Taun payun Menkominfo rek nanjeurkeun harkITnas, hari kebangkitan IT nasional. 
Nu perlu teh noong naon program tumali jeung harkITnas dimaksad, ti dinya tiasa 
urang nyaluyukeun naon nu rek digarap. Salah sahiji Dirjen teh pan Kang 
Cahayana nu boga web Kisunda. Nu kenal ka anjeuna mangga atuh taroskeun.

JP

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, December 4, 2007 10:30:12 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Infrastruktur Internet Gratis...launching aksara 
Sunda

Ieu mah rek ngadongeng perkara menkominfo M. Nuh.
Tadina teh direktur Politeknik ITS Surabaya. Prestasi
mahasiswa Politeknik ITS Surabaya kawilang
nyongcolang. Sababraha taun, jadi juara lomba robot,
anu diayakeun ku depdiknas. Tim mahasiswa ti UI jeung
ITB eleh. Atuh di tingkat internasional, tim mahasiswa
politeknik ITS nyongcolang, sakali jadi juara Sa Asia
Fasifik, anu diayakeun ku Asosiasi televisi Jepang
(ABU ROBOCON). Teu heran, atuda Politeknik ITS mah
spesialis ngulik perkara pertehnikan robot.

Taun kamari, Menkominfo ngaresmikeun laboratorium
teknologi CDMA anu paling canggih, sumbangan ti
pausahaan Hwa Hwe Cina, anu "dititipkeun" di UI.
Harita teh tos disabit-sabit perkara, perluna internet
"dinikmati" pikeun sakumna masyarakat.Tah, jigana
pipikiran eta anu direalisir di wewengkon Jawa Timur.
Wajar wae, ngaheulakeun Jawa Timur, jigana pihak
Pemda jeung masyarakatna leuwih siap narima tehnologi
ieu tibatan Jawa Barat. Hiji prestasi menkominfo anu
perlu "diacungi jempol". Jigana faktor widang profesi
jeung kaelmuan, mangaruhan kana hiji kawijakan.

Bandingkeun jeung kawijakan Menkominfo saeuncan M.
Nuh, nyaeta Sofyan A Djalil. Profesi jeung widang
kaelmuanana dina widang hukum. Tangtangan harita,
nyaeta ngatur frekuensi jeung siaran (radio/televisi) .
Kawijakan anu dihasilkeun nyieun lembaga Komisi
Penyiaran Indonesia (KPI), jeung nyieun UU Penyiaran.

Lamun enya taun hareup, infrastrukur internet diwangun
di Jawa Barat, jigana perlu yeuh KUSnet ngajukeun
usulan ka Menteri, kumaha sangkan internet bisa
ngalestarikeun budaya, diantarana nga "launching"
aksara Sunda di internet. Atawa kumaha caranya sangkan
bisa aya gawe bareng Menkominfo jeung Mensristek (pan
Menterina urang Sunda). Atawa aya usualan sejenna?

Penyoa--- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
wrote:

> Haturan Baraya,
> 
> Aya informasi anu ngagumbirakeun ngeunaan
> infrastruktur kanggo nga-download muatan lokal di
> internet, reh dina gempungan sareng Komisi hiji DPR
> dinten ieu, Prof Dr Muhammad Nuh, ngawartoskeun
> rehna di Jatim tos dipasang hotspot atanapi Wi-Fi
> (internet tanpa kabel) gratis di taman kota atanapi
> alun-alun di 38 kabupaten/kota di Jawa Wetan.
> Pamasangan hotspot dimaksad dina raraga sasadiaan
> kanggo nuju ka masarakat informasi ”Jatim
> e-province”. Disaurkeun ku anjeunna, cenah taun
> payun bakal nyusul Jawa Kulon sareng provinsi
> sanesna.
> 
> Salam,
> Asep
> 
> 
> 
>
____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Get easy, one-click access to your favorites. 
> Make Yahoo! your homepage.
> http://www.yahoo. com/r/hs 

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ 
;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ 





      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke