Kusabab kuring mah, najan asli urang Garut ge, can kungsi ka Ciburuy, nya saheulaan mah paling bisa nampung peti kanggo samentawis. Perkara ka Ciburuyna, ke sugan tiasa sareng Kang Darpan. Atawa, hadena mah meureun ngirimna langsung ka Ciburuy, jangjian tepung jeung nu mawana (kira2 make kurir atawa nyewa mobil sacara husus ti Madiun?), laju langsung diakut ka Ciburuy. Kira2 sabaraha kilo tah petina, Kang Ukas? Perlu ngitung tanaga soalna, heuheu... Sakantenan urang Ciburuyna diiberan heula samemehna, pan lumayan, urang lembur mah biasana baredas... heheh.
On 12/4/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nuhun Ua, sim kuring tos ngontak kang Ukas, Insya Allah minggon ieu > rengse saurna. Tah perkawis ngirimna sim kuring usul tos we ka kusnet Garut, > pasti lah aya baraya kusnet di Garut nu tiasa dititipan, janten peti kantun > disampeur pami bade ka Ciburuy. Peti teu dipulangantingkeun Madiun, Bdg, Grt > janten ngirangan bohak, pocel kagesek2. Kang Ukas bade ngecek kepakan peti > nu sae tur aman. >

