Moal dijaprikeun ah, eta mah tutungkusan pribadi.
Aya wanoja lenjang turunan Arab, nalungtik perkara komunikasi antara anu nikah 
Sunda sareng Arab.
Osok ka rorompok teh pedah sok maca buku-buku perkara Sunda, dina hal adatna 
(kabiasaan) urang Sunda.
Polikronikna urang Sunda teu sabaraha lamun dibandingkeun sareng polikronikna 
urang Arab.
Contona cenah salakina Arab, istrina urang Sunda, hiji waktu salakina ngajak  
ka ondangan berangkat teh kira-kira rek jam 10 isuk-isuk. Puguh we istrina tos 
dangdan samemeh jam 10, tapi jadina berangkat jam 4 sore. Istrina 
ambek-ambekan, ari ceuk salakina kapan poe ieu keneh lain isukan. Tapi cenah 
eta rumahtanggana tetep runtut raut. Tah ieu nu nuju ditalungtik ku si wanoja 
Arab teh.

Aya deui wanoja rada eraan ti Psikologi Unpad, mukaan buku buku Sunda, ari dur 
magrib ngiring solat, beres solat ngadoana lami pisan, beres ngadoa teras 
amitan, puguh we sim kuring rada kerung, na ari maca bukuna sakolepat, naha 
naon anu dibacana?.
Lantaran panasaran nerus nanya ka inyana, bari saduksaduk bisi tugenah ku 
pertanyaan, ari jawabanana teh cenah kadinya saheulaanan neangan alamatna 
heula, tos kapendak mah gampil kanggo salajengna, jadi sesuai sareng niat jadi 
teu perlu lami da tos terang alamatna.
Ceuk kuring teh leuh ieu mah sesuai sareng karakter calon psikolog atuh. Inyana 
ukur ngaheheh....enyaan we jol saterasna mah lami ngungkaban buku.

Tah nu ieu mah benten deui, wanoja jangkung lenjang, jolna kana mobil, nyupir 
nyalira, jol teh maksadna bade milarian hal BMC (Bandung Milk Central), atuh 
puguh sim kuring rada pungak pinguk lantaran teu pati apal dina buku naon anu 
ngamuat hal BMC, tuluy manggih buku hal Bandung taun 1926 didinya aya BMC tapi 
dina basa Walanda, ceuk inyana perluna anu basa Indonesia, atuh ku kuring buku 
buku rada lawas dituduh tuduh, samisal majalah Warga anu terbit taun 50an, 
sugan we aya didinya, ku eta budak ukur dibukaan saeutik jeung katingalna siga 
anu jarijipen malum bukuna rada belewuk. Budak teh siga anu hulang huleng, ceuk 
manehna keukeuh neangan buku anu aya BMCna.
Ku kuring rada dikolongan "Ari Eneng urang Bandung..?" manehna unggeuk, ceuk 
kuring deui "Sok nyeuseuh nyalira...?", bari rada semu era ngajawab tara. Ceuk 
kuring deui .."Neng ari milarian bahan teh kedah enya-enya sumanget, ulah 
hoyong dihuapan bae, kedah rajin mukaan tur maca buku, ulah ngadagoan dipasihan 
batur...". Duka tah pedah rada keras omongan sim kuring, da eta budak teh teu 
aya jol deui. Enya sim kuring rada keuheul ku gayana anu siga hoyong dihuapan, 
beda pisan waktos nyanghareupan wanoja ti Surabaya anu milarian kabaya Sunda, 
eta mah dokoh pisan kana buku, unggal buku anu disodorkeun dibukaan kalawan 
gemet, nu aya patalina jeung pananlungtikan dirina dicirian, terus difoto, 
dicatet sumberna. Sapopoe ngadekul, da ceuk dirina jadwal dinten ieu mah 
didieu, atuh kuring ge teu kapalang ngahucuhkeun. Beda pisan sareng nu milarian 
BMC, ku kabeneran deuih nu leleda teh bet wanoja urang Sunda.
Tos ah...

MSas


 

  ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 12, 2007 11:54 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.


  Wa tukang cet japri ka abdi cenah seueur oge tamu wanoja2 lenjang, sok 
carioskeun atuh wa  
   
   
   

Kirim email ke