Operator A ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Operator B ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Janten pangaosna sami awisna. Dina hal operator A nawiskeun ka palanggan pangaos anu langkung mirah ti operator B, aya kamungkinan operator A ngabagi bandwidth ka sajumlah palanggan anu langkung seueur. Akibatna bandwidth anu ditampi ku palanggan langkung sakedik sareng tiasa wae koneksina janten kaganggu akibatna kualitasna langkung awon.
Koncina mah Indonesia kedah gaduh alternatif sanes kanggo ngagaleuh bandwidth, ulang ti Singapura hungkul. Tiasa Ti Australia sareng nagara sanesna. Mung kedah aya heula infrastruktur serat optik anu ngait ka Australia atanapi ka nagara sanesna sajabi ti ka Singapura. Ayeuna sim kuring saparakanca nuju ngadamel standar kualitas pelayanan jasa akses internet dialup sareng broadband access kanggo para operator internet, anu "ditentang" (naon tah Sundana) ku Telkom tapi disatujuan ku YLKI sareng APJII katut AWARI sarta sajumlah palanggan. Mudah-mudahan taun payun ieu garapan tiasa rengse. Salam, Aschev Schuraschev ----- Original Message ---- From: aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 6, 2007 8:02:35 AM Subject: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR...Lomba Keur Pemd Kapayun anu bakal rame sigana harga akses internet pamurah-murah kang, dijakarta mah tos aya anu mirah pisan namina upami teulepat FIRSTNet kitu asana mah sagrup sareng kabel vision harga asana mah 99 rebu anu paling mirah unlimit deui, ari saur rerencangan anu tos masang mah ngaberetek cenah aksesna ?????? tanda tanya maksadna mah teu acan nyobian...kitu deui dibogor anu unlimit tadinya 350.000 ayeuna janten 200.000 rebu....... Mudah-mudahan akses internet bisa langkung mirah deui jeung ulah hilap dibarengan ku servicena nu sae. Baktos ERN On Dec 4, 2007 9:44 PM, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote: > > Aya beja anyar perkara akses ka internet. kamari batur > kuring nawaran hiji buku hargana 100 rebu, anu eusina > medarkeun cara nyambung ka internet, make hp, kalayan > heunteu "ngorowotan" pulsa hp. Aya sababaraha urang > anu tos ngabuktikeun cara ieu. Kahareup sigana usaha > akses ka internet moal pati rame. > > baktos, > > mrachmatrawyani > anu sok iinternetanana di kantor. ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

