Ngiring ulubiung perkawis asal muasal Karawang. Leres anu disaurkeun ku Teh Roro yen asal muasal kecap Karawang tina "karawang" anu hartosna sami sareng karancang, nyaeta kaen anu didamel tina bola (benang)mirip anyaman. Ieu nu leres, sanes Krawang atanapi Kerawang,hal eta dianggo margi struktur taneuh di Karawang teh estu karancang, sapalih padet sapalih rawa tina akibat seueurna muara sareng aliran citarum. Kanggo referensi ngeunaan Karawang saleresna aya hiji tokoh alm. Martasasmita anu tos nyusun sajarah Karawang, di Bandung aya salah sawios putrana nyaeta Rd. Wawan Gunawan Martasasmita anu janten dosen di LPTI Panghegar Insya Allah anjeuna tiasa masihan informasi anu langkung eces.

