Ilaharna di Korea ;
Saparantos aya kasaluyuan ngawangun rumah tangga ti dua pihak.
Salajengna sepuh-sepuh ti dua pihak badanten kanggo nangtoskeun dinten
kawinan,
pendakna cekap di Coffee Shop, Cafe atanapi restoran.
Sateu acan dinten kawinan, pihak panganten pameget seserahan ka panganten
istri
mangrupi bahan piacukeun kanggo sadaya kaluarga pihak panganten istri,
perhiasan ssjb.
Acara kawinan ilaharna diayakeun di "bale pernikahan" (Balai Perkawinan/bhs.
Korea ;
Yesik chang), unggal "Ye sik chang" ngagaduhan rohangan kanggo acara kawinan
anu disaksian ku para ondangan, gaduh rohangan kanggo acara kawin tradisional
(kanggo acara kawinan adat, nganggo pakean adat) ngagaduhan restoran.
Beres acara akad nikah (upami diurang mah), ondangnan kantun turun atanapi
naek ka restoranana kanggo tuang. Panganten mah ka rohangan acara kawin
tradisional, kanggo ngajalankeun acara adat, teras nepangan ondangan direstoran
kanggo nganuhunkeun.
Tos kitu mah panganten ngabiur ka bumi panganten lalaki kanggo nyandak pakean
bekel
bulan madu, lajeng nuju ka bandara atanapi statsion upami henteu ka terminal
beus,
kumaha kamapuanana, aya nu kaluar nagreg aya anu katempat wisata, ngajalankeun
bulan madu.
Peryogi kauninga waragad kanggo ngajamu tuang, biayana tina panyambungan para
ondangan.
Dina rumah tangga salajengna, tos jadi tradisi di Korea, panganten lalaki
kedah nyadiakeun
bumi (panganjrekkan), eta bumi/panganjrekkan tiasa mangrupi bumi sepuh pihak
lalaki (ngahiji sareng sepuhna), meser bumi/apartemen, ngontrak bumi atanapi
mung saukur nyewa kamar. Sawangsulna pihak istri kedah nyayagikeun barang
kanggo eusi eta bumi sapertos alat rumah tangga, TV, kulkas, lomari sareng
sajabina.
Upami eta panganten ngahiji sareng sepuh pihak lalaki, panganten istri gaduh
kawajiban
ngurus kapeyogian sadata pangeusi eta bumi, kayaning tuangeun,
nyeseuh/ngistrika,
beberes bumi sareng sajabina, nyakitu deui upami panganten lalaki tikulawargi
patani,
beres padamelan dibumi gaduh kawajiban nganteuran ka sawah/kebon diteraskeun
mantuan padamelan di kebon/sawah.
(Ieu mah sanes nyingsieunan ka wanoja anu gaduh beubeureuh urang
Korea....heuheuheu)
Eta tradisi masih keneh dijalankeun di Korea dugi ka danget ieu.
Pihatur,
ssw
waluya56 [EMAIL PROTECTED]
Minggu kamari, sore-sore kakara ge datang ti pagawean, si Bungsu
gegerewekan, ngabejaan aya semah dihareup. Bari rada hoream, da cape
keneh, kuring nyampeurkeun ka ruang tamu. Kasampak si Tamu keur
nangtung we, kuring neuteup bari rada bingung sabab teu wawuh.
Kuring nyolongkrong nyampeurkeun, ngasongkeun leungeun ngajak
sasalaman, bari terus diteuteup, saha ieu teh. Nempo kuring siga nu
bingung, manehna ngomong: Poho deui nya?, poho deui nya?". bari
belenyeh seuri.
Gebeg teh, kuring apal kana kerut seurina, "Ieu teh Oo nya?"
"Enya!", cenah bari sasalaman, lengeunna nyekeul leungeun kuring
mani pageuh pisan.
Si Oo teh sobat kuring keur di SD waktu di Lembur ngan waktu
nuluykeun sakola, kuring mah ka SMP manehna ka ST (sakola Teknik
Pertama). Lulus ti ST, manehna teu nuluykeun deui sakola, tapi muka
bengkel mobil jeung bapana. Sanggeus papisah ti SD kuring jarang
papanggih jeung manehna teh, komo sanggeus kuring sakola jeung
digawe di Bandung mah, tara papanggih pisan.
Nya ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila manehna nyebutkeun
pamaksudanana, cenah salian ngahaja hayang papanggih tapi oge aya
perlu menta tulung, rek nginjeum duit. Kuring rada kerung, ari kana
diinjeuman mah ..hehehe, heueuh maklum da kuring oge lain jalma nu
lubak-libuk duit. Manehna nyaritakeun boga hutang gede, urut
ngawinkeun anak-anakna, tepi ka imahna arek dijabel kunu
nginjeumkeun.
"Na atuh ngawinkeun teu kira-kira teuing?", Ceuk kuring teh. Manehna
ukur ngaheruk, pajarkeun hayang nyugemakeun anak-anakna. Kaciri
beungeutna sedih. Kuring milu sedih ... tapi teu bisa ari kudu mere
nginjeum duit gede-gede mah. Waktu manehna pamitan, kuring ukur bisa
mekelan we ka manehna teh.
Balik manehna, kuring jadi malaweung, heueuh eta ku masalah
NGAWINKEUN, kuring oge boga budak awewe dua urang. Jaga, lamun umur
panjang, meureun kuring oge kudu ngawinkeun. Nu matak wegah teh, eta
geuning KAWIN di urang mah BIAYANA gede pisan. Biaya ieu lain biaya
ka KUA, tapi biaya pestana.
Ceuk pamikiran kuring, cara ngawinkeun model kieu,
sabenerna "PEMBOROSAN". Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake
meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak
dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi
sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu.
Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah
kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu
pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring
sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu
dipestakeun.
Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor-
joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa,
lain kalangan elite (kaum selebriti) ....
Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin
bangsa batur?
Baktos,
WALUYA
Recent Activity
9
New Members
1
New Files
Visit Your Group
Y! Messenger
Instant hello
Chat over IM with
group members.
New business?
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Health & Fitness
on Yahoo! Groups
Useful info for the
health conscious.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda