Jadi resep atuh saha nu teu hayang boga pamajikan urang Korea atanapi Jepang ari kieu mah...geuningan tos biasa..Naha ari didieu ngilu ka Mertua kalahka Mertua anu nyeuseuh bajuna....Wanoja urang ogo atanapi diogo ?
On 12/5/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ilaharna di Korea ; > Saparantos aya kasaluyuan ngawangun rumah tangga ti dua pihak. > Salajengna sepuh-sepuh ti dua pihak badanten kanggo nangtoskeun dinten > kawinan, > pendakna cekap di Coffee Shop, Cafe atanapi restoran. > Sateu acan dinten kawinan, pihak panganten pameget seserahan ka panganten > istri > mangrupi bahan piacukeun kanggo sadaya kaluarga pihak panganten istri, > perhiasan ssjb. > > Acara kawinan ilaharna diayakeun di "bale pernikahan" (Balai > Perkawinan/bhs. Korea ; > Yesik chang), unggal "Ye sik chang" ngagaduhan rohangan kanggo acara > kawinan anu disaksian ku para ondangan, gaduh rohangan kanggo acara kawin > tradisional (kanggo acara kawinan adat, nganggo pakean adat) ngagaduhan > restoran. > > Beres acara akad nikah (upami diurang mah), ondangnan kantun turun atanapi > naek ka restoranana kanggo tuang. Panganten mah ka rohangan acara kawin > tradisional, kanggo ngajalankeun acara adat, teras nepangan ondangan > direstoran kanggo nganuhunkeun. > Tos kitu mah panganten ngabiur ka bumi panganten lalaki kanggo nyandak > pakean bekel > bulan madu, lajeng nuju ka bandara atanapi statsion upami henteu ka > terminal beus, > kumaha kamapuanana, aya nu kaluar nagreg aya anu katempat wisata, > ngajalankeun > bulan madu. > > Peryogi kauninga waragad kanggo ngajamu tuang, biayana tina panyambungan > para > ondangan. > > Dina rumah tangga salajengna, tos jadi tradisi di Korea, panganten lalaki > kedah nyadiakeun > bumi (panganjrekkan), eta bumi/panganjrekkan tiasa mangrupi bumi sepuh > pihak lalaki (ngahiji sareng sepuhna), meser bumi/apartemen, ngontrak bumi > atanapi mung saukur nyewa kamar. Sawangsulna pihak istri kedah nyayagikeun > barang kanggo eusi eta bumi sapertos alat rumah tangga, TV, kulkas, lomari > sareng sajabina. > Upami eta panganten ngahiji sareng sepuh pihak lalaki, panganten istri > gaduh kawajiban > ngurus kapeyogian sadata pangeusi eta bumi, kayaning tuangeun, > nyeseuh/ngistrika, > beberes bumi sareng sajabina, nyakitu deui upami panganten lalaki > tikulawargi patani, > beres padamelan dibumi gaduh kawajiban nganteuran ka sawah/kebon > diteraskeun > mantuan padamelan di kebon/sawah. > (Ieu mah sanes nyingsieunan ka wanoja anu gaduh beubeureuh urang > Korea....heuheuheu) > > Eta tradisi masih keneh dijalankeun di Korea dugi ka danget ieu. > > Pihatur, > ssw > > *waluya56 [EMAIL PROTECTED] > > Minggu kamari, sore-sore kakara ge datang ti pagawean, si Bungsu > gegerewekan, ngabejaan aya semah dihareup. Bari rada hoream, da cape > keneh, kuring nyampeurkeun ka ruang tamu. Kasampak si Tamu keur > nangtung we, kuring neuteup bari rada bingung sabab teu wawuh. > Kuring nyolongkrong nyampeurkeun, ngasongkeun leungeun ngajak > sasalaman, bari terus diteuteup, saha ieu teh. Nempo kuring siga nu > bingung, manehna ngomong: Poho deui nya?, poho deui nya?". bari > belenyeh seuri. > > Gebeg teh, kuring apal kana kerut seurina, "Ieu teh Oo nya?" > "Enya!", cenah bari sasalaman, lengeunna nyekeul leungeun kuring > mani pageuh pisan. > > Si Oo teh sobat kuring keur di SD waktu di Lembur ngan waktu > nuluykeun sakola, kuring mah ka SMP manehna ka ST (sakola Teknik > Pertama). Lulus ti ST, manehna teu nuluykeun deui sakola, tapi muka > bengkel mobil jeung bapana. Sanggeus papisah ti SD kuring jarang > papanggih jeung manehna teh, komo sanggeus kuring sakola jeung > digawe di Bandung mah, tara papanggih pisan. > > Nya ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila manehna nyebutkeun > pamaksudanana, cenah salian ngahaja hayang papanggih tapi oge aya > perlu menta tulung, rek nginjeum duit. Kuring rada kerung, ari kana > diinjeuman mah ..hehehe, heueuh maklum da kuring oge lain jalma nu > lubak-libuk duit. Manehna nyaritakeun boga hutang gede, urut > ngawinkeun anak-anakna, tepi ka imahna arek dijabel kunu > nginjeumkeun. > > "Na atuh ngawinkeun teu kira-kira teuing?", Ceuk kuring teh. Manehna > ukur ngaheruk, pajarkeun hayang nyugemakeun anak-anakna. Kaciri > beungeutna sedih. Kuring milu sedih ... tapi teu bisa ari kudu mere > nginjeum duit gede-gede mah. Waktu manehna pamitan, kuring ukur bisa > mekelan we ka manehna teh. > > Balik manehna, kuring jadi malaweung, heueuh eta ku masalah > NGAWINKEUN, kuring oge boga budak awewe dua urang. Jaga, lamun umur > panjang, meureun kuring oge kudu ngawinkeun. Nu matak wegah teh, eta > geuning KAWIN di urang mah BIAYANA gede pisan. Biaya ieu lain biaya > ka KUA, tapi biaya pestana. > > Ceuk pamikiran kuring, cara ngawinkeun model kieu, > sabenerna "PEMBOROSAN". Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake > meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak > dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi > sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. > > Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah > kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu > pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring > sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu > dipestakeun. > > Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor- > joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, > lain kalangan elite (kaum selebriti) .... > > Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin > bangsa batur? > > Baktos, > WALUYA > > . > > > > > http://cikundul3.multiply.com > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda* > > >

