Sigana usulan Mh ieu leuwih pas. Global Warming = Jagat Saheng atawa Jagat Nyengsreng. Hiji tah nambahan keur bahan kamus iptek basa Sunda. Tapi, ceuk cenah, nyieun kamus mah pagawean saumur hirup. Upama kitu, lumayan atuh, geus aya pagawean keur saumur hirup hehehe.
manAR --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > cing urang kotektak neangan tarjamah "global warming" nu nyunda pisan. > "warming" teh proses nya, nu geus dimimitian ti bihari, keur kaalaman > kiwari, jeung bakal karandapan oge jigana nepi ka jaga. tah aya istilah > basa sunda nu pakait jeung panas jeung nuduhkeun kana proses nu keur > lumangsung, nyaeta "nyengsreng" atawa "saheng". ieu kecap teh ngagambarkeun > proses naheur cai make seeng, lamun keur ngagolak, suhuna terus naek, > disebutna teh keur "saheng" atawa "nyengsreng", kadenge aya sora ngagolakna > cai awor jeung seeng tambaga. kulantaran kitu, "global warming" bisa > ditarjamahkeun "jagat saheng" atawa "jagat nyengsreng". hehehe. (mh) > > On 12/11/07, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Enya sigana sayah kaliru basa Sunda Pamanasan sabage tarjamah Pemanasan > > tina Basa Indo. Pemanasan = Warming = Warming Up. Pemanasan badan sebelum > > olah raga, pemanasan mesin mobil mun isuk2 samemeh dipake. Nah dina > > "Pamanasan" basa Sunda anu gaduh rarangken pa-an, naha leres Pamanasan > > tempat manas ? Ari ngojay, moe,ulin, niis mah pan eta mah kata kerja..sareng > > sawah, gunung..kata benda..Ari manas kata naonnnya ? > > > > > > On 12/11/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Heu heu heu, si abah mah meni maksa kedah leterleuk. > > > > > > Janten hoyong mairan yeuh, sugan wae henteu lepat. > > > > > > Raraosan, rarangken pa-an dina basa Sunda gaduh hartos "tempat". > > > > > > Conto kecap anu diwangun ku kecap gawe sareng rarangken pa-an: > > > > > > - pangojayan: tempat ngojay > > > - pamandian: tempat mandi > > > - paulinan / pangulinan: tempat ulin > > > - paniisan: tempat niiskeun hate / awak > > > - pamoean: tempat moekeun > > > - panghiberan/pangapungan: tempat hiber/pangapungan manuk (jigana, ieu > > > mah) > > > > > > Conto kecap anu diwangun ku kecap barang sareng rarangken pa- an: > > > > > > - pagunungan: tempat gunung-gunung ngumpul (sapertos bukit barisan) > > > - pasawahan: tempat sawah-sawah ngumpul > > > - pajagalan: tempat jagal-jagal digawe > > > - pabukuan: tempat buku-buku ngumpul (basa Indonesa: perpustakaan) > > > > > > Dina "pamanasan", kecap ieu diwangun ku kecap "manas", persis jiga > > > "niis" sareng rarangken pa-an. Naon atuh hartosna pamanasan teh? Naha tempat > > > manaskeun? naha sami sareng pamoean? hawu? Naha kenging upami urang > > > ngarempak aturan tata basa? Janten lieur yeuh. > > > > > > Cag, > > > Aschev > > > > > > > > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > > From: H Surtiwa < [EMAIL PROTECTED]> > > > To: [email protected] > > > Sent: Tuesday, December 11, 2007 6:08:21 AM > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Global Warming > > > > > > Supados katingali bentena , nu tos aya teh dicobi dibalik di > > > Inggriskeun heula, sugan kaboker.... > > > > > > Suhu bumi manasan = Tempetarure of earth is increasing > > > Jagat Raya manasan = The Galaxy is warming > > > Pararanas = All hot > > > Panas dimamana = Everywhere is hot > > > Satungkebing Alam jadi panas = All of the natures become hot > > > Sarerea jadi panas = Everybody become hot > > > Pamanasan Global = Global Warming > > > Bayeungyang sajagat = Warm in the world > > > Dunya beuki panas = The worls become hot > > > Naekna suku Dunya = The increase of world temperature > > > Manasna Suhu Dunya = Warming of world temperature > > > Panas sarerea = Everybody feels hot > > > > > > Global Warming ceuk abdi eta kecap kata benda anu hartosna Pamanasan > > > Dunya anu netelakeun hiji proses naekna suhu (naon ieu Sundana ?) atanapi > > > panas disabudereun Dunya dina lapisan atmospir.... > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > On 12/8/07, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com > > > <[EMAIL PROTECTED]>> wrote: > > > > > > > > Baraya, > > > > > > > > Meungpeung dinten Sabtu, rada salse > > > > Neraskeun perkawis hartos Global Warming (nu dikawitan ku Kang Netta) > > > > dina basa Sunda nu kantos ditaroskeun ku abdi, aya sababaraha hartos nu > > > > disanggakeun ku baraya diantawisna > > > > > > > > Aki Tams : Suhu bumi manasan atanapi Jagat raya manasan > > > > > > > > Kang Awin : Pa-rara-nas, pararanas nu puguh mah, panas dimamana > > > > > > > > Mang Oman : Satungkebing Alam jadi Panas > > > > > > > > Wa John : Sararea Jadi Panas > > > > > > > > Kang Netta : Pamanasan Global > > > > > > > > MH : Bayeungyang sajagat > > > > > > > > Kang Firman : Dunya beuki panas > > > > > > > > Kang Aschev : Naekna suhu dunya atawa manasna suhu dunya > > > > > > > > Sim kuring : Panas sarerea. > > > > > > > > Punten bilih aya nu kalangkung, teu katawis seratanana.. . > > > > Tah, teu langkung bade nu mana nu diangge nu pantes kana hartos & > > > > raos kadanguna. Supados teu ngabuntut bangkong, nyanggakeun ka ahli basa > > > > Sunda di milis ieu. Bade dijantenkeun Seminar manggaaa panginten tiasa > > > > nambihan kecap enggal dina kamus basa Sunda. > > > > > > > > Haturnuhun, > > > > salam, > > > > ro2. > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------------ > > > Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try > > > it now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt= Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+> > > > > > > > > > > >

