bade ?
sok atuh bantuan.

-dul-

--- In [email protected], Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Teu lepat-lepat teuing pamundut teh ......
> Malihan mah upami tiasa mangga atuh ka ki kuncen tong bosen 
ngawawar hakekat "visi" lan "misi" anu saleresna jalantaran ayana ieu 
milis tanapi KUSnet tea teh. Kumargi, sigana nya sanes sim kuring wae 
anu parantos ngaraoskeun manfaat ulubiung di ieu babakan. Mung ti 
ngawitan ngarojong dugi kaayeuna, sapaningali mah geuningan sanes 
sakali dua kali... sanes hiji tanapi dua anu teu salaras 
sareng "visi" lan "misi" anu tos dipedar.
> 
> Tapi duka nya teh teuing ... ieu mah mung saukur pamendak ti sim 
kuring ...... 
> Nya mugi-mugi kapayunna mah langkung ageung deui wae ieu manfaatna 
kanggo warga babakan KUSnet teh. Terutami ka urang Sunda anu nyaah 
tur hoyong tetep ngamumule kasundaanana ....... wallahu alam .........
> 
> Pangapunten ..........
> 
> haturan,
> gl
> -------------
> 
> Dari: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 7:15:30
> 
> Ningali pasuliwerna para angota KUSnet ngirimkeun
> surelek anu meredih hiji pasualan anu aya pakaitna
> jeung Kasundaan, jigana geus wancina upama nyieun hiji
> ugeran/patokan pikeun warga KUSnet, pikeun "nguasai'
> hiji pangaweruh. Kuring mah nyebutna teh "semacam"
> kurikulum. Enya kurikulum jiga perkuliahan. Contona
> pama urang hoyong terang perkara Karajaan Sunda
> heubeul, buku-buku naon wae anu kudu dibaca. Lamun
> hayang ningali basa Sunda anu dipake sapopoe jaman
> saeuncan kamerdekaan, baca buku "Rusdi jeung Misnem",
> jrrd.
> 
> Ku ayana kurikulum ieu, diharepkeun pangaweruh para
> warga Kusnet teh,heunteu 'jomplang' pisan. Jeung
> deuih, bisa ningkatkeun mutu, dina perkara Kasundaan.
> Aya kabanggaan ancrub di babakan KUSnet teh, aya
> "nilai lebih".
> 
> Cik, kumaha tah upama komentarna, upama aya kurikulum
> KUsnet?
> 
> baktos,
> 
> mrachmat Uidipura
> Gawena ngan kukuruyuk, lain kurikulum. 
> 
> 
> 
>       
> ________________________________________________________ 
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
> http://id.yahoo.com/
>


Kirim email ke