http://alexfinker.com/tongue/tongue.html
Hi, it\'s my fun video.

Punten Ua Sas.... ngalempengkeun sakedik...

  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, December 08, 2007 3:40 PM
  Subject: [Urang Sunda] Sawala Manakiban di PSS


       

  Lamun jadi dina poe Jumaah tanggal 14 Desember 2007 bakal sawala di PSS, keur 
saheulaanan sim kuring jadi panumbu catur alias moderatos tea, ari jejerna 
Manakiban, anu rek jadi panyatur nyaeta Julian Millie jeung Kang Iip D Yahya, 
Julian Millie antropolog ti Monash Australi, ari Kang Iip mah pemerhati 
pasantren.
  Anu biasa dina Manakiban teh maca riwayat Syeh Abdul Qodir Jaelani, dina 
prak-prakanana anu kungsi kareungeu nyaeta sok nyadiakeun sagala rupa susuguh 
dina wangun dahareun kayaning beubeutian, rujak kalapa, rujak cau, kaasup ayana 
pangradinan.
  Biasana anu sok "manakiban" teh pengamal Torikoh ti reh-rehan Syeh Abdul 
Qodir Jailani...
  Anu kalakonan ku Abdi ... tara susuguh siga kieu..... duka upami ti Jalur 
sejenana mah....


  Brengna Manakiban sok aya tawasul heula. Lamun rada ditelek-telek bet siga 
rada nyambung jeung nanggap carita pantun. Meh sarua apan pantun ge 
ngalalakonkeun hiji tokoh dina galur carita, oge memeh breng sok disebut-sebut 
anu "hadir" atawa "dihadirkeun", malah kapan ceuk juru pantun eta ronghok anu 
hayang dipantunkeun, siga basa ngadengekeun rajah pamuka Aki Akis mantun di 
Cibatu kang Deni.

  Dina Manakib tara kasebat-sebat "hadir" atanapi "ngahadirkeun".....

  Nu hiji disebut manakiban anu hiji deui disebut pantun, malah anu rada aheng 
dina manakiban teh bet siga anu ngaharib-harib teu ngaleupaskeun peran dewi Sri.
  Manakib tara nyabit-nyabit dewi Sri... anu dibaca dina manakib "lalakon" 
atanapi "pangalaman"  Syeh AQJ kalawan eusina .....
  nya ari nyeuweunamah kana dzikir lahir jeung dzikir batin...


  Punten Ua ...rada leuir.... biasa riweuh ku "cicing".....

  Wassalam :
  Mamat rachmat mantan jajaka kapaksa...
   


Kirim email ke