ooo kitu ...

pami guru kumaha tah kang ? iraha naek gajihna ?

baktos,
budhi
guru sakola kampoeng


On 12/5/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Alah siah.....kudu aya proklamasi kitu, mangkaning kuring padamel pajeg
> he...he....Sim kuring mah diajar nabung hususon keur sunda/kasundaan, rek
> rajin kawas kang Ajip. Kapungkur basa ngayakeun acara di hotel Santika eta
> hasil pembicara seminar. Dana nu ayeuna keur peti, ririungan mah estu tina
> nyiwitan panghasilan, pan Depkeu, MA, Menpan, BPK tos ditaekeun gajihna
> (masih jauh ti panghasilan nu damel di BI sih, komo direksi koperasi mah
>  ).
>
> Tah barudak kusnet nu di Depkeu/Pajeg teungteuingeun mun pedit mere ge
> hese bin buntut kasiran, kuring apal lah gajih tiap grade....diantos ciwitan
> tina tunjangan khusus. Kang Ndoel geus ngetrokan cengcelengan Kusnet
> Jakarta.
>
> salam
> tukang pajeg
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 5, 2007 7:38:06 AM
> Subject: [Urang Sunda] Re: Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
>
>  Ua Sas oge Kang Tirta,
>
> Teh Ika ti Bapeda tos ikrar bade nyumbang keur nambahan ieu waragad
> peti naskah. Mangga, kantun nyusud. Tong salempang, sok sanajan Teh
> Ika padamel negeri, artos anu bade disumbangkeun keur peti naskah
> kabuyutan Ciburuy mah beresih tina korupsi.
>
> baktos,
> manAR
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> "MSasmita" <matsasmita@ ...> wrote:
> >
> > Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan
> ngunclungkeun ka Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos
> koropok teh sim kuring, teras disantok ku Kang Tirta nu umajak
> sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
> > Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem
> pesen peti kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
> > Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna
> 550rebu sapeti janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan
> ongkos kirim ka Kabuyutan Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu
> eta ge sami ti baraya Kusnet keneh teras aya kasanggeman ti Kang
> Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah gumantung Kang
> Tirta we, da teu acan betus. He he.
> > Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna
> pertengahan desember ge tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok
> tangtos tos tiasa di gentos.
> > Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot
> tur sae di Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora,
> sareng katingalna rada cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai
> jati. Kaduana aya kasanggeman ti Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
> > Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di
> Madiun, atuh teu ka kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev
> Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J kum we ka baraya sadayana anu
> tos kersa ulubiung dina "Project of Peti Kabuyutan Ciburuy".
> > Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi
> bade sanggem ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang
> Ukas atanapi ka sim kuring ge mangga.
> > Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini
> (filolog pangsiunan ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS,
> Ceu Tien sareng Kang Hawe ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu
> tos neundeun katineung kana ngamumule naskah-naskah kuno Sunda nu
> aya di Kabuyutan Ciburuy.
> > Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang
> sadayana. Amin.
> >
> > MSasmita
> > ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta.
> heu heu...!!
> >
>
>
>
> ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>  
>



-- 
Budhi Setiawan
e-mail: [EMAIL PROTECTED]
web: http://budhisetiawan.net/

Kirim email ke