Konsep
Ti minggu kamari kuring nampa sawatara japri. Eusina ngajak nyieun pasamoan
leutik pakait jeung sawatara hal: Peti naskah kabuyutan, arca di kebon binatang
Bandung, jeung lakuning laju ngokolakeun naskah ka-Sunda-an di wikipedia nu
geus di taratas ku Kang Adnan (Kang Kumi). Waktu jeung tempatna, mimitina, can
dipaheutkeun. Sanajan diembohan ku heureuy, ahirna kuring ngahayukeun. Rek di
mana jeung iraha bae ge. Ngan, saencanna, kuring kungsi rada ngahuleng.
Enya. Rada ngahuleng, mimitina mah. Karasana asa sisinarieun. Atawa, persisna
mah geus lila tara manggih email siga kitu. Daria pisan. Lian ti nyebut-nyebut
naratas ngawujudna embrio hiji think tank nu dikokolakeun ti internet, oge
ngudukeun sakur nu datang kudu siap ku konsep. Demi kuring, rumasa, geus lila
tara noongan Kusnet, pon kitu deui ngawadul perkara Sunda. Kamari ge, basa
lebaran, diajak ngayakeun silaturahmi komunitas-komunitas ka-Sunda-an, najan
ngahayukeun pisan, dina prakna mah teu bisa datang. Aya pagawean nu teu bisa
dipungpang, bari sakalian ngasuh budak jeung indungna. Nebus jatah ulin nu
tacan kacumponan.
Lian ti eta, ngahuleng teh, aya sawatara hal nu kurang jelas keur kuring mah.
Siga nu disebut dina kasang tukangna, cenah, eta gempungan teh lakuning laju
tina chating di antara sawatara dulur-dulur Kusnet. Na pikir, nya ku naon teu
dipunggaskeun bae ku chating? Teu mudu aya gempungan sagala. Paling ge, mun
arek, anggota nu milu konfrensi eta bae dilegaan. Dieuyeuban. Ongkoh, pan nu
dibahas teh ukur peti naskah, nu harita keneh, dina salila narima japri-japri
eta, geus katutupan boh beayana, oge teknis lianna.
Pon kitu deui perkara ngeusian atawa neruskeun wikipedia. Oge digitalisasi
naskah-naskah ka-Sunda-an, nu salila ieu geus ditaratas ku Kang Rudy atawa MH.
Naon masalahna? Atawa, MH rek medar jeung ngajelaskeun laku nu keur
dilakonanannana? Kaasup waragad nu dibutuhkeunnana sangkan eta gawe leuwih
karasa mangpaatna ku balarea. Ieu oge, satemenna, bisa ditangkes ku diskusi di
internet boh ku chating, japri, atawa milis pisan.
Karuhan soal arca mah. Mun tea mah rek dipindahkeun ka Unpad, nya tinggal
tunjuk bae saha nu kudu nguruskeunnana. Enya nu maluruh kumaha-kumahana, nepi
ka lain bae jentre aspek teknisna. Tapi, oge paelmuan, hukum, jeung aspek
sosio-politisna. Utamana, mun eta kagiatan rek dijadikan salaku kagiatan nu
sipatna public relations. Karuhan mun hayang ngalibatkeun masyarakat nu leuwih
lega mah. (Populer heunteu nguruskeun arca dina iklim masyarakat nu
fundamentalis siga kiwari? Nepi ka ucapan sampurasun ge jadi masalah? Tong
jauh-jauh: Kumaha komentar kana salah sahiji posting MJ ngeunaan patung keur
Bandung sawatara waktu ka tukang?). Dinas museum jeung purbakala, meureun,
bisa dipikumaha. Mun tea mah di Bandung teu nyampak, nya tinggal ngumaha ka Mas
Agus. Kang Rachmat di UI, piraku teu tiasa nyambungkeunnana.
Ku panyangka kuring, ieu rarancang teh aya aweuhan nu leuwih gede manan tilu
perkara eta. Dina istilah kuring mah, eta gempungan teh dina raraga ngajawab
patanyaan nu teu weleh nyampak di sawatara ikhwan Kusnet, nu dina rumusan
kuring: Kumaha ngaoptimalkeun Kusnet dina kahirupan atawa gerakan ka-Sunda-an
kiwari. Mun, ieu nu jadi udagan atawa kasang tukang nu satemenna mah kaharti
kudu aya gempungan nu daria teh. Kudu aya konsep. Sanajan, keur sakuringeun,
sipatna teu daria ge hayu bae. Rumasa geus lila teu tepang jeung wargi-wargi
Kusnet. Basa ningali Kang Ganjar dina hiji pasamoan, kuring teu kungsi
munjungan. Kaweur ku ngobrol. HBH ge teu bisa datang, eleh ku poho. Jeung boga
gawe tea.
Demi konsep, keur kuring, asana geus cape ngacaprukkeunnana. Sanajan, nya
memang kudu kitu. Kudu rada daria jeung aya konsepna. Ambeh silaturahmi teh
leuwih hade hasilna. Oge ambeh teu pagedrug teuing dina ngalarapkeunnana, da
masing-masing geus pada ngarti rek ka mana ka manana. Paling heunteu, nya
excersice intelectual bae. Saha nu nyaho gempungan-gempungan model kieu
nambahan atawa nyeukeutan kamampuan urang dina ngarumuskeun hiji konsep nu
engke aya mangpaatna keur kahirupan sewang-sewangan, boh di pagawean, boh di
pangulinan.
Kukituna, panoong kuring, meureun, lian ti matotoskeun tilu perkara di luhur
tadi, gempungan nu dirancang teh miboga agenda lianna: Perkara format atawa
model organisasi. Naha rek model organisasi tunggal atawa model federal
siga salila ieu, nu masing-masing sakumaha ilaharna boga kakurangan boga
kaleuwihan sewang-sewangan? Kadua, nya kagiatan naon nu hayang dilakonan ku
urang di luar perkara nu tilu tadi? Kumaha jentrena mah, nya, engke bae dina
konsep nu satemenna. Ieu mah itung-itung panglalanyah bae. Bari ngamalkeun
khitah pribadi: Ngacapruk!
Ongkoh, dialungkeun ka dieu teh bisi bae aya nu rek nitipkeun pipikirannana.
Gang Tengah, 12 November 2007.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.