Ari rek nambahan sungut jang parabeun mah, nambahan weh budak sing loba, atawa jadi donatur tetep di panti asuhan, parabeun mah loba apanan di Panti Asuhan mah. ari urusan liang wewelaneun mah, nya wewelan weh tah liang sumur. hehehe... enya, kuring oge satuju jeung statement "Nyandung Halal" mah, tapina kuring mah teu satuju jeung hikmah2 nyandung anu ditepikeun ku kang Agus. nya, ari kuring mah ninggali weh dina kaayaan realitas hirupna, yen jelema teh teu bisa adil, jadina mah, tinggali weh anu nyandung, enya oge aya sababaraha "penyandung sukses" tapi lolobana mah teu sukses, aya anu salaki jeung pamajikan2na akur, tapina anakna kararasus. Ieu mah kanyataan, salah sahiji keluarga abdi aya nu nepikeun murtad pindah ka agama sejen, gara2 bapana nyandung. tah, ari geus kieu mah apanan si bapa oge kudu tanggung jawab. jadi ari kang Agus maparkeun hikmah nyandung, kuring oge nepikeun sisi negatif tina nyandung. salaki deui, ieu mah euweuh paksaan narima atawa nolak argumen abdi. kanggo anu bade nyandung jeung tos mantep rek nyandung, nya kari nyandung weh atuh... oge kanggo anu alim nyandung, nya sok atuh pika nyaah pamajikan anjeun anu hiji2na teh. oge kanggo para wanoja, sok geura pikanyaah salaki anjeun, bisi robah pikiran hayang nyandung. hehehehe...
-Bohay- 2007/12/18, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]>: > > kang :)) > urang jawab ku urang nya. > 1. kaimanan mah moal bisa dikongkritkeun. kumaha we diharamkeun ngadahar > daging babi. sanajan cek hasil penelitian 'sain ilmiah' (halah) daging babi > alus menyehatkan ge keukeuh haram :). poligami nigkatkeun katakwaan? his > enya atuh.. ku beuki reana sungut parabeun, liang wewelaneun haha... si > lalaki kudu leuwih cengeng ibadah (doa) kudu beuki taki-taki bisi > ngalakukeun dosa sangkan usahana leuwih maju tanagana leuwih rosa. > 2. eta mah atuh lain lalaki pinter jeung cerdik (mun cek sakadang kancil > mah, cerdik=licik haha) > 3. enya atuh. teu iman ka alusna nyandung sahenteuna haha > > halah... halah... > ngeunaan panalungtikan pernyandungan aya ge nu nyebutkeun yen nyandung > kalahka nindes jeung nyangsarakeun awewe. abstrak panalungtikanna tiasa > ditoong di http://papers.ssrn.com/abstract=563282. > > kang bohay. nu nolak nyandung ge rea nu make ayat... jadi boh nu hayang, > nu hayang tapi embung, nu embung tapi hayang, oge nu embung nyandung bisa > neangan ayat keur nguatan argumenna. keur naon coba ayat-ayat loba nu > jangjangan? > > nggeus ah bisi tambah ngawadul haha... > > On 12/18/07, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kuring mah teu satuju, teu nanaon heueuh,,, > > meureun aya manfaatna, tapi enya kitu loba manfaatna tibatan hal > > negatifna? > > cik yeuh, ieu sanggahan abdi: > > 1. enya kitu bakal ngaraketkeun kaimanan jeung katakwaan? cik contoh > > konkritna? > > 2. bener amun akur mah, tapi kumaha amun teu akur? atawa si pamajikan2 > > teh pura2 akur? tapina kukulutus ditukang, ngagogoreng pamajikan nu kolot/ > > nu ngora di tukangeun, nu puguh mah jadi dosa meureunan. apanan ngarana > > hirup, pasti aya paketrok mah, jadi pasti aya masalah mah. > > 3. mun statement akang jiga kitu mah, brarti anu teu narima nyandung > > bisa disebut anu teu boga iman> > > > > memang loba oge anu nyandung teh baleg, tapi lolobana kumaha? lobaan anu > > balegna, atawa anu teu balegna? terus kumaha perasaan awewe? cik, kuring > > nanya ka awewe, kira2 siap teu di candung? kira2 nyeri hate moal mun di > > candung? > > tah, kumaha amun pamajikan anu dicandung ku urang teh nyeri hate? > > meureunan urang jadi dzalim ka pamajikan urang sorangan meureunan? > > ayeuna loba anu make agama jang alesan nyandung, tapi dina sudut pandang > > sosial mah, asa euweuh alesan logis jang nyandung. cenah jumlah awewe leuwih > > loba tibatan lalaki, coba tanyakeun ka BPS, da di Indonesia mah jumlah awewe > > teh ampir sabanding jeung lalaki. komo di Batam mah, jumlah lalaki leuwih > > loba, naha jalan Poliandri kudu dibenerkeun di Batam? > > > > ayeuna loba pelaku poligami anu ngomong "Yah, daripada zinah mendingan > > poligami". ari ceuk kuring mah, nu bener mah sakuduna "Tong Zinah jeung > > Tong Nyandung". naha atuh, meni teu bisa ngajaga "nafsu". da ceuk cenah > > anu geus kawin (kuring mah can kawin), da awewe beda2 oge, rasana mah sarua > > keneh... Hiji oge moal beak, make jeung kudu boga pamajikan leuwih ti hiji? > > > > kuring ngaku, yen Poligami teh halal ceuk Islam. tapi kuring boga > > pamadegan, poligami mah secara kacamata sosial mah loba sisi negatifna. > > heug ketang, da eta mah pilihan hirup, rek nyandung atawa henteu, kumaha > > anjeun weh... > > > > -Bohay- > > > > > > > > > -- > d-: > ~karék cénah~ > >

