyambung ka internet, 
kawas riungan Simpay di Lab. Komputer UI ampir dua taun ka pengker. 
Tanagana mah sugan pareng tiasa ngajak para kontributor Wikipedia 
Sunda (lolobana mah alabur-aburan nedunan pancen dunungan). 
> 
> 
> On 11/16/07, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com> wrote:
> Duh…hanjakal teuing nya?... da,  kumaha atuh hoyongnamah hoyong 
ngalap elmu teh, mangkaningan haratis deuih… mung nyaeta ku tebihna, 
sareng acara teh dintennan damel pan?… namina ge kuli, hese ngejatna.
> Sae tah ajakan Bapa Dirjen teh…leres atuh da, pangraos-
raosna "ngunjal/ngadownloa d" mah, teu hese cape mikir heheh…
> 
> 
> 
> 
> 
> 
____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
____________ ___
> Be a better sports nut! Let your teams follow you 
> with Yahoo Mobile. Try it now. 
http://mobile. yahoo.com/ sports;_ylt= At9_qDKvtAbMuh1G 1SQtBI7ntAcJ
>



             




       
---------------------------------
Be a better sports nut! Let your teams follow you  with Yahoo Mobile. Try it 
now.

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke