Halaw baraya* punten nembe mucunghul deui*pakepux yeuh* teu kaur noong, nembe ge bade nyerat tos kurunyung deui pidameleun*maklum kuli atuh da*heheh.
Ke*ke* asa ngadangu nami abdi disebat2 ku Kang Kumi? Heuheu* Euleuh? Aduh! Suwer, teu nyangki bakal diseriusan ku baraya pamundut abdi ngeunaan Seminar ngaWiki & ngaBlog tea, nuhun pisan! Ni balalageur* I love u all!... :) Leres pisan nu biasana getol ngayakeun Seminar sapertos kieu biasana diayakeun ku barudak mahasiswa utamina jurusan informatika. Aranjeuna tangtos apal kedah kumaha ngajalankeunana, dikawitan tina proposal, danana & sponsorna. Abdi mah salaku pamilon, teu langkung panitia ngiringan*syukur2 pami haratis & sanes dintenan damel hehe* ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 12/04/07 10:35PM >>> Sawangan atawa nu kaerong ku uing mah di wewengkon Bandung atawa Priangan Wetan, da di Jakarta mah harita di UI ge asana tos cekap berekah, teu nyanggut... Heuheu... Ti pribadi kuring mah basajan bae, teu kudu acara kumaha2... Pangna ngudag di Bandung, nya pedah bae, misalna, aya pamundut ti Teh Roro. Oge, samemehna, duka banyol duka heureuy, Adit ti UPI (kungsi getol ngeusian unak-anik Sunda) kungsi naroskeun ngeunaan hal ieu. Kantun atur bae dina masalah fasilitasna (lab. komputer tea--tangtosna kedah nyambung ka lembaga2 atikan anu boga kalengkepan kitu, misalna bae Unpad? UPI? UIN SGDj?), ke kuring spk. (duka saha wae yeuh 'spk.'-na) nyiapkeun bahanna. Lamun bisa katoong pipamiloneunana, sugan bisa oge rada diarahkeun di mana kira2 eta para calon kontributor diperenahkeunana, najan tangtos kamungkinan ancrub dina widang sejen tetep salawasna nembrak ngagemblang. Lamun tos dicobian ditarekahan, tapi di lembaga2 atikan anu boga fasilitas eta te tep teu bisa gratis, nya dana ti Kang Asep (nuhun pisan, Kang... isin pisan abdi mah nampina oge) anu tos kadung dikintun tiasa dianggo. Mun ukur kuring anu ngawawaw di hareup bari pamilon ukur olohok mah, punten, teu sangem, soalna bakal kapopohokeun. Mending nyieun & ngabagikeun modul/ hand out-na wungkul we daripada kitu mah... Kitu manawi...

