Bulan Juni kamari, tadina, kuring rek ngawadul jeung sawatara calon pamilon 
Pilkada Kabupaten Subang. Ngeunaan PAD. Tapi, teuing ku naon, panitia karah 
ngabolaykeun eta acara. Sigana pedah "makalah" nu ku kuring dijieun ngayayay 
jeung ngacapruk (teuing). 
  Ngahaja diwiatkeun ka dieu teh. Kadar ngiruhan panon nu noong.
   
  Baktos,
  MGT
   
  =====================================================
  Ngalarapkeun jeung Ngalelempeng PAD* 
   
  Maman Gantra
  WNI, Sunda turunan Tasik-Subang-Jste, lahir jeung gede di Bandung, dumuk di 
Jakarta. Kungsi jadi wartawan, resep bagadang jeung jalan-jalan.
   
  PAD dina judul di luhur sanes “Pendapatan Asli Daerah”. Nanging, “Putra Asli 
Daerah”. Hiji isu nu tara absen dina tiap usum pemilu. Utamana pemilu eksekutif 
siga pilkada, nu jadi puseur ieu acara. Kituna teh rata. Meh di tiap daerah, 
mun usum pemilu, ieu isu teh pada nanggap. Sadaya pada “ngamumule” jeung 
“ngamekarkeun” PAD, Putra Asli Daerah. 
   
  Cilakana, panyawat gehgeran kitu teh sanes bae tumerap di “daerah”. Tapi, oge 
di Jakarta -- nu cenah daerah pangmajuna di Indonesia. Ieu isu masih keneh 
diangge kojo ku sawatara calon. Padahal, mun dijujut-jujut, urang Jakarta nu 
langkung asli mah urang Pajajaran. Urang Sunda. Pan kapungkur, matak aya 
wewengkon nu disebat Sunda Kalapa, oge aran-aran tempat nu diawitan ku kocap 
“ci”, Jakarta atawa Batavia teh wewengkon Pajajaran? Eta alesan ka hiji. Alesan 
ka dua, demi nyebat “langkung asli”, pedah bae, numutkeun elmu 
paleoantropologi, nu kapungkur nyicingan wewengkon nu kiwari disebut Pulo Jawa 
teh taya lian ti luluhur urang Papua kiwari. Kalebet rumpun negrito, sanes 
rumpun melayu siga urang. Luluhur urang Sunda atanapi luluhur urang 
Salakanagara mah nembe kadieunakeun sarumpingna ti wewengkon Indocina (jeung 
India) teh. Kitu ge cenah. Ceuk buku. 
   
  Absurdna perkawis asli teu asli eta, langkung teges deui lamun urang 
ngareungeukeun kasauran sepuh: Hirup mah darma wawayangan, ukur ngumbara. 
Hartosna, sarakan urang nu satemenna sanes di alam dunya ieu. Kalebet Tatar 
Sunda, komo Subang atawa Bandung mah. Pon kitu deui saur ajengan: Bumi teh bumi 
Allah, urang mah teu boga-boga. Ukur nyicingan, ukur katitipan.
   
  Kitu deui mun urang ningali kaayaan wangkid kiwari, mangsa internet sareng HP 
tos janten cocoan sapopoe. Perkawis PAD ieu karaos tinggaleun jaman pisan. 
Kiwari, ku ayana teknologi, oge biaya nu ngawargadan eta teknologi, urang tiasa 
apal kumaha kaayaan hiji wewengkon bari urang teu kedah datang bungkeuleukan 
atawa anjeucleu saendeng-endeng di eta daerah. 
   
  Dalah, siga nu dilaksanakeun ku hiji walikota di Kalimantan Timur, mingpin 
hiji daerah ge tiasa ti katebihan. Ieu walikota, dina saminggu 2-3 dinten aya 
di Jakarta. Ngaloby. Urusan di kotana? Lian ti aya Wakil Walikota sareng 
Kepala-kepala Dinas, oge ku ngalangkungan handphone, email, faksimil, kaayaan 
daerah nu dipingpinna tiasa teras kageroh. Hartosna, pikeun jadi pamingpin nu 
apal kana rengkak polah nu aya di wewengkon nu dipingpinna, teu kedah secara 
fisik ngajanggelek di dinya. Tiasa bae ku sistem remote control. Ti katebihan. 
Ngalangkungan teknologi. (Tingali oge kumaha reumbeuyna jabatan nu kantos 
dicangking ka Habibie kapungkur).
   
  Nanging, ku naon isu PAD ieu keukeuh pajeng pisan janten dagangan mangsa 
pemilu? Dalah dina kahirupan sapopoe ge, ieu isu teh karaos pisan dinamikana, 
pagilinggisik sareng kaki lima, warung padang, runtah, pecel lele, factory 
outlet, widjanarko, minyak goreng, atanapi supir angkot. Na, teu aya isu sanes 
nu langkung “cerdas” manan “isu purba” ieu? Naha alatan sim kuring teu cicing 
di Amerika teu bisa ngarasakeun pegelna urang Mexico di Seattle atanapi Kanada? 
Teu bisa apal kana pasoalan nu nyampak di Elko, Bronx, atanapi Manhattan pisan? 
Kumaha, upami, lian rajin kokoreh di internet, abdi oge gaduh “informan” di eta 
wewengkon? Kiwari, ku artos, urang tiasa kenging informasi hiji wewengkon – boh 
nu pakait sareng ekonomi, politik, atanapi kabudayaan – bari urang teu kedah 
dongkap ka eta tempat.
   
  Ku paningal, lian ti kolonialisme, ngajenggelekna ieu isu atanapi realitas 
teh oge teu leupas tina modernisasi nu, di urang, leumpangna siga jalma mabok: 
Dadalegdogan, bari teu nepi-nepi. Boh zaman kolonial, perang kamerdikaan, Orde 
Lama, Orde Baru, oge Orde Reformasi ieu, urang satemenna nyanghareupan masalah 
nu eta-eta keneh: Modernitas nu teu parat-parat, teu kahontal bae.
   
  Baheula, mangsa kolonialisme asing mahabu, modernisasi di urang di mimitian 
ku politik etis nu, mun teu lepat, diluluguan ku sayap liberal di parlemen 
Walanda. Hasilna, di antarana, urang ngawitan ngambeuan pendidikan ala Barat. 
Sanaos, sapertos nu parantos dipikaterang ku sadayana, nu iasa sarakola teh 
ngan putra menak wungkul. Cacah kuricakan mah bujeng-bujeng. Ongkoh, siga nu 
disebatkeun dina pelajaran sakola baheula, udagan pendidikan ala Barat eta ukur 
keur nedunan kabutuhan pagawe kelas menengah di pabrik, pausahaan, sareng 
pamarentahan kolonial – teu pamohalan sakola luhur nu dipikaagul atanapi 
dipikaajrih dugi ka kiwari, taya lian ti sakola tukang, sanes sakola 
agama/filsafat atanapi sakola guru, sakumaha sajarahna di Yunani sareng Suryani 
(Persi). Level pingpinan mah pan keukeuh bae urang asing. Level pangluhurna di 
pamarentahan ge mung bupati, nu meh teu gaduh kakawasan. Paling heunteu, 
sakumaha kacontoan dina seueur kasus, iasa diveto atanapi diintervensi ku
 Gubernur Jendral pisan.
   
  Anapon kitu, nya nu sarakola ieu nu ngawitan kagungan kasadaran salaku hiji 
bangsa teh. Eta ge ukur didasaran ku hiji alesan: Ngaraos sami-sami dijajah 
batur. Kasadaran ieu nu ngawujud atanapi “puncak-puncakna” mangrupi Sumpah 
Pemuda, Balai Pustaka, Volksraad, sareng Proklamasi Kamerdekaan. Cohagna, 
kasadaran salaku nation teh satemenna teu nyerep jero dina angen-angen jalma 
loba. Unsur kadaerahan, oge anasir primordialisme sanesna, teu dipunggaskeun 
kalayan tarapti. Dalah di sawatara inohongna ge, bibit atanapi wanda kadaerahan 
teh teu satemenna tumpur. 
  
  
---------------------------------
      * Panganteur pikeun sawala dina acara Semiloka Menjelang Pilkada 2008 
Kabupaten Subang, Wisma Karya, Subang, 12 Juni 2007.
   




Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke