Dina perkawis penulisan ilmiah, aya etika anu kedang
dicepeng, nyaeta obyektivitas, kajujuran, heunteu
disumputsalindungkeun, jelas nyebatkeun sumber
informasina.
Tapi, dina penulisan di widang kawartawan/jurnalistik
oge, aspek anu ditungtut sapertos penulisan ilmiah
kedah aya, nyaeta soal kajujuran. kapaning aya
kajantenan, aya wartawan salah sahiji media di
Amerika, anu ngengingkeun panghargaan Pulitzer,
dibolaykeun, margi sabada ditalungtik, eusi tulisanana
teh bohong alias wadul, si wartawan heunteu jujur.
Tah, kitu oge dina masalah klaim-mengklaim hiji karya
seni, anu aya pakaitna sareng harga diri hiji bangsa,
sakedahna mah, upami urang jujur mah, heunteu hese
milarian solusina. Tapi watekna manusia, dimana na
jero dirina aya anu namina qolbun, hate anu tiasa
"dibolak-balik". Hiji waktu jujur, tapi dina mangsa
sejen tiasa sabalikna. Jiwa atanapi hate siga kieu teh
rupina heunteu mung ngancik dina diri bangsa anu nembe
"menyat". Dalah nagara adidaya oge, kaancikan
pasipatan siga kitu, sapertos "maling" virus flu
burung khas Indonesia, kakayaan alam (Bidiversity),
sjjb.
baktos,
mrachmat Uidipura
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> aya nu matak helok dina ieu artikel
>
> nu nulis jiga ngahajakeun, nyingkahan identitas
> sunda, padahal
> jelas-jelas, upama dirunut dina istilah nu dipake,
> pakait jeung
> kaulinan khas urang sunda. contona bae apan basa nu
> dipake dina eta
> kaulinan teh, meleg-meleg basa sunda: cing kiripit
> (ciripit) tulang
> bajing kacapit. kunaon nya? pedah eta kitu,
> artikelna dimuat di
> kompas, koran nasional? atawa era kitu mun ditulis
> eta kaulinan teh
> kaulinan barudak di tatar sunda? teuing.
>
> salian ti eta, majar eta kaulinan teh kaulina urang
> leuweung
> (pedalaman), naha enya kitu? teuing oge. hehehe.
> (mh)
>
>
> ====
> Kompas. Kamis, 06 Desember 2007
>
> 11Forum
> Potret Permainan Tradisional di Indonesia
>
> Oleh Dani Wardani
>
> Cing kiripit tulang bajing kacapit.... Masih
> ingatkah Anda dengan
> potongan kalimat tersebut? Sambil mendendangkannya,
> ujung telunjuk
> tangan kita dan pemain lainnya lekat di telapak
> tangan seorang teman
> yang ditunjuk.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs