Ngiring nambihan ah*.
Leres Kang Syam, abdi oge remen nu nyauran Roroh* duka pedah nyandak tina 
Rohmah-na ciganamah* hantem we ngalereskeun,"Tong nganggo h*plisss...euh, dasar 
Sunda!"
Seueur nami Sunda nyandak tina kacindekan nami aslina, biasa sok disebat 
geugeutna Jumadi janten Enjum, Komariah janten Engkom, Gumilar janten Gugum, 
Rosita janten Eros, Suhendar janten Enday. Tos puguh deui nu diulang-ulang mah 
sapertos Dikdik, Gingin, Kunkun, Winwin srrd. Kantos gaduh rerencangan 
blasteran Jawa Sunda namina Hadi Kustanto disauranana Engkus. Emut ka pun nini, 
nyauran rai misan abdi nu namina Rukaesih sanes Eruk tapi Ruk-ruk. hihih..maksa.
Kiwari seueur urang Sunda nu nganamian putrana sapertos bule, tapi angger 
nyalukan mah ku basa Sunda, contona : Audrey janten Ende, Brigitta janten 
Gitgit untung teu Gibrig ge*. atanapi diuihkeun nami Sunda hoyong gaya, Dapid 
janten Dave*heheh.
Apalah arti sebuah nama.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 12/10/07 03:18PM >>>
nuhun bah iwa, kang oman, kang 'keom' syam, oge baraya sanesna.

urang teruskeun noong ngacaprukna. pola kahiji ngaran diwangun ku hiji aksara 
vokal nu diulang. contona jiga nu geus didongengkeun ti heula.

ayeuna pola kadua, ngaran diwangun ku dua aksara: aksara vokal jeung konsonan.  

contona: aam, iim, uum, eem, oom
             aan, iin, uun, een, oon
             aas, iis, uus, ees, oos
             
(mh)


On 12/10/07, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Punten nambihan, ciri has ngaran urang sunda salian diwangun aksara vokal nu 
diulang oge sok ditambah ku aksara "H" ditungtungna saperti : ooh,aah.
Aya oge nu dicokot ti ngaran anu geus aya ditambahan "H" tungtungna saperti; 
dedi jadi dedih, edi jadi edih, dede jadi dedeh, dudu jadi duduh, aci jadi 
acih, oci jadi ocih, aca jadi acah, oco jadi ocoh, yoyo jadi yoyoh, yaya jadi 
yayah jrd. Saking reana ngaran sunda nu ditungtungan ku "H" najan can 
nyebutkeun asalna tapi mun geus nyodorkeun ngaran kaparengan ditungtungan ku 
"H" ( misalna "odah" boa aya ketah urang los angeles ge nu ngarana "odah") sok 
langsung teg we yen manehna teh urang sunda.

Aya oge ngaran artis atawa biduan nu ditungtungan ku "H" duka urang sunda duka 
kolotna mere ngaran ka anakna geus kaismeuan ku urang sunda, contona; elvi 
sukaesih, tiar miyarsih, kinaryosih, asmirandah. Tah boa marshanda ge mun urang 
sunda mah jadi "marshandah" , bunga citra lestari jadi "bungah citrah lestarih" 
atawa dian sastro jadi "dian sastroh wardoyoh"

ih menih maksah nyah!
sr

Kirim email ke