Dua Hikayat Pakait Jeung Sahadat
   
  Hikayat I : Salametna Hiji Awewe
   
  Hiji waktos, Abu Zaid Al Qurthubi diulem tuang ka hiji majelis. Tetela 
majelis nu leubeut ku jalmi-jalmi nu laluhung elmu, iman, sareng takwana. Di 
antawisna, hiji nonoman nu kawentar ahli kasyaf. Ieu nonoman remen ngadugikeun 
kasyafna ngeunaan sawarga sareng naraka. Dalah Abu Zaid kuanjeun ngangken kana 
kaluhungan elmu kasyaf ieu nonoman.
   
  Nuju aranteng tuang leueut bari gunem catur, teu angin teu kucuprak, nonoman 
nu kakoncara ahli kasyaf tadi ujug-ujug ngagorowok sataker kebek: “Ema! Ema! 
Pun biang dilentab seuneu naraka! Pun biang diduruk seuneu naraka!”. Kituna 
teh, eta gorowok teh sanes sakali dua kali. Tapi sabaraha kali. Atuh, majelis 
teh gujrud. Pahibut ngarerepeh si nonoman, nu teras ajrug-ajrugan. Meh sadaya 
nu sumping satekah-polah narekahan eta kaayaan. Nanging, sanaos nu narekahan 
eta laluhung elmuna, jembar katiasana, nu kausap kasyaf teu tiasa diupahan. 
Ma’lum, nu katingal ku anjeunna tuang ibuna ku anjeunna. Meh sapoe jeput eta 
nonoman adug lajer dirongrong kasyafna.
   
  Satengahing nu sanes pahibut ngalelemu nu nuju katiban kasyaf, Abu Zaid 
ngawiridkeun kalimah la ilaha illallah tujuh puluh rewu kali dina lebet manah. 
Ditutup ku do’a: Ya, Allah mugia aosan sahadat tadi janten panebus indung budak 
ieu.
   
  Rengse Abu Zaid mapatkeun do’ana, si nonoman ngorejat bari kuram-kireum. 
“Alhamdulillah, pun biang tos salamet...Astagfirullah”.
   
  (Catetan: Dina ieu hikayat disebutkeun, yen Abu Zaid ngamalkeun wirid la 
ilaha illallah 70.000 kali kangge kasalemetan dirina oge kulawargana. Ceuk eta 
hikayat, hujah amalan Abu Zaid hiji hadis nu nyebutkeun yen sing saha nu maca 
kalimah la ilaha illallah 70.000 kali, sakali wiridan, bakal disalametkeun tina 
seuneu naraka).
   
  Hikayat II: Thawafna Hiji Pandita
   
  Hiji waktos, Imam Syafi’i ningal hiji pandita Nasrani nuju thawaf. Teu 
weudeu, anjeunna rada kerung. Na, aya naon eta pandita ngadon thawaf? Rengse nu 
thawaf, Imam Syafi’i naros. “Naon nu nyababkeun anjeun ninggalkeun agama 
karuhun anjeun?,” saur Imam Syafi’i. Derekdek eta pandita nyarioskeun 
pangalamannana:
   
  Dina hiji aangkatan, kapal nu ditumpakan ku anjeunna paburantak ditonjok 
ombak sareng angin. Kersaning nu Maha Wenang, nuju gupuy-gapay ngaleupaskeun 
anjeun tina pangbekep cai, aya hiji papan ngambang teu tebih ti anjeunna. Eta 
papan dirawel ku anjeunna, sok nangkodkeun anjeun dina eta papan. 
   
  Saatos lami dibubakbabuk ombak, ahirna eta papan nu ditangkodan ku pandita 
tadi nyangsaya di hiji basisir. “Alhamdulillah, eta pulo reuteum ku tatangkalan 
bari buahna laleubeut. Dupi buahna haripu temen sareng aramis alahbatan madu,” 
saur eta pandita. Atuh anjeunna teu dugi ka kakirangan tuangeun. Pon kitu deui 
kanggo kulem. Anjeunna ngamangpaatkeun tatangkalan nu aya di dinya janten sepen.
   
  Ngan, mangsa wengi tos cunduk, mangsa anjeunna tos reupreupan bade kulem, 
dumadakan eta pandita teh nguping nu kukucuprakan di palebah laut. Ana 
ditengetan, aya nu jujuringkangan. Hiji mahluk nu duka naon namina: Huluna siga 
manuk kasuari, beungeutna beungeut manusa, sukuna siga suku onta, dina tonggong 
jeung biritna nemplok sirip teu beda ti sirip lauk. 
   
  Eta mahluk ngadedod ka basisir, nyaketan hiji rungkun teu tebih ti tangkal nu 
diangge kulem ku eta pandita.  “Sim kuring kacida sieunna,” saur pandita. Nu 
matak aheng, saatos ditengetan, eta mahluk teh teu weleh wiridan. La ilaha 
illallahul ghaffar, muhammad rasulullah annabiyul mukhtar. Ti mimiti 
kukucuprakan di laut, kalimah eta nu diwiridkeun ku si mahluk.
   
  Awahing ku sieun, pandita lungsur tina tangkal nu janten pangrerebannana. 
Berebet lumpat, seja nyingkahan eta mahluk. Ngan, nembe ge sabaraha lengkah si 
mahluk karah ngagorowok. “Eureun! Mun heunteu, andika binasa!,” ceuk si mahluk. 
Atuh, pandita ge murungkut. Ngalirenkeun lengkahna.
   
  Pek si mahluk ngadedod deui nyaketan si pandita. 
  “Naon agama maneh?,” ceuk eta mahluk, saatos aya di payuneun pandita.
  “Nasrani,” saur pandita.
  “Cilaka andika, he jalma nu rugi! Geura balik kana Islam, sabab ayeuna maneh 
aya di wewengkon jin-jin mu’min. Maneh moal salamet mun lain muslim”.
  “Kumaha carana abdi jadi Islam?”.
  “Maca asyhadu an laa ilaha illallah, wa asyhadu anna muhammad rasulullah”.
   
  Pandita langsung maos syahadat nu dicontokeun ku eta mahluk. 
   
  Rengse ngislamkeun pandita, si mahluk nalek:
  “Andika teh rek terus cicing di dieu atawa rek mulang ka lembur?”.
  “Sim kuring hoyong wangsul ka lembur, hawatos ka pun biang sareng pun bapa,” 
saur pandita.
  “Nya, tungguan bae. Engke aya kapal nu mawa andika mulang,” ceuk si mahluk, 
bari terus ngaleos. Mulang deui ka laut.
   
  Eta mahluk masih keneh katingal mangsa ti tengah laut nyuruwuk hiji kapal 
ngadeukeutan basisir tempat si pandita hookeun. Eta kapal terus mipir ka 
basisir sanggeus digorowokan ku eta pandita. 
   
  Kersaning Allah, di eta kapal aya 12 urang Nasrani. “Saatos sim kuring 
nyarioskeun pangalaman nu karandapan di eta pulo, salosin nasoro teh ngaragem 
Islam,” saur pandita nu janten muallaf eta.
   
   
  (Diropea tina ingetan, dumasar hikayat-hikayat nu aya dina kitab Irsyadul 
Ibaad ila Sabilirrasyad).
   
  Cilegon, September 2007.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke