Teu lepat-lepat teuing pamundut teh ......
Malihan mah upami tiasa mangga atuh ka ki kuncen tong bosen ngawawar hakekat 
"visi" lan "misi" anu saleresna jalantaran ayana ieu milis tanapi KUSnet tea 
teh. Kumargi, sigana nya sanes sim kuring wae anu parantos ngaraoskeun manfaat 
ulubiung di ieu babakan. Mung ti ngawitan ngarojong dugi kaayeuna, sapaningali 
mah geuningan sanes sakali dua kali... sanes hiji tanapi dua anu teu salaras 
sareng "visi" lan "misi" anu tos dipedar.

Tapi duka nya teh teuing ... ieu mah mung saukur pamendak ti sim kuring ...... 
Nya mugi-mugi kapayunna mah langkung ageung deui wae ieu manfaatna kanggo warga 
babakan KUSnet teh. Terutami ka urang Sunda anu nyaah tur hoyong tetep 
ngamumule kasundaanana ....... wallahu alam .........

Pangapunten ..........

haturan,
gl
-------------

Dari: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 7:15:30

Ningali pasuliwerna para angota KUSnet ngirimkeun
surelek anu meredih hiji pasualan anu aya pakaitna
jeung Kasundaan, jigana geus wancina upama nyieun hiji
ugeran/patokan pikeun warga KUSnet, pikeun "nguasai'
hiji pangaweruh. Kuring mah nyebutna teh "semacam"
kurikulum. Enya kurikulum jiga perkuliahan. Contona
pama urang hoyong terang perkara Karajaan Sunda
heubeul, buku-buku naon wae anu kudu dibaca. Lamun
hayang ningali basa Sunda anu dipake sapopoe jaman
saeuncan kamerdekaan, baca buku "Rusdi jeung Misnem",
jrrd.

Ku ayana kurikulum ieu, diharepkeun pangaweruh para
warga Kusnet teh,heunteu 'jomplang' pisan. Jeung
deuih, bisa ningkatkeun mutu, dina perkara Kasundaan.
Aya kabanggaan ancrub di babakan KUSnet teh, aya
"nilai lebih".

Cik, kumaha tah upama komentarna, upama aya kurikulum
KUsnet?

baktos,

mrachmat Uidipura
Gawena ngan kukuruyuk, lain kurikulum. 



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke