assalamu'alaikum 
sampurasun!
nepangkeun simkuring wasta pun ilham nurwansah, pami nenehna mah nya sami we 
(ilham), kawit mah ti Cianjur namung ayeuna nuju dina lalampahan nyiar 
pangaweruh ngeunaan kasundaan di UPI jurusan basa Sunda, tingkat 1.Simkuring 
aya ku kataji ka Kang Dian TN anu parantos naratas aksara Sunda sangkan tiasa 
dianggo dina komputer oge ka Kang Everson anu parantos ngarojong dina 
ngajengkeun proposalna. Tah dina usaha ngarojong Kang Dian saparakanca 
simkuring ge hoyong ngiring aub kana widang ngadesain font-na kana rupi-rupi 
model. margi anu parantos kauningan ku wargi kusnet nembe dua model, sanes 
kitu? ngalagena.ttf sareng pakuanlatin.otf, nya simkuring ge parantos ngadamel 
sababara model anu upami kaetang hade mah nya teu acan panginten, pan simkuring 
ge lelengkah halu keneh ari kana teknologi mah.. tapi nya mugi simkuring tiasa 
ngarojong dina ngamekarkeun aksara Sunda husuna dunia komputerisasi...kitu 
cenah, dugi ka ayeuna simkuring rutin ninggal perkembangan
 kumaha-kumahana aksara Sunda ku browsing sareng ku ngirirngan ieu milis, mugi 
Kang Dian atanapi nu sanesna tiasa ngabantosan simkuring nu gaduh pamaksadan 
kieu.hatur nuhun!


      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke