Heheh... Pangalaman kuring boga anak munggaran, nya kitu. Teu sirikna sakabeh entri dina kamus Sunda dipapay (buku ngaran2 Sunda mah teu gaduh, boa aya boa henteu), utamana anu dimimitian ku aksara anu dipikahayang jadi ngaran budak, atawa aksara anu galib dipake. Misalna bae dimimitian ku 'k', dipapay... kandaga, koreak, kindeuw, kalawading, kasep, kanceuh, jst. pokona mah nepi ka manggih nu alus harti ngeunah didenge. lebah anu dimimitian ku 'x' mah diliwat we, da hese lah nyebutkeunana ge... Heheh... Atuh tambihna, baheula, nu kacatet dina sajarah, loba nu make ngaran Hindu. Atuh ayeuna, pikeun nu muslim, loba nu make ngaran abdul... atawa nu make ngaran rundayan para menak Sunda, pokona mah diadumaniskeun we lah...
Perkawis kamus, anu ti Kiblat Buku Utama di antarana bae (mun harga can robah) Kamus Populer Sunda Indonesia (kamus saku) - Tatang Sumarsono - Rp 25,000 Kamus Basa Sunda - R. Satjadibrata - Rp 69,000 Sundanese English Dictionary - Rabindranat Hardjadibrata - Rp 220,000 Kamus Basa Sunda - R.A. Danadibrata - Rp 275.000,- Lian ti nu di luhur, aya oge sababaraha kamus karya Budi Rahayu Tamsyah sareng nu sanesna (Sunda-Sunda, Sunda-Indonesia, Sunda-Inggris), abdi teu tiasa nawiskeun, margi teu gaduh daptar pangaosna... On 12/7/07, Silalatu Pajajaran <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres kang ah, manawi eta teh kamus bahasa Sunda atanapi kamus nami sunda, > sabaraha tah pangaosna, upmai rada kaudag keneh mah hoyong ah...kumaha tah > cara simkuring tiasa mendapatkannya....hehee...he.....he.ehe......diantos > pisan ah, Kang > -- sikandar su.wikipedia.org www.urang-sunda.or.id

