Enya sigana sayah kaliru basa Sunda Pamanasan sabage tarjamah Pemanasan tina
Basa Indo. Pemanasan = Warming = Warming Up. Pemanasan badan sebelum olah
raga, pemanasan mesin mobil mun isuk2 samemeh dipake. Nah dina "Pamanasan"
basa Sunda anu gaduh rarangken pa-an, naha leres Pamanasan tempat manas ?
Ari ngojay, moe,ulin, niis mah pan eta mah kata kerja..sareng sawah,
gunung..kata benda..Ari manas kata naonnnya ?

On 12/11/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     Heu heu heu, si abah mah meni maksa kedah leterleuk.
>
> Janten hoyong mairan yeuh, sugan wae henteu lepat.
>
> Raraosan, rarangken pa-an dina basa Sunda gaduh hartos "tempat".
>
> Conto kecap anu diwangun ku kecap gawe sareng rarangken pa-an:
>
> - pangojayan: tempat ngojay
> - pamandian: tempat mandi
> - paulinan / pangulinan: tempat ulin
> - paniisan: tempat niiskeun hate / awak
> - pamoean: tempat moekeun
> - panghiberan/pangapungan: tempat hiber/pangapungan manuk (jigana, ieu
> mah)
>
> Conto kecap anu diwangun ku kecap barang sareng rarangken pa-an:
>
> - pagunungan: tempat gunung-gunung ngumpul (sapertos bukit barisan)
> - pasawahan: tempat sawah-sawah ngumpul
> - pajagalan: tempat jagal-jagal digawe
> - pabukuan: tempat buku-buku ngumpul (basa Indonesa: perpustakaan)
>
> Dina "pamanasan", kecap ieu diwangun ku kecap "manas", persis jiga "niis"
> sareng rarangken pa-an. Naon atuh hartosna pamanasan teh? Naha tempat
> manaskeun? naha sami sareng pamoean? hawu? Naha kenging upami urang
> ngarempak aturan tata basa? Janten lieur yeuh.
>
> Cag,
> Aschev
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, December 11, 2007 6:08:21 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Global Warming
>
>  Supados katingali bentena , nu tos aya teh dicobi dibalik di Inggriskeun
> heula, sugan kaboker....
>
> Suhu bumi manasan = Tempetarure of earth is increasing
> Jagat Raya manasan = The Galaxy is warming
> Pararanas = All hot
> Panas dimamana = Everywhere is hot
> Satungkebing Alam jadi panas = All of the natures become hot
> Sarerea jadi panas = Everybody become hot
> Pamanasan Global = Global Warming
> Bayeungyang sajagat = Warm in the world
> Dunya beuki panas = The worls become hot
> Naekna suku Dunya = The increase of world temperature
> Manasna Suhu Dunya = Warming of world temperature
> Panas sarerea = Everybody feels hot
>
> Global Warming ceuk abdi eta kecap kata benda anu hartosna Pamanasan Dunya
> anu netelakeun hiji proses naekna suhu (naon ieu Sundana ?) atanapi panas
> disabudereun Dunya dina lapisan atmospir....
>
>
>
>
>
>
>
> On 12/8/07, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com <[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >    Baraya,
> >
> > Meungpeung dinten Sabtu, rada salse…
> > Neraskeun perkawis hartos Global Warming (nu dikawitan ku Kang Netta)
> > dina basa Sunda nu kantos ditaroskeun ku abdi, aya sababaraha hartos nu
> > disanggakeun ku baraya diantawisna
> >
> > Aki Tams : Suhu bumi manasan atanapi Jagat raya manasan
> >
> > Kang Awin : Pa-rara-nas, pararanas nu puguh mah, panas dimamana
> >
> > Mang Oman : Satungkebing Alam jadi Panas
> >
> > Wa John : Sararea Jadi Panas
> >
> > Kang Netta : Pamanasan Global
> >
> > MH : Bayeungyang sajagat
> >
> > Kang Firman : Dunya beuki panas
> >
> > Kang Aschev : Naekna suhu dunya atawa manasna suhu dunya
> >
> > Sim kuring : Panas sarerea.
> >
> > Punten bilih aya nu kalangkung, teu katawis seratanana.. .
> > Tah, teu langkung bade nu mana nu diangge… nu pantes kana hartos & raos
> > kadanguna. Supados teu ngabuntut bangkong, nyanggakeun ka ahli basa Sunda di
> > milis ieu. Bade dijantenkeun Seminar manggaaa…panginten tiasa nambihan kecap
> > enggal dina kamus basa Sunda.
> >
> > Haturnuhun,
> > salam,
> > ro2.
> >
> >
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+>
>
> 
>

Kirim email ke