Karawang? Asa kaemutan...sakaterang abdi salian ti nami hiji wewengkon di Jawa Barat, nyaeta nami hiji karajinan biasana sok dipidamel ku para istri. Saur pun biang nu kantos ngajalanan "training" Ngarawang nu mangrupikeun salah sahiji syarat janten istri pun bapa heheh* Ngadamel karawang teh nyaeta lawon dipolongoan, teras dicabutan benang-benang (Sundana mah bola) na dibentuk sakumaha kahoyong, biasana mangrupi wangun kekembangan. Tos rengse dibentuk, dilereskeun, ditalian deui ku bola, diberesan deui sisi2na. Sae pisan kanggo disimpen dina luhureun meja atanapi kangge alas tampolong nu didamel tina kuningan. Aya hiji deui, nyaeta kangge ngecek artos : dilihat, diraba, dikrawang*heheh.. ditrawang eta mah* ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 12/05/07 08:31AM >>> 1) Karawaan-->Karawang : bis jadi kitu eta asal kecapna. Faktana, memang Karawang daerah handap, munasabah lamun baheulana eta patempatan teh urut rawa atawa ceuk basa geolna mah "natural levee", alias daerah pamiceunan cai tea, leberan banjir ti walungan-walungan anu ngaliwatan eta wewengkon (Citarum, jsb). Fakta sejenna, basa Walanda nyieun jalan raya mimit anu ngahubungkeun Anyer jeung Panarukan, liliwatan jalan ti Jakarta ka Jawa Tengah teh lain ngaliwatan Karawang, balikta mengkol ti Cikampek ka Purwakarta terus ka Bandung-Sumedang-Cirebon-Jateng. Ceuk sakaol, sabab musabab ngaliwatan Bandung, lian ti keur muka kota pagunungan (nyatana Bandung tea) oge ku sabab lebah Karawang rada hese nyieun bagol jalan teh, alatan rawa tea. 2) Kaol anu sejenna: Karawang asal kecap tina "kera beruang" alias monyet anu loba duit. Ngan ieu mah caritana rada pajeulit jeung metafisika. Ceuk cenah, aya jelema beunghar tapi dina wangun monyet. Ieu monyet ngawujud jelema deui nalika dicium ku anu mikaasihna. Persis siga dongeng puteri nyieum bangkong tea (ieu dongeng model kieu ayeuna, dina tataran tafsirna, geus jadi mata kuliah bisnis di sababaraha paguron luhur di luar nagreg). Cag heula. manAR

