Politik : Niat (Hade) jeung Prakna
   
  M.Yunus nyieun partai. Can nanaon geus “dikekeak”. Boh ku urang Pakistan 
sorangan, oge ku nu lianna. Kaasup dua tulisan dina Kompas, . Keur kuring, eta 
dua tulisan leuwih miboga sikep pesimistis – atawa ngekeak tadi -- kana naon nu 
dilakukeun ku Yunus, lulugu Grameen Bank nu meunang Hadiah Nobel panganyarna. 
   
  Saperti biasa, kana sikep pesimistik kitu teh kuring ngarti tapi teu ngarti. 
Ngartina, salila ieu urang can ningali (partai) politik nu nyugemakeun. Malah, 
cohagna, di urang mah, jelema teh anti pisan kana politik teh. Sanajan, teu 
ngartina, sikep antina tadi teu konsisten: Lian tetep ngaleut ka TPS tiap 
Pemilu, persentase nu milih ge -- nu teu ukur datang tapi satemenna golput --  
kaitung gede. Malah persentase golput di urang, sanajan tiap pemilu undak, bisa 
kasebut heunteu loba. Saeutik. 
   
  Disebut gede teh tangtuna mun dibandingkeun jeung nagara lian. Kaasup Jepang. 
Beda jeung di urang, politisi Jepang miboga etika nu hade -- ngundurkeun diri 
mun ngarasa gagal atawa salah, bari kanyahoan gagal atawa salahna. Hartina, 
kuduna, masarakat Jepang leuwih percaya kana politik. Tapi, kanyataannana: 
Partisipasi politik masarakat Jepang dina politik teu sapira. Partisipasi di 
dieu, nu paling gampang ngukurna, nya dina pemilu. Loba heunteu pamilih nu 
datang ka TPS. 
   
  Pon kitu deui di nagara-nagara nu dianggap maju lianna. Malah, dianggap geus 
ilahar: Leuwih maju kaayaan hiji masarakat, kapercayaan jeung partisipasi kana 
politik leuwih handap manan masarakat nu dianggap can maju. Maju di dieu dina 
harti canggihna industrialisasi jeung teknologi tangtuna. Sakumaha nu ngagebleg 
di Kulon jeung nagara siga Jepang.
   
  Sanajan nagara urang can kaasup nagara maju, umumna, urang embung popolitikan 
teh. Komo bari jeung jadi anggota partai mah. Politik dianggap ukur paragi 
nipu, ngabohong, nyalikong, jeung laku-laku lian nu papalimpang jeung moral oge 
(tangtuna) agama. “Pulitik? Nipu ka nu leutik!,” kitu ceuk salah saurang pamuda 
di hiji kampung di Kuningan, sawatara waktu ka tukang, basa dikolongan ngeunaan 
hal ieu. Pangakuan eta pamuda, keur kuring, nunjukkeun sikep atawa kasadaran 
umum jalma loba: Emoh politik. Sanajan, siga nu disebutkeun tadi, tiap pemilu 
mah rahayat teh ngabandaleut ka TPS. Bari lain ukur golput.
   
  Sikep anti politik teh lain bae mahabu di rahayat leutik, nu memang paling 
teu ngarasakeun kauntungannana; bari pangheulana jadi korban atawa dirugikeun 
kawijakan-kawijakan politik nu aya. Tapi, oge di lingkungan jalma-jalma nu 
leuwih “terpelajar” atawa “intelektuil” pisan. Maranehna siga nu teu kungsi 
sakola: Siga teu nyaho, yen dina kahirupan modern, salah sahiji cara – malah nu 
utama -- keur ngomean atawa ngahangkeutkeun kualitas atawa ngomean kahirupan 
teh nya politik pisan. Nu diwadahan dina Pemilu, nu  (umumna) pamilonna partai 
politik. Sanajan, tangtu aya oge sawatara modus nu bisa dipake dina ngilu 
“ngarobah dunya” eta: Ti mimiti sakola, pasantren, pers, LSM, 
industri/kapitalisme, jste. Ngan, dibandingkeun partai, legalitas jeung 
efektifitasna (kuduna) leuwih gede partai politik. 
   
  Waktu Orde Baru lahir, wacana ngeunaan perlu heunteuna kaum intelektuil nu 
nyampak di Angkatan 66 arasup partai – cenah – kungsi rame dipadungdengkeun 
elit-elit intelektuil nu aya di dinya. Umumna, eta intelektuil teh nganggap 
peran sosialna nya luyu jeung widang kaelmuan atawa profesi. Hartina 
profesional bae. Teu kudu mikir nu lian-lian. Komo politik mah. Sabab, mun 
intelektuil arasup politik, lain bae kaered ku kotorna politik, tapi saha nu 
rek ngawangun ieu nagara dina harti leuwih prak? Sabalikna, sawatara 
intelektuil nganggap: Kudu asup. Sabab, nya ku cara kitu maranehna bisa ngomean 
kaayaan leuwih efektif. Mun teu salah, istilahna teh “memperbaiki dari dalam”. 
(Mun ceuk Pa Erry mangsa pamilihan Ketua KPK: “memanfaatkan nyala lilin, 
sekecil apapun nyala itu” – kitu ge mun kuring teu poho, bari teu salah 
ngalarapkeunnana). Soal politik nu kotor? Justru kudu diasupan. Di antarana, 
nya pikeun meresihan politik tina hal nu kotor. Sabab, tujuan politik sorangan, 
siga nu
 diharewoskeun Teh Ika: Alus. Ngaraharjakeun kahirupan balarea.
   
  Pipikiran intelektuil “anti politik” teh diwadahan jeung diseukeutan ku 
Soeharto ku nempatkeun teknokrat (jeung tentara) dina kabinetna. Sanajan enya 
pangwangunan fisik mahabu, kasadaran politik rahayat mah euweuh pisan. Malah, 
pan, seuseuhannana mah demokrasi teh euweuh bae harita mah. Partai nu aya ge 
diringkeskeun, jadi tilu – bari loba korbanna, kaasup suargi Pa Mintaredja, 
ramana Kang Osa (Ir. Roza Mintaredja), nu dugi ka pupusna ngarasa 
diteungteuingan ku Soeharto jeung tentara. Kituna teh, partai politik teu bisa 
nepi ka desa-desa – iwal ti Golkar. Massa mengambang tea. Pon kitu deui kampus. 
Ku ngaliwatan NKK-BKK dibersihkeun tina kahirupan politik (praktis). Mun rek 
popolitikan di luar kampus!
   
  Antukna, nya urang jadi emoh politik. Ramena PTS mangsa Pemilu? Leuwih 
mangrupa hasil mobilisasi manan hiji partisipasi nu murni, nu diwangun atawa 
kaluar tina hiji kasadaran salaku hiji warganagara – komo salaku hiji manusa nu 
otonom mah. Leuwih ti kitu, kiwari, sanggeus reformasi, emoh politik teh 
ngabalukarkeun “garong ngadon uncang angge di parlemen”. Da, partai teh 
dieusian ku jalma-jalma nu teu nyakola – dina harti: sanajan sakola, malah loba 
nu laluhur, seuhseuhanna mah teu boga pipikiran jeung kalakuan nu nyarakola. 
Kaered ku sistem nu teu nyakola. Karuhan nu teges-teges ukur modal hohoak jeung 
kawani mah. Atuh, legislatif teh siga “garong” tea. Tangtu bae jelema ge beuki 
teu percaya kana politik. Komo daraek jadi anggota partai mah.
   
  Satemenna kaayaan ieu teu nguntungkeun. Utamana keur urang, urang Sunda, nu 
cenah anggota DPRD-na masih leuwih loba lain urang Sundana -- bari dianggap teu 
nyunda. Mun sikep anti politik ieu “dimumule”, komo bari jeung “dimekarkeun”, 
kaayaan kitu teh moal obah. Terus bae DPRD teh didominasi ku seler lian atawa 
lain urang Sunda “pituin”. Hartina, lain bae pengembangan SDM Sunda dina widang 
politik teu napak atawa euweuh pisan. Tapi, nu leuwih penting: 
Kawijakan-kawijakan nu kaluar ti legislatif, nu tangtuna bisa mangaruhan 
operasionalisasina di eksekutif, teu “nyunda”. Dina harti, lain bae ngarugikeun 
Sunda salaku hiji seler – nginjeum istilah MJ dina salah sahiji tulisannana: 
“Menghilangkan kebanggaan urang Sunda”. Tapi, oge teu nguntungkeun karaharjaan 
jalma loba.
   
  Pasoalannana, politik siga kumaha nu kudu diprakkeun teh? Keur kuring, 
deui-deui, jargon Paguyuban Pasundan (PP) basa pemilihan Gubernur Jabar kamari 
bisa dijieun cecekelan: “nyunda, nyantri, nyakola, nyantika”. Atawa, mun 
nginjem istilah Amien Rais: High politic. Hartina, prak-prakan politik nu 
dumasar kana moralitas nu hade. (Na aya moral nu goreng? Nyanggakeun ka ahli 
basa). Politik nu lain saukur hayang kumawasa. Tapi, kakawasaan eta dibalikkeun 
deui kana udagan jeung titincakannana: Karaharjaan jalma loba. Utamana, keur 
kuring, jalma leutik. (Hartina, mun dina konteks Kusnet: “Halik ku aing” teh 
tong jadi “kuma aing”, nepi ka “asa aing” atawa “paaing-aing”. Tapi, halik ku 
aing dina harti –cohagna -- wani ngorbankeun diri keur kapentingan nu leuwih 
jembar).
   
  Aya heunteu partai politik nu boga titincakan hade kitu? Satemenna mah, kabeh 
partai ge sarua miboga dadasar eta. Ngan, dina prakna...duka teuing! Sanajan, 
teu kudu salempang: Aya sawatara partai nu katingali tigin kana titincakan 
jeung paniatan eta. Pon kitu deui sawatara jelema nu aya di partai lianna, nu 
citra jeung prak-prakannana “teu sacekas” nu dipkrakkeun partai nu dimaksud 
tadi. Dina harti: Eta oknum, sakumaha satawatara partai dimaksud, 
ngalaksanakeun high politic tadi. Sakalina demo ge, aranjeunna mah matak 
tingtrim kana hate. Tartib. Modus kampanyena ge kawilang elegance. Naha ku pola 
aksi sosial, bazar,  atawa disimbutan ku prak-prakan survai pisan. Partai mana? 
Moal disebutkeun bisi disebut kampanye. Ongkoh kuring mah purah ngalamun: Di 
mana euweuh ge partai siga kitu, jieun bae nu anyar. Nu lain bae rumusannana 
endah, tapi oge dina prakna. Mun perlu obah undang-undangna. Sangkan, nu ngilu 
pemilu teh teu kudu ngaliwatan partai politik. Bisa make modus nu
 disebut calon independen tea.
   
  Salemba, sanggeus maca dua kolom Kompas ngeunaan partai nu diadegkeun ku 
M.Yunus. 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke