Rek mairan bari nyanyahoanan.
Kecap Gusti jeung Pangeran (sigana) mangrupakeun kecap asli nu geus aya di
urang ti jaman beheula keneh. Dua kecap eta ngagambarkeun "subjek" anu boga
sifat kawasa jeung luhur. Gusti jeung Pangeran dipake gelar raja, alatan raja
teh kawasa jeung luhur, malah raja cenah mah gantina dewa di dunya.
Kulantaran kitu, nalika kecap "Allah" datang anu boga harti maha kawasa, nya
kecap gusti/pangeran dijadikeun kecap gantina.
Jadi alesanan mah :
1. Kecap eta leuwih dipikaharti ku bangsa urang (harita).
2. Boga harti sarua/mirip/deukeut.
Kitu panginten
Firman
implik-implik :
- lamun teu pas, hampura we da teu nyakola soal basa mah.
Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gusti jeung Pangeran
Dina Alquran tarjamah Sunda nyaeta âAl-Amin Alquran Tarjamah Sundaâ (2000)
aya kecap Gusti jeung Pangeran, urang contoan ku surat bubuka Al-Fatihah,
sabada basmalah: âSagala puji kagungan Alloh, Pangeran nu murbeng alam
sadayaâ. Masih keneh dina surat Alfatihah ayat 5: âMung ka Gusti abdi
sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulungâ. Kitu deui
dina buku âDuâa Hiji Pituduh Sarta Conto-contoâ ku Miftah Farid (1984)
disebutkeun dina duâa tobat: ââ¦..Nun Gusti Pangeran abdi dstâ¦..â.
Dina Kamus umum basa Sunda LBSS (1995) ditulis yen Gusti hartina sesebutan ka
Allah atawa Pangeran, Gusti Allah, Gusti Nu Maha Suci. Jadi dina basa Sunda
geus teu bireuk deui mun nKecapyebut Gusti atawa Pangeran eta maksudna Tuhan,
Mu, Nya, dina basa Indonesia. Jigana sarua jeung âRobbâ dina basa Arab.
Sihoreng dina basa Jawa atawa di tanah Jawa, aya oge kecap Gusti atawa
Pangeran dipake keur ngaganti jenengan Allah SWT, anu paling populer kalimat
basa Jawa: âGusti Allah ora sareâ atawa Cak Nun nyebutkeun yen: âGusti
Allah ora ndesoâ. Sesebutan Gusti oge lain keur husus urang Islam bae
(hanjakal di kuring teu nyampak Bibel tarjamahan basa Sunda) tapi urang Nasrani
oge make ieu kecap Gusti keur gaganti Tuhan dina basa Indonesia. Dina ceramah
agama Kristen nu make basa Sunda di salah sahiji TV aya kekecapan âGusti
Yesusâ. Kitu deui dina luhureun gapura kaluar ti Rumah Sakit Immanuel (ayeuna
aya keneh kitu?) aya plang make kecap-kecap: âKu sakitu mikanyaahna Gusti ka
alam dunyaâ¦jstâ
Lamun arek ditengetan nu darareukeut bae dina Wikipedia basa Indonesia
disebutkeun yen Gusti teh nyaeta gelar kabangsawanan anu umumna dipimilik ku
karajaan-karajaan di Indonesia anu meunang pangaruh ti karajaan-karajaan di
Pulo Jawa. Disebutkeun oge yen hartina Gusti teh âTuanâ atawa âTuan
Putriâ. Nepika danget ieu masih keneh dipake keur teureuh bangsawan, contona
di Bali, Yogyakarta, Surakarta, Banjarmasin, Kotawaringin Barat, Landak, jst.
Urang contoan bae, I Gusti Ngurah Rai, Gusti Iskandar Sukma Alamsyah, Gusti
Suriansyah, jrrd. Malahan waktu kuring ngumbara di Kalimantan kungsi boga
tatangga make ngaran gusti, nyaeta Gusti Peansyah. Ari Pangeran mah jeung
Kanjeng cenah eta mah gelar kabangsawanan Jawa nu dibikeun keur katurunan
ningrat nu loba jasana keur karajaan, Contona Kanjeng Pangeran Harya.
Di tanah Sunda mah asa can manggihan gelar kabangsawanan anu make gelar Gusti
(benerkeun mun kuring salah), tapi ari Pangeran mah aya contona: Pangeran
Kornel, Pangeran Kusumah Adinata, Pangeran Rangga Gempol, Pangeran Geusan Ulun
tina âKehidupan Kaum Menak Priangan 1800-1942â ku DR. Nina H. Lubis (1998).
Salian ti eta urang sok ngadangu kalimat âKanjeng Nabi Muhammad SAWâ, atawa
âBaginda Muhammad SAW, oge âBagenda Aliâ keur Sahabat rasul Ali Bin
Abuthalib KW.
Nu jadi âpertanyaanâ naon sababna ari urang Sunda â atawa oge urang Jawa
- kecap Gusti atawa Pangeran dipake keur jenengan Allah SWT? Sedengkeun asalna
mah ngan saukur keur gelar kabangsawanan. Naha kekecapan Gusti jeung Pangeran
ngarupakeun âkorbanâ tina Undak Usuk Basa Sunda (UUBS) atawa tina unggah
ungguh basa Jawa. Naha dina basa Arab oge aya UUBA? (Undak Usuk Basa Arab,
he,he,he). Bantuan dulur! Cag heula.
Wassalam
Pun Eman
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com