Hatur nuhun informasina kang. Rupina urang ayeuna kedah langkung seueur ngadamel content & services lokal nu kreatip. Margi salah sawios nu ngajantenkeun bandwidth awis teh sabab urang seueur ngakses situs2 luar negeri.
Contona we upame urang chatting via YM, padahal sareng rencang saruangan di kantor, apanan kedah lumpat heula ka server yahoo di luar negeri. Ayeuna upami jutaan user internet indonesia chatting, tos sbrheun tah bandwidth nu kaanggo. Teu acan anu nge-blog, ngawiki, facebook, friendster, jsb... Padahal eta pisan nu janten primadona di urang tur jutaan memberna. Pugug ari google search mah, oge nu garaduh email di yahoo, apanan bandwidth ka luar negeri sadaya. Nu tiasa janten solusi supados bandwidth rada hemat, nyaeta salah sawiosna urang kedah ngaoptimalkeun & kreasi content2 lokal tea, anu dihosting di nagara urang keneh. Ngeunaan hal ieu tangtos peryogi dukungan di elemen2 ICT di urang, utamina pamarentah salaku regulator. Hiji lengkah positip nu nuju dipidamel ku Kang Aschev saparakanca, diantos we informasi detail & hasilna. Mugia lancar. Baktos, Ahmad NR ----------------------------------------- Powered by Telkomsel-BlackBerry® -----Original Message----- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> Date: Thu, 6 Dec 2007 01:53:06 To:[email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR...Lomba Keur Pemd Operator A ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Operator B ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Janten pangaosna sami awisna. Dina hal operator A nawiskeun ka palanggan pangaos anu langkung mirah ti operator B, aya kamungkinan operator A ngabagi bandwidth ka sajumlah palanggan anu langkung seueur. Akibatna bandwidth anu ditampi ku palanggan langkung sakedik sareng tiasa wae koneksina janten kaganggu akibatna kualitasna langkung awon. Koncina mah Indonesia kedah gaduh alternatif sanes kanggo ngagaleuh bandwidth, ulang ti Singapura hungkul. Tiasa Ti Australia sareng nagara sanesna. Mung kedah aya heula infrastruktur serat optik anu ngait ka Australia atanapi ka nagara sanesna sajabi ti ka Singapura. Ayeuna sim kuring saparakanca nuju ngadamel standar kualitas pelayanan jasa akses internet dialup sareng broadband access kanggo para operator internet, anu "ditentang" (naon tah Sundana) ku Telkom tapi disatujuan ku YLKI sareng APJII katut AWARI sarta sajumlah palanggan. Mudah-mudahan taun payun ieu garapan tiasa rengse. Salam, Aschev Schuraschev ----- Original Message ---- From: aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 6, 2007 8:02:35 AM Subject: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR...Lomba Keur Pemd Kapayun anu bakal rame sigana harga akses internet pamurah-murah kang, dijakarta mah tos aya anu mirah pisan namina upami teulepat FIRSTNet kitu asana mah sagrup sareng kabel vision harga asana mah 99 rebu anu paling mirah unlimit deui, ari saur rerencangan anu tos masang mah ngaberetek cenah aksesna ?????? tanda tanya maksadna mah teu acan nyobian...kitu deui dibogor anu unlimit tadinya 350.000 ayeuna janten 200.000 rebu....... Mudah-mudahan akses internet bisa langkung mirah deui jeung ulah hilap dibarengan ku servicena nu sae. Baktos ERN On Dec 4, 2007 9:44 PM, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com <mailto:mrachmatrawyani%40yahoo.com> > wrote: > > Aya beja anyar perkara akses ka internet. kamari batur > kuring nawaran hiji buku hargana 100 rebu, anu eusina > medarkeun cara nyambung ka internet, make hp, kalayan > heunteu "ngorowotan" pulsa hp. Aya sababaraha urang > anu tos ngabuktikeun cara ieu. Kahareup sigana usaha > akses ka internet moal pati rame. > > baktos, > > mrachmatrawyani > anu sok iinternetanana di kantor. ---------------- Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. <http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

