Judul: Kamus Basa Sunda
Karya: R. Satjadibrata
Disain Jilid: - Ilustrator:
Wedalan: Kiblat Buku Utama, PT., 2005
Rega: 69,000 rupia
Kang Silalatu cobi di www.bolotot.com ("warung buku bolotot")
bari punten pang ngomentarankeun "warung"-na. (abdi n uju diajar balantik
yeuh...)
hatur nuhun
soni
----- Original Message -----
From: kumincir
To: Kusnet
Sent: Friday, December 07, 2007 8:36 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] MANAWI AYA ANU NYUMBANG NAMI ANU NYUNDA
Heheh... Pangalaman kuring boga anak munggaran, nya kitu. Teu sirikna sakabeh
entri dina kamus Sunda dipapay (buku ngaran2 Sunda mah teu gaduh, boa aya boa
henteu), utamana anu dimimitian ku aksara anu dipikahayang jadi ngaran budak,
atawa aksara anu galib dipake. Misalna bae dimimitian ku 'k', dipapay...
kandaga, koreak, kindeuw, kalawading, kasep, kanceuh, jst. pokona mah nepi ka
manggih nu alus harti ngeunah didenge. lebah anu dimimitian ku 'x' mah diliwat
we, da hese lah nyebutkeunana ge... Heheh... Atuh tambihna, baheula, nu kacatet
dina sajarah, loba nu make ngaran Hindu. Atuh ayeuna, pikeun nu muslim, loba nu
make ngaran abdul... atawa nu make ngaran rundayan para menak Sunda, pokona mah
diadumaniskeun we lah...
Perkawis kamus, anu ti Kiblat Buku Utama di antarana bae (mun harga can robah)
Kamus Populer Sunda Indonesia (kamus saku) - Tatang Sumarsono - Rp 25,000
Kamus Basa Sunda - R. Satjadibrata - Rp 69,000
Sundanese English Dictionary - Rabindranat Hardjadibrata - Rp 220,000
Kamus Basa Sunda - R.A. Danadibrata - Rp 275.000,-
Lian ti nu di luhur, aya oge sababaraha kamus karya Budi Rahayu Tamsyah
sareng nu sanesna (Sunda-Sunda, Sunda-Indonesia, Sunda-Inggris), abdi teu tiasa
nawiskeun, margi teu gaduh daptar pangaosna...
On 12/7/07, Silalatu Pajajaran <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres kang ah, manawi eta teh kamus bahasa Sunda atanapi kamus nami sunda,
sabaraha tah pangaosna, upmai rada kaudag keneh mah hoyong ah...kumaha tah cara
simkuring tiasa mendapatkannya....hehee...he.....he.ehe......diantos pisan ah,
Kang
--
sikandar
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id