Maling Masigit (sambungan)
     Keur kuring, perkara “maling masigit” ieu nembongkeun fenomena lian atawa 
– legegna – pasoalan nu leuwih kompleks: Dina konteks urang Sunda atawa urang 
Batawi, hal ieu ngan nandeskeun keokna urang Batawi atawa urang Sunda. Sacara 
ekonomi, budaya, jeung sosial (kaasup politik pisan, meureun) geus kadeseh; pon 
kitu deui dina perkara kahirupan organisasi atawa prak-prakan kaagamaan. Nepi 
ka Pa Ajip (Rosidi) sakali mangsa kungsi nyaur: “Teu bener mun urang Sunda 
(disebut) rasialis. Buktina, Ketua MUI Jabar lain urang Sunda”. Ceuk kuring 
dina hate, lain perkara teu rasialis atawa rasialis. Tapi, nya keok bae. 
Kasauran eta sepuh nu remen gagah teh, keur kuring, ukur ngupahan maneh. 
  Enya. Sabab, siga halna dina perkara lian, masalah satemenna lain perkara 
rasialis atawa teu rasialis, tapi leuwih kana kaweruh, leadership, wiwaha, 
kateuneung, militansi, kapercekaan, jeung sajabaning ti eta nu nyoko kana 
kasadaran, kabanggaan, atawa eksistensi salaku manusa Sunda hususna, muslim 
umumna. Pan, idealna: Urang Sunda kudu “tanjeur na juritan”, makalangan dina 
sagala aspek kahirupan – nu hade, da dina perkara korupsi atawa kabelegugan mah 
urang geus lumayan eksis. 
  Tangtu dina hal ieu -- oge dina hal lian -- lain ukur pedah Sunda atawa lain 
Sunda-na. Da, katakwaan atawa kaweruh ngeunaan agama mah, pan, ceuk agama ge, 
teu ditangtukeun ku Sunda atawa lain Sundana? (Sakumaha kapercekaan dina hal 
lian teu ditangtukeun ku Sunda atawa lain Sunda). Tapi, naha kaweruh urang 
Sunda dina bag-bagan Islam – naon bae aliran atawa mazhabna – ngan samenel? 
Nepi, ka MUI, atawa sakola-sakola Islam nu alus, kaasup baitul mal-na, kudu 
diluluguan ku batur? Nepi ka dina perkara masigit, atawa pasantren, kaasup 
pasantren pertanian Darul Falah di Bogor, nu diadegkeun ku ramana Taufiq 
Ismail; urang Sunda ukur jadi nu mere wakafna. (Kalan-kalan, ukur jadi “urut nu 
boga” tanahna – dijual ka nu engke ngawakapkeun eta tanah). Lain jadi kiai 
atawa pangurusna? Di mana aya kiai nu dianggap “jenius” atawa nyongcolang, ukur 
Aa Gym jeung Zainudin MZ?
  Hartina, balik deui kana kasauran Kiai Hasyim, bari dimodifikasi jadi Sunda 
jeung lain Sunda: Mun urang teu panuju diimaman ku batur, nya buktikeun yen 
urang pantes jadi imam. Mun masigit urang embung diurus ku batur, nya 
tingkatkeun kualitas jeung kapercekaan kapangurusan urang. Tempat abdas jeung 
WC-na nu beresih, nu berseka, luyu jeung parentah agama -- oge jeung klaim 
“Sunda nu endah”. 
  Speakerna tong padu tarik, ngagorowok -- nepi ka matak sawan orok nu keur 
hees. Ngokolakeun duitna nu transparan jeung profesional. Pangajiannana tong 
malulu ngeunaan prak-prakan sholat atawa halal jeung haram, bid’ah jeung 
Sunnah, atawa nyarekan jalma kapir. Tapi, euyeuban, malah di mana perlu 
lobakeun, oge ku hal-hal lianna nu leuwih nerap jeung kahirupan di dunya 
kiwari: Kumaha carana lembur urang hejo ngemploh, ambeh urang teu hambur 
listrik alatan ka hees-hees kudu make AC; kumaha sangkan rumaja sabudeureun 
masigit baroga kasab, sangkan teu hayoh hihitaran (bari nyarakuan botol AO) 
mangsa kolot-kolotna marenekung di masigit; naon pakaitna Al Ghazali jeung 
Psikoanalisa, kumaha carana sangkan nahwu leuwih gampang diajarkeun ka barudak 
(oge keur jalma belet siga kuring), naon bedana arsitektur Masigit Sulaiman 
jeung Masigit Manonjaya, atawa jeung arsitektur masigit Jawa pisan, ulama mana 
bae nu nulis shalawat, manaqib, atawa syiroh,  kumaha satemenna nash-nash Qur’an
 jeung hadits, oge ijma para ulama, pakait jeung kabudayaan umumna, kabudayaan 
lokal hususna, naon ari JIL, TUK, Arqam, shimpoa, olimpiade fisika, Syiah, 
Jalaludin Rakhmat, runtah, banjir, macet, jste-jste. 
  Tapi, kitu ge wallohu alam -- ketang. Duka teuing bener heunteuna. Pan, 
kuring mah boro-boro nyaho bag-bagan agama. Jajauheun tina ulama, tina kiai. 
Santri ge lain santri kalong santri kalong acan. Sakalina solat ukur 
ungked-ungkedan – jajauheun tina khusyu, ukur ngingkahan disebut jalma kapir 
wungkul. Kuring mah ukur jalma nu pengkuh dina hiji perkara: Ngacapruk!  
   
  Gang Tengah, 15 November 2007



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke