Wawaran ieu sigana tiasa dilebetkeun kana artikel ngeunaan kangaranan urang
Sunda:
http://su.wikipedia.org/wiki/Kangaranan_Urang_Sunda

Kumaha kang Kumi?

Baktos,
-Dian-


On 10/12/2007, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

nuhun bah iwa, kang oman, kang 'keom' syam, oge baraya sanesna.

urang teruskeun noong ngacaprukna. pola kahiji ngaran diwangun ku hiji
aksara vokal nu diulang. contona jiga nu geus didongengkeun ti heula.

ayeuna pola kadua, ngaran diwangun ku dua aksara: aksara vokal jeung
konsonan.

contona: aam, iim, uum, eem, oom
             aan, iin, uun, een, oon
             aas, iis, uus, ees, oos

(mh)

On 12/10/07, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Punten nambihan, ciri has ngaran urang sunda salian diwangun aksara vokal nu
diulang oge sok ditambah ku aksara "H" ditungtungna saperti : ooh,aah.
Aya oge nu dicokot ti ngaran anu geus aya ditambahan "H" tungtungna saperti;
dedi jadi dedih, edi jadi edih, dede jadi dedeh, dudu jadi duduh, aci jadi
acih, oci jadi ocih, aca jadi acah, oco jadi ocoh, yoyo jadi yoyoh, yaya
jadi yayah jrd. Saking reana ngaran sunda nu ditungtungan ku "H" najan can
nyebutkeun asalna tapi mun geus nyodorkeun ngaran kaparengan ditungtungan ku
"H" ( misalna "odah" boa aya ketah urang los angeles ge nu ngarana "odah")
sok langsung teg we yen manehna teh urang sunda.

Aya oge ngaran artis atawa biduan nu ditungtungan ku "H" duka urang sunda
duka kolotna mere ngaran ka anakna geus kaismeuan ku urang sunda, contona;
elvi sukaesih, tiar miyarsih, kinaryosih, asmirandah. Tah boa marshanda ge
mun urang sunda mah jadi "marshandah" , bunga citra lestari jadi "bungah
citrah lestarih" atawa dian sastro jadi "dian sastroh wardoyoh"

ih menih maksah nyah!
sr

 ----- Original Message -----
 *From:* mh <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Friday, December 07, 2007 9:15 AM
*Subject:* [Urang Sunda] Ngaran Nyunda?

 sok mindeng kawenehan dina milis, aya baraya nu neangan ngaran nu
NYUNDA. nu kumaha atuh ari ngaran nu nyunda teh. duka kungsi aya teu
nya nu kungsi nalungtik atawa ngotektak perkara ieu.

sainget kuring, ngaran urang sunda pang basajanna SADUNYA, enya lain
bohong SADUNYA. teu percaya pek we bantah upama boga fakta sejen mah.
naon buktina? pek we geura, ngaran urang sunda mah loba nu diwangun
cukup ku saengang, cukup ku HIJI aksara diulang. contona bae, kabeh
aksara vokal (a, i, u, e, o) sosoranganan geus cukup keur nyieun
ngaran, jiga kieu: aa, ii, uu, ee, jeung oo. eta kabeh ngaran teh
kuring kungsi manggih jalmana, boh dina tulisan atawa paamprok
jonghok.

ngaran aa, putrana pun ua nu dumuk di bogor, kitu deui aya aa tukang
tonjok aa-boxer. ngaran ii oge aya baheula babaturan di lembur. ari
ngaran uu mah, apan contona urang sunda nu ngagali alun-alun bandung
tea, hehehe. tah ari ee mah, baheula ngaran sinden sandiwara di desa
kuring. ari ngaran oo mah, alo kuring pisan, nu geus almarhum.

nu matak kuring nyimpulkeun, ngaran urang sunda mah pang basajanna
SADUNYA. najan aya oge ngaran nu sarua saengan di afrika, jiga xi dina
felm "gog must be crazy", tapi diwangun ku dua aksara. (mh)

Kirim email ke