Punten ngiring nimbrung. Abdi oge nuju milarian buku carita sunda nu kantos didongengkeun dina radio, sapertos buku ranggawulung, umar maya sareng nu sanesna. manawi aya palawarga anu terang dimana abdi kedah ngagaleuh. Nuhun.
Saep Lukman Cianjur ----- Original Message ----- From: sonirosa To: [email protected] Sent: Sunday, December 23, 2007 9:15 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Toko Buku Sunda Pa Eman, mangga cobian liren ka "Warung Buku Bolotot" di www.bolotot.com. sakantenan kuring nyuhunkeun saran. Minangka namah eta teh warung kuring. (keur diajar balantik, aya paniatan hoyong beunghar pisan he..he...) hatur nuhun sateuacana. ----- Original Message ----- From: Eman Suherman To: [email protected] Sent: Sunday, December 23, 2007 7:42 AM Subject: [Urang Sunda] Toko Buku Sunda Saprak kahuruan karek kamari deui (221207) kuring laha loho ka pasar buku Palasari, samemehna mah didinya teh lamun neangan buku-buku Sunda rada hararese, iwal ti majalah heubeul Mangle nu dijual 1000 perakan. Aya hiji jongko buku perenahna di jajaran jongko buku panghareupna, sagedengeun tempat parkir mobil anu ngajual buku-buku Sunda, sabenerna lain husus toko buku Sunda, sigana bae nu dagangna oge urang Sunda. Rada aneh kukituna mah di pasar buku Palasari nu daragang teh rata-rata urang sebrang, mun oge teu bisa disebutkeun kabeh urang ditu . Tah di eta jongko buku kuring meuli buku Sunda: “Masyitoh” ku Ajip Rosidi, “Si Pucuk Kalumpang” ku Ajip Rosidi, jeung “Teu Pegat Asih” ku Soeman Hs anu didongengkeun deui dina basa Sunda ku Moh.Ambri, bukuna araripis iwal ti “Masyitoh” nu rada kandel teh, regana tilu buku teh 35.000 rebu perakeun – jajan buku keur nu “tongpes” Tiluanana oge dicitak ku Kiblat Buku Utama. Sakitu. Wassalam. Pun Eman. ---------------------------------------------------------------------------- Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! ------------------------------------------------------------------------------ No virus found in this incoming message. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.17.6/1192 - Release Date: 12/21/2007 1:17 PM

