Baraya,

Ari sabalikna tina infrastruktur teh bener kitu "suprastruktur"?. 
Lamun bener, suprakstruktur internet geus meujeuhna dipikiran, 
dipadungdengkeun jeung dirarancang ti ayeuna. Komo deui, sakumaha 
ditegeskeun Mendiknas, yen taun 2008 rek dipasang internet pikeun 
10.000 sakola SMP jeung SMA negeri di sakuliah Indonesia.

Sebut wae, tina jumlah anu ditegeskeun ku Mendiknas teh 25%-na SMP 
jeung SMA aya di Jawa Barat. Hartina, 2.500 SMP jeung SMA di Jabar 
taun hareup geus boga sarana keur aksen internet. Geus kapikiran yen 
ieu teh hiji potensi pikeun revitalisasi budaya daerah? Geus aya 
rarancang naon eusining anu rek ditepikeun ngaliwatan eta sarana 
internet pikeun siswa SMP jeung SMA dina pakaitna jeung budaya 
daerah? Nya hal-hal anu ditanyakeun bieu eta anu dimaksud ku si 
kuring salaku 'suprastruktur' internet.

Pakakas mah nepi ka iraha ge tetep pakakas. Moal aya gunana lamun 
teu dieusian ku kandungan anu samistina. Naon anu rek ditepikeun ka 
barudak SMP jeung SMA ngaliwatan interenet lian ti pangajaran 
formal? Naha lain hiji lolongkrang anu gede ayana sarana internet di 
SMP jeung SMA di sakuliah Jabar ieu pikeun ngawangun kabudayaan 
daerah? Naon anu bisa dikontribusikeun ku urang (Kusnet, Kusnet 
Jakarta, Kusnet Bandung, Kusnet YP, Kusnet mana wae, oge internet 
kasundaan sejenna)keur mapagkeun eta lolongkrang? 

Loba kacida. Upamana wae: 
1) Basa Sunda anu merenah, pikeun ngabiasakeun urang Sunda atawa 
saha wae anu dumuk di Sunda bisa jeung daek make basa Sunda sabab 
teu sieun salah kulantaran teu bisa Sunda UUBS, jsb; 
2) "Wawasan Kabudayaan Daerah Jabar" (WKDJ), boh anu formal atawa 
anu ditepikeun dina wangun carita (model carita "Wastu" tea). Anu 
dimaksud WKDJ teh kurang leuwih pangaweruh jeung kaparigelan minimal 
ngeunaan kabudayaan daerah (Sunda, jst) anu perlu dicangking ku 
sakumna siswa-siswi SMP jeung SMA anu aya di Jabar; 
3) Atikan/sosialisasi mitigasi bencana pikeun ngabiasakeun 
masyarakat anu sadar jeung ngalakukeun usaha-usaha pikeun ngurangan 
korban bencana alam ti mimiti umur keur barudak;
4) Atikan sejenna ngeunaan kabudayaan Sunda;
5) Ngawangun ramat lancah (link) anu leuwih lega;
jst.

Kumaha wangun jeung prak-prakanana nyieun ieu suprastruktur internet 
keur murid SMP-SMA ieu? Tah nya ieu pisan anu sakuduna dibaladah 
jadi bahan padungdengan lengkep jeung "rarancang prak-prakanana
("agenda of action") ti ayeuna keneh. Saha anu bade ngaluluguan? 
Mangga diantos.

manAR

 

Kirim email ke