Rek mairan bari nyanyahoanan.

Kecap Gusti jeung Pangeran (sigana) mangrupakeun kecap asli nu geus aya di 
urang ti jaman beheula keneh. Dua kecap eta ngagambarkeun "subjek" anu boga 
sifat kawasa jeung luhur. Gusti jeung Pangeran dipake gelar raja, alatan raja 
teh kawasa jeung luhur, malah raja cenah mah gantina dewa di dunya.
Kulantaran kitu, nalika kecap "Allah" datang anu boga harti maha kawasa, nya 
kecap gusti/pangeran dijadikeun kecap gantina. 
Jadi alesanan mah :
1. Kecap eta leuwih dipikaharti ku bangsa urang (harita).
2. Boga harti sarua/mirip/deukeut.

Kitu panginten
Firman



implik-implik :
- lamun teu pas, hampura we da teu nyakola soal basa mah.



Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
 Gusti jeung Pangeran
 
 
 Dina Alquran tarjamah Sunda nyaeta “Al-Amin Alquran Tarjamah Sunda” (2000) 
aya kecap Gusti jeung Pangeran, urang contoan ku surat bubuka Al-Fatihah, 
sabada basmalah: ”Sagala puji kagungan Alloh, Pangeran nu murbeng alam 
sadaya”. Masih keneh dina surat Alfatihah ayat 5: ”Mung ka Gusti abdi 
sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung”. Kitu deui 
dina buku “Du’a Hiji Pituduh Sarta Conto-conto” ku Miftah Farid (1984) 
disebutkeun dina du’a tobat: “…..Nun Gusti Pangeran abdi dst…..”. 
Dina Kamus umum basa Sunda LBSS (1995) ditulis yen Gusti hartina sesebutan ka 
Allah atawa Pangeran, Gusti Allah, Gusti Nu Maha Suci. Jadi dina basa Sunda 
geus teu bireuk deui mun nKecapyebut Gusti atawa Pangeran eta maksudna Tuhan, 
Mu, Nya, dina basa Indonesia. Jigana sarua jeung “Robb” dina basa Arab.
 
 
 Sihoreng dina basa Jawa atawa di tanah Jawa, aya oge kecap Gusti atawa 
Pangeran dipake keur ngaganti jenengan Allah SWT, anu paling populer kalimat 
basa Jawa: “Gusti Allah ora sare” atawa Cak Nun nyebutkeun yen: “Gusti 
Allah ora ndeso”. Sesebutan Gusti oge lain keur husus urang Islam bae 
(hanjakal di kuring teu nyampak Bibel tarjamahan basa Sunda) tapi urang Nasrani 
oge make ieu kecap Gusti keur gaganti Tuhan dina basa Indonesia. Dina ceramah 
agama Kristen nu make basa Sunda di salah sahiji TV aya kekecapan “Gusti 
Yesus”. Kitu deui dina luhureun gapura kaluar ti Rumah Sakit Immanuel (ayeuna 
aya keneh kitu?) aya plang make kecap-kecap: ”Ku sakitu mikanyaahna Gusti ka 
alam dunya…jst”
 
 
 Lamun arek ditengetan nu darareukeut bae dina Wikipedia basa Indonesia 
disebutkeun yen Gusti teh nyaeta gelar kabangsawanan anu umumna dipimilik ku 
karajaan-karajaan di Indonesia anu meunang pangaruh  ti karajaan-karajaan di 
Pulo Jawa. Disebutkeun oge yen hartina Gusti teh “Tuan” atawa “Tuan 
Putri”. Nepika danget ieu masih keneh dipake keur teureuh bangsawan, contona 
di Bali, Yogyakarta, Surakarta, Banjarmasin, Kotawaringin Barat, Landak, jst. 
Urang contoan bae, I Gusti Ngurah Rai, Gusti Iskandar Sukma Alamsyah, Gusti 
Suriansyah, jrrd. Malahan waktu kuring ngumbara di Kalimantan kungsi boga 
tatangga make ngaran gusti, nyaeta Gusti Peansyah. Ari Pangeran mah jeung 
Kanjeng cenah eta mah gelar kabangsawanan Jawa nu dibikeun keur katurunan 
ningrat nu loba jasana keur karajaan, Contona Kanjeng Pangeran Harya.
 
 
 Di tanah Sunda mah asa can manggihan gelar kabangsawanan anu make gelar Gusti 
(benerkeun mun kuring salah), tapi ari Pangeran mah aya contona: Pangeran 
Kornel, Pangeran Kusumah Adinata, Pangeran Rangga Gempol, Pangeran Geusan Ulun 
tina “Kehidupan Kaum Menak Priangan 1800-1942” ku DR. Nina H. Lubis (1998). 
Salian ti eta urang sok ngadangu kalimat “Kanjeng Nabi Muhammad SAW”, atawa 
“Baginda Muhammad SAW, oge “Bagenda Ali” keur Sahabat rasul Ali Bin 
Abuthalib KW.
 
 
 Nu jadi “pertanyaan” naon sababna ari urang Sunda – atawa oge urang Jawa 
- kecap Gusti atawa Pangeran dipake keur jenengan Allah SWT? Sedengkeun asalna 
mah ngan saukur keur gelar kabangsawanan. Naha kekecapan Gusti jeung Pangeran 
ngarupakeun “korban” tina Undak Usuk Basa Sunda (UUBS) atawa tina unggah 
ungguh basa Jawa. Naha dina basa Arab oge aya UUBA? (Undak Usuk Basa Arab, 
he,he,he). Bantuan dulur! Cag heula.
 Wassalam
 Pun Eman
 

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers
     
                               

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke