--<<:: WALUNGAN HATE ::>>--- --<:(Konser duet Live cent cent jeung sireum):>--
dimana katumbiri teh nyai? nu aya ngan caah bandang langit heurin ku pepedut naha srangenge teu bisa ngabagikeun suriang mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup, mamang eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan, mamang ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea kamana ari walungan tempat muru meakkeun hanaang kamana, mamang? nyai, walungan mah ngan aya di hate urang nu hanaang kutiisna cai sesa ibun subuh tadi nyai, ibun mah ukur nu urang nu unggal poe ngorondang neangan bahan paranti dahar villa, nyai beu asa jadi katumbiri nu suda ka kabiri ku seahna caah kabutuh beu nyai, na kamana kudu ngiuhan meureun bener ceuk nu jadi indung, mamang geura pelak tatangkalan na leuweung jero dada tancebkeun sing pageuh ka museur hate hiji waktu, anjeun bakal beakeun tangkal saukur keur ngiuhan mangsa eta, tangkal na dada anjeun bakal mere hiliwir angin nu geus mangpirang2 jaman leungit diteureuy waktu hayu atuh, nyai sing caringcing mageuh kancing saringset mageuh iket urang pelak mang rewu-rewu tutuwuhan di hate urang keur barudak nu bakal hanaang di mangsa datang hayu nyai, melak rasa ku asih jeung nyaah keur panyebor tutuwuhan rasa jang mangsa nu bakal karasa ku barudak, jaga hayu, mamang urang singkil nyingkahkeun hama ceuceub jeung ngewa ngabasmi wereng korup jeung sarakah hayu, mamang! 11 Desember 2007

