Fauzan Ali Rasyid (37 th), Asli urang Garut, ngagondol
doktor elmu Politik, sabada adu-renyom jeung tim
penguji, dina hiji sidang terbuka Senat UI, anu
diayakeun dina poe Salasa (18/12) di kampus FISIP UI
Depok.
Judul disertasi Fauzan nyaeta Pemilihan Umum
Anggota Dewan Perwakilan Daerah (DPD) Tahun 2004
(studi kasus Provinsi Jawa Barat). Promotorna
Prof.Dr. Maswardi Rauf, M, ari ko-promotorna Dr.
Burhan Djabir Magenda jeung Dr. Chusnul Mariyah.
Inyana teh dosen politik Islam di UIN Syarif
Hidayatullah Bandung. Tolab ilmi ti SD tug nepi ka PGA
di Garut, S1 widang studi politik Islam ti UIN
Bandung, S2na widang Sosiologi ti Unpad. Aktif di
organisasi HMI , Dewan pakar ICMI Kabupaten Bandung ,
KNPI Bandung jeung jadi Dewan Penasehat Pemuda Majlis
Dakwah Islam Bandung. Teu heran atuh, dina acara
promosi doktorna ngilu nungkulan Akbar Tanjung jeung
Ginanjar Kartasasmita.
Fauzan teh anak nomor 6 tina 15 anak pasangan KHA
Abdul Rasyid Hj. Siti Romlah, pingpinan Pendidikan
Islam Darul Fikri Garut. Taun 1999 laki rabi jeung
eneng Nuraeni, M.Ag, diamanahan dua budak Rosikhul
Khoir Nurfauzan jeung Saddam Nurfauzan.
Baktos,
mrachmat Uidipura
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping