Wa tukang cet japri ka abdi cenah seueur oge tamu wanoja2 lenjang, sok 
carioskeun atuh wa  
 




----- Original Message ----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 10, 2007 7:23:49 AM
Subject: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.

Enya, aya genahna keur kuring mah anu geus teu boga pagawean anu maneuh, 
sapopoe ngan ukur ulukutek diimah, kalan-kalan kurunyung "tamu". 
Minggu ieu diimah teh aya tukang ngecet, da kabeneran ningali cet imah geus 
rada bulukan, atuh dina saminggu mah diimah teh ngawangkong jeung tukang cet, 
sanggeus sababaraha poe digawe tukang cet teh isuk-isuk memeh prak digawe 
nanya, ceuk inyana eta katingalna sok aya bae tamu, sareng sok uplek ngobrol, 
eta teh bade naon..?.
Atuh kuring nerangkeun yen eta tamu teh anu nareangan buku buku basa Sunda 
atawa buku buku ngeunaan Sunda. Ceuk manehna deui……euh manawi teh aya 
kaperyogian naon we anu sanes….., kuring rada kerung nampa jawaban kitu, terus 
diseleksek, ari breh teh panyangka manehna kuring teh jadi tempat pananyaan 
hal-hal kahirupan,….atuh kuring rada ngagakgak, ceuk kuring naha disangka 
paranormal atawa dukun kitu..?. Tukang cet teh seuri bari jeung unggeuk. Dina 
hate kuring melengek baruk nepi ka disangka kitu..?.
 
Tamu teh enya rupa-rupa anu datang, ti barudak sakola nepi ka anu kolot geus 
kundang iteuk,tujuanana mah apan geus jelas hayang maca buku basa Sunda atawa 
buku ngeunaan Sunda. Eta cenah osok ngobrol uplek apan eta mah bagian tina 
silaturahim, wawanohan tur silih kanyahokeun.
Geura urang nyokot we tiluan tamu keur conto mah, kahiji Pa Andi, dedeganana 
rada pendek bayuhyuh, urang Rancaekek, mindeng ulin ka kuring teh pangpangna 
neangan buku bag-bagan agama dina basa Sunda, pedah anjeuna sok ngajar di 
Diklat Pos, majarkeun hayang nyonto-nyontokeun dina kahirupan urang Sunda anu 
saluyu jeung agama. Buku kieu teh keur kuring mah saeutik, maksud teh anu 
togmol asup kana bag-bagan agama, tapi kapan kabeh carita oge anu dina basa 
Sunda dasarna mah apan saluyu jeung agama. Lamun majalah iwal ti Langlangmitra 
anu dasarna agama Kristen. Jadi rek kerewek kana buku basa Sunda naon oge eta 
tangtu aya hubunganana sok sanajan teu langsung jeung agama Islam. Rek bacaeun 
barudak, rek novel, kumpulan carpon, wawacan atawa carita pantunna oge. Tah 
didinya sok uplekna ngobrol teh. Jeung ongkoh deuih Pa Andi teh nurutan muka 
Rumah Baca diimahna, ti mimiti ngan ukur puluhan buku ayeuna mah geus aya kana 
sarebu leuwih buku, eta buku buku teh
 lolobana sumbangan ti papada tatanggana. Jadi ngobrol teh silih simbeuhan 
pangalaman ngarumat Rumah Baca.
 
Tamu kadua nyaeta Kang Adi Raksanagara, tah nu ieu mah munggaran ulin ka 
kuring, ka Rumah Baca, datangna bada lohor. Dedeganana jangkung rada begang, 
can kolot-kolot teuing ceuk taksiran umurna aya kana 40 taun.
Barang datang teh langsung ningalian buku buku basa Sunda, terus nanya aya 
henteu buku Sunda anu bisa mere inspirasi keur kompetisi, utamana dina wangun 
panalungtikan. Puguh we kuring rada pungak pinguk ditanya kitu mah, terus nanya 
deui buku anu aya pakaitna jeung usaha tina falsapah Sunda, kadenge kitu ge 
tetep kuring hulang huleng. Kudu buku naon anu diasongkeun.
Tungtungna ngobrol sabulangbentor, geuning inyana teh pimpinan tabloid Bobotoh, 
ningali ngaranna nu make Raksanagara nya kuring nanya hubunganana jeung Ami 
Raksanagara garwana Pa Yus Rusyana, ari pek teh Ibu Ami teh lanceukna, kitu 
deui jeung istrina Pa Ahmad Rustandi. Paingan atuh mani norolang nyaritakeun 
perkara Sunda, da geuning aya teureuh tidituna.
Ngobrol nepi ka bada magrib, bari jeung teu disuguhan ngan ukur cai herang we 
tamba garingeun tikoro.
Maksudna neangan buku buku kitu teh pedah rek mere motivasi ka para pegiat 
kreatif di sabudeureun Suci, ka tukang kaos. Kahayang inyana kreatifitas anu 
basisna budaya setempat, tah ngompa eta sumanget neangan buku buku keur mere 
conto. Ku kuring dicoba dibere buku Bujangga Manik, Siksa Kandang Karesian, 
atuh teu kaliwat Pandangan Hidup orang Sunda, tapi kitu geuning teu payu keur 
inyanana mah. Tapi aya hiji buku anu diinjeum nyaeta Kabudayaan Sunda Edi S 
Ekajati.
Jadi enya geuning can aya buku anu ngabahas elmu ekonomi tina jihad ugeran 
hirup manusa Sunda, can aya buku ragam hias Sunda, can aya buku Estetika Sunda, 
can aya buku elmu komunikasi anu dadasarna budaya Sunda. Ceuk kuring ka Kang 
Adi, hampura nun, kuring can boga bukuna, maksud teh can ngoleksi bukuna. ( 
tapi aya teu nya bukuna..?).
Inyana ge nyaritakeun hal Bobotoh Persib, cenah inyana kungsi ngobrol jeung 
jalma ti Balai Bahasa, terus inyana ngusulkeun supaya kecap bobotoh diasupkeun 
kana KBBI lantaran ieu teh tarjamah tina kecap asing suporter, lamun kecap 
bobotoh asup kana KBBI rek meuncit hayam. Tujuanana nyieun tabloid Bobotoh 
sangkan para bobotoh teh jadi nyakola tur nyunda, atuh ka Persibna sangkan maen 
alus, keun ari soal eleh jeung meunang mah lain hal eta mah. Ceuk inyana ngan 
Persib anu bisa ngahijikeun jelema nepi ka puluhan rebu bari jeung kabeh 
ngomong Sunda. Kitu tah nyaritakeun tamu anu kadua. Aeh aya nu kaliwat ceuk 
Kang Adi lamun diacak aksara INDONESIA teh sarua jeung INI SOENDA, he he kuring 
seuri heueuh we nya.
 
Tamu katilu tah nu ieu mah tamu maneuh, da geus rada mindeng ulin ka kuring, 
jelemana ngora keneh, dedeganana jangkung henteu pendek henteu, imbang we lah 
jeung awakna, teu lintuh teu begang. Nyaeta Kang Iip D Yahya, enyaan ngobrol 
jeung Kang Iip mah rada hese rek ngudagna, lantaran lumpatna tarik pisan, loba 
kamandangna hal Sunda. Ari ngaku dina tulisanana mah inyana sok ngaku pengamat 
pasantren, da enya hirupna lila di pasantren, kuliahna kungsi di IAIN ayeuna 
mah UIN tea. Sapopoe nya jadi penulis, budakna kakara hiji kakara umur opat 
taun, teu di asupkeun ka TK tapi ngayakeun home scholing, istrina dosen di STSI.
Ayeuna unggal ngobrol jeung Kang Iip pasti nyokona kana pikiran pikiran Oto 
Iskandar Dinata, sabab inyana keur nulis perkara Oto, hayang nulis buku Oto, 
ceuk inyana sabab buku anu aya ayeuna teu kabeh hal Oto kakemot, aya nu 
kaliwatna. Duka teuing palebah mana kaliwatna, ngan ceuk inyana loba 
pikiran-pikiran Oto anu sabenerna gede pisan hartina kana kamekaran Sunda 
harita. Sabab ceuk Oto lamun ngomong Sunda hartina ngomong Indonesia, lain bae 
keur kamajuan Sunda tapi keur kamajuan Indonesia.
Nyucruk pikiran pikiran Oto, kang Iip mindeng ngadekul di Pusnas, hanjakal sok 
beakeun bekel cenah, basa minggu kamari ge sarena di Kantor PN NU pedah aya 
kenalan didinya, mimitina mah nghubungi kang Kandar (kumincir) tapi kapan kang 
kandar kudu kilir ka Bandung.
Nyucrukna neangan tulisan Oto atawa warta ngeunaan Oto tina koran Supatahunan, 
ceuk Kang Iip neangan hal Oto teh sok kabengbat ku tulisan sejen, saperti Tajuk 
dina Sipatahunan, geuning cenah anu dipadurenyomkeun soal Sunda meh sarua jeung 
anu sok dipadurenyomkeun jaman kiwari. Ceuk Kang Iip naha bet teu 
anggeus-anggeus, sola kapamingpinan, kabanjiran kakurangan dahareun jste.
Kalan-kalan ngobrol jeung Kang Iip sok loba luak leokna, samisal nyaritakeun 
sajarah Sunda, Sunda teu kungsi diereh nepi ka jaman Pajajaran. Ku Majaphit anu 
majarkeun saIndonesia geus kaereh kapan Sunda mah henteu, tapi naha waktu ku 
Mataram bet bisa kajajah, naha..?. Naha Mataram boga naon harita, kucara kumaha 
bet pangaruhna masih aya keneh nepi ka ayeuna. Nu kudu ditalungtik naha Mataram 
harita make elmu naon, nepi ka Sunda awut-awutan. Atawa Sunda geus teu malire 
dirina, keuna supata ku Wastukancana pedah geus teu ngamumule kabuyutan.
Naon hartina kabuyutan didinya, ceuk rarasaan lamun ngan sakadar tempat heug 
disebut kabuyutan asa leutik teuing, sigana kabuyutan didinya dina harti ide, 
gagasan atawa naon..?
Balik deui ka Oto, lamun tea mah rek mere sesebutan Bapa Urang Sunda keur hiji 
inohong dina mangsa kiwari, lain mangsa bihari, mana anu pantes Oto, Juanda 
atawa saha..?
Lamun tea mah Oto, kumaha lamun nyieun Museum Oto Iskandar Dinata, asana urang 
Sunda can boga inohong anu kudu ditalungtik nepi ka bubuk leutikna utamana 
pikiran-pikiranana dina ngamajukeun Sunda (Oto teh anu mimiti ngajukeun dina 
Sidang BPUPKI sangkan Sukarno Hatta jadi Presiden tur Wakilna anu disatujuan ku 
balarea anu sidang harita, tapi tragis ahirna Oto aya nu nelasan).
 
Sakitu tah dongeng "tamu" teh, nulis kieu teh pedah we sok aya tamu ka imah, 
disangka weh kuring teh paranormal ku tukang nge-cet.
 
MSasmita
 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke