Nuhun Ua, sim kuring tos ngontak kang Ukas, Insya Allah minggon ieu rengse 
saurna. Tah perkawis ngirimna sim kuring usul tos we ka kusnet Garut, pasti lah 
aya baraya kusnet di Garut nu tiasa dititipan,  janten peti kantun disampeur 
pami bade ka Ciburuy. Peti teu dipulangantingkeun Madiun, Bdg, Grt janten 
ngirangan bohak, pocel kagesek2. Kang Ukas bade ngecek kepakan peti nu sae tur 
aman.

Kitu heula ti sim kuring. Ayeuna tos usum hujan....hawa nu matak ngariweuhkeun 
naskah kabuyutan

Salam
JP
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 3, 2007 5:55:46 PM
Subject: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.

Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan ngunclungkeun ka 
Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos koropok teh sim kuring, teras 
disantok ku Kang Tirta nu umajak sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem pesen peti 
kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 550rebu sapeti 
janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan ongkos kirim ka Kabuyutan 
Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu eta ge sami ti baraya Kusnet keneh 
teras aya kasanggeman ti Kang Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah 
gumantung Kang Tirta we, da teu acan betus. He he.
Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna pertengahan desember ge 
tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok tangtos tos tiasa di gentos.
Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot tur sae di 
Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora, sareng katingalna rada 
cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai jati. Kaduana aya kasanggeman ti 
Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di Madiun, atuh teu ka 
kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J 
kum we ka baraya sadayana anu tos kersa ulubiung dina "Project of Peti 
Kabuyutan Ciburuy".
Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi bade sanggem 
ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang Ukas atanapi ka sim 
kuring ge mangga.
Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini (filolog pangsiunan 
ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, Ceu Tien sareng Kang Hawe 
ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu tos neundeun katineung kana ngamumule 
naskah-naskah kuno Sunda nu aya di Kabuyutan Ciburuy.
Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang sadayana. 
Amin.
 
MSasmita
ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta. heu heu...!! 
 
 
 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke