Tah didieu mangkana sok aya benturan antawis si wartawan..anu ideal hoyong
ngejer Pulitazer sareng si PemRed anu ngejar Misi Pausahaan...Tingali wae
bentenna antawis Pos Kota sareng Kompas..atanapi Rakyat Merdeka....

On 12/6/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Dina perkawis penulisan ilmiah, aya etika anu kedang
> dicepeng, nyaeta obyektivitas, kajujuran, heunteu
> disumputsalindungkeun, jelas nyebatkeun sumber
> informasina.
>
> Tapi, dina penulisan di widang kawartawan/jurnalistik
> oge, aspek anu ditungtut sapertos penulisan ilmiah
> kedah aya, nyaeta soal kajujuran. kapaning aya
> kajantenan, aya wartawan salah sahiji media di
> Amerika, anu ngengingkeun panghargaan Pulitzer,
> dibolaykeun, margi sabada ditalungtik, eusi tulisanana
> teh bohong alias wadul, si wartawan heunteu jujur.
>
> Tah, kitu oge dina masalah klaim-mengklaim hiji karya
> seni, anu aya pakaitna sareng harga diri hiji bangsa,
> sakedahna mah, upami urang jujur mah, heunteu hese
> milarian solusina. Tapi watekna manusia, dimana na
> jero dirina aya anu namina qolbun, hate anu tiasa
> "dibolak-balik". Hiji waktu jujur, tapi dina mangsa
> sejen tiasa sabalikna. Jiwa atanapi hate siga kieu teh
> rupina heunteu mung ngancik dina diri bangsa anu nembe
> "menyat". Dalah nagara adidaya oge, kaancikan
> pasipatan siga kitu, sapertos "maling" virus flu
> burung khas Indonesia, kakayaan alam (Bidiversity),
> sjjb.
>
> baktos,
>
> mrachmat Uidipura
>
> --- mh <[EMAIL PROTECTED] <kihasan%40urang-sunda.or.id>> wrote:
>
> > aya nu matak helok dina ieu artikel
> >
> > nu nulis jiga ngahajakeun, nyingkahan identitas
> > sunda, padahal
> > jelas-jelas, upama dirunut dina istilah nu dipake,
> > pakait jeung
> > kaulinan khas urang sunda. contona bae apan basa nu
> > dipake dina eta
> > kaulinan teh, meleg-meleg basa sunda: cing kiripit
> > (ciripit) tulang
> > bajing kacapit. kunaon nya? pedah eta kitu,
> > artikelna dimuat di
> > kompas, koran nasional? atawa era kitu mun ditulis
> > eta kaulinan teh
> > kaulinan barudak di tatar sunda? teuing.
> >
> > salian ti eta, majar eta kaulinan teh kaulina urang
> > leuweung
> > (pedalaman), naha enya kitu? teuing oge. hehehe.
> > (mh)
> >
> >
> > ====
> > Kompas. Kamis, 06 Desember 2007
> >
> > 11Forum
> > Potret Permainan Tradisional di Indonesia
> >
> > Oleh Dani Wardani
> >
> > Cing kiripit tulang bajing kacapit.... Masih
> > ingatkah Anda dengan
> > potongan kalimat tersebut? Sambil mendendangkannya,
> > ujung telunjuk
> > tangan kita dan pemain lainnya lekat di telapak
> > tangan seorang teman
> > yang ditunjuk.
>
> __________________________________________________________
> Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> http://www.yahoo.com/r/hs
> 
>

Kirim email ke