Waâlaykum salaam, Wilujeng tepang kang Ilham. Hatur nuhun pangrojongna. Saé pami tiasa dipedar tah font anu didesain ku kang Ilham.
Salam, Dian. On 06/12/2007, ilham nurwansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: assalamu'alaikum sampurasun! nepangkeun simkuring wasta pun ilham nurwansah, pami nenehna mah nya sami we (ilham), kawit mah ti Cianjur namung ayeuna nuju dina lalampahan nyiar pangaweruh ngeunaan kasundaan di UPI jurusan basa Sunda, tingkat 1.Simkuringaya ku kataji ka Kang Dian TN anu parantos naratas aksara Sunda sangkan tiasa dianggo dina komputer oge ka Kang Everson anu parantos ngarojong dina ngajengkeun proposalna. Tah dina usaha ngarojong Kang Dian saparakanca simkuring ge hoyong ngiring aub kana widang ngadesain font-na kana rupi-rupi model. margi anu parantos kauningan ku wargi kusnet nembe dua model, sanes kitu? ngalagena.ttf sareng pakuanlatin.otf, nya simkuring ge parantos ngadamel sababara model anu upami kaetang hade mah nya teu acan panginten, pan simkuring ge lelengkah halu keneh ari kana teknologi mah.. tapi nya mugi simkuring tiasa ngarojong dina ngamekarkeun aksara Sunda husuna dunia komputerisasi...kitu cenah, dugi ka ayeuna simkuring rutin ninggal perkembangan kumaha-kumahana aksara Sunda ku browsing sareng ku ngirirngan ieu milis, mugi Kang Dian atanapi nu sanesna tiasa ngabantosan simkuring nu gaduh pamaksadan kieu.hatur nuhun!

