--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sakitu laporan sawala di PSS tea, hapunten bilih aya hal-hal anu hil. >
Ieu mah sanes nambihan atanapi naon, Ua. Kadar ngiring ngawiat bae. Baktos, Pun Maman ============================= Manakiban (Tina Sawala di PSS-Cupumanik) Ti minggu saencanna kuring teh hayoh bae ngorehan pabetekan. Neangan hiji pangacaprukan ngeunaan "perluna" ngahangkeutkeun sawala Islam jeung Sunda, alungkeuneun ka Kusnet. Ngan teu kapanggih bae. Teuing di mana. Ari noongan Kusnet karah nyampak uleman Ua Sas. Asa kaubaran. Poeannana, Jumaah kamari, rebun-rebun keneh kuring geus anjeucleu dina mobil nu nyemprung ka Bandung. Atuh, jam 8 geus cindekul nyanghareupan kupat tahu di Jl. Lombok ngan, hanjakal teu "saendah nu dibayangkeun", kurang pedo. Kungsi nyimpang heula ka babaturan di Jalan Lombok jeung Jalan Banda, jam 11-an teh geus aya di Cupumanik. Karah loba tamu, geuning? Ibu-ibu jeung barudak, keur ngarubung micro film. Nanyakeun Hawe jeung Kang Dadan, tangtu bae, can daratang. Pon kitu deui Ua Sas. Nyelang heula jumaahan jeung dahar beurang, ana balik geus nyampak Hawe, Ua Sas, jeung nu lianna. Kaasup Kang Iip, nu jadi "panganten" dina eta acara. Julian Millie, doktor sastra Malayu ti Monash University, mah datangna rada beh dieu, sanggeus kuring datang. Kaselang ka cai, ari kaluar ti kamar mandi, sawala geus dimimitian. Pedaran Julian: Manakiban nu kapanggih ku manehna aya tilu wanda. Wanda nu biasa dilakukeun ku rengrengan Abah Anom ti Suryalaya, wanda nu biasa dilakukeun ku sawatara komunitas-komunitas lain "non Suryalaya" (ieu mah istilah kuring bae, kadar ngaran, keur ngabedakeun), jeung naon nu dipilampah ku urang hiji lembur di Bandung kaler nu katingalna jadi puseur panalungtikan Julian. Matak disebut tilu wanda teh pedah bae prak-prakan jeung "nuansa"-na beda. Sanajan manakib nu dibaca teh sarua manakib Sjekh Abdul Qadir Jaelani, bari aranna rupa-rupa, manakiban nu dilakukeun ku rengrengan Suryalaya leuwih loba wiridannana mun teu salah, "pokok ajaran" Abah Anom nya wiridan, maca lafad tahlil di mana bae jeung keur naon bae (perkara "ajaran Abah Anom" ieu, aya sepuh Kusnet nu langkung paos, nu ngiring tarekat Qadiriyah-Naqsyahbandiyah) manakiban nu dilakukeun ku rengrengan "non Suryalaya" leuwih loba tawasulna atawa kawilang "standar": Maca do'a jeung "hadiah" terus nyambung kana manakib. Demi manakiban urang Bandung kaler tadi, lian ti direumbeuyan ku do'a-do'a pikeun inohong-inohong nu remen jadi "pamuntangan" jalma nu boga hajat, susuguhna reumbeuy pisan. Mun kuring teu salah, Julian nyebutkeun: Manehna kungsi nyatet lalawuh nu ditembrakkeun dina eta acara teh nepi ka...30 rupa! Ti mimiti beubeutian, bubuahan, rupa-rupaning kueh, jeung kadaharan lianna. Kuring poho, naha Julian oge ngembrakkeun perkara parupuyan nu terus ngelun sakumaha nu kungsi kasaksian ku kuring dina manakiban di Sukabumi jeung Bogor, oge sawatara upacara adat di Priangan. Reumbeuyna susuguh atawa kadaharan dina manakiban "Bandung kaler" eta kaharti. Sabab, lian ti salametan (nganuhunkeun) pedah kahirupan ekonomina geus undak atawa geus nete "maqam" nu luhur -- geus "sukses" ceuk Julian mah -- oge manakiban teh taya lian ti ngado'a ka Pangeran sangkan hirup leuwih undak. Leuwih sukses. Nya, ieu mataholang panalungtikan Julian teh: Ningali kumaha hiji komunitas nafsirkeun (memaknai) hiji ritual, dina hal ieu nya manakiban. Naon hubungannana lalakon Syech Abdul Qadir Jaelani jeung kasuksesan hirup? Kang Iip ngajelaskeun, kumaha para wali jeung Kanjeng Nabi, alatan katakwaan aranjeunna, ku sawatara urang Sunda, dianggap bisa mantuan dikobulkeunnana hiji doa. Demi "pamuntangan" taya lian ti karamat-karamat nu sok dijarahan ku jalma nu boga maksud tadi, atawa nu kaharti ku kuring ku komunitas eta, dina hal ieu urang lembur nu aya di wewengkon Bandung kaler tadi. Tah, salah sahiji pamuntangan urang lembur nu jadi puseur panalungtikan Julian teh, sakumaha "umumna" urang Bandung (Lembang, Cijerah, Sayati, Soreang), lian ti karamat-karamat nu sipatna lokal pisan, nu ukur dipikawanoh ku maranehna, umumna "muntang"-na teh ka Syech Abdul Jabar nu makamna aya di Kampung Mahmud, tonggoheun Cijerah atawa kiduleun Margahayu, mapay Citarum, nu dianggap wali nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Bandung. Masih ceuk Julian, dumasar kana pangakuan sesepuh nu mingpin manakiban di lembur tadi, ieu acara teh teu arang dibarungan ku "kasumpingan". Matak, ceuk Julian keneh, nu tangtuna dumasar kana katerangan respondenna, sakur nu ngilu manakiban teu meunang balik saencan parat nepi ka bagian tertentu. Kuring poho deui bagian mana bagian manana. Ngan, mun balik can nepi bagian eta, cenah, inyana bakal kumaonam. Sanajan, cenah, perkara ieu bisa diakalan, diingkahan: Maca manakib teh teu dibeakkeun sapeuting. Tapi, sababaraha peuting eta manakib teh dibagi-bagi macana, bari nyoko kana "kaistimewaan" angka salapan. Hanjakal, Julian teu ngajelaskeun kumaha persisna prak-prakan "kasumpingan" eta teh. Dumasar pananya ti floor, Julian nyebutkeun yen manakiban urang "Bandung kaler" teh umumna diayakeun tiap Rayagung jeung Muharam. Ku naon kitu? Teuing. Julian, asana, teu nerangkeun leuwih jauh. Ngan, nu kuring inget, manakiban ieu pakait jeung paekonomian. Lain bae paekonomian jalma-jalma nu boga maksud pan salametan teh kudu aya susuguhna, kudu aya ongkosna, malah ieu acara teh pan taya lian "laporan" ngeunaan kasuksesan nu boga hajat tea? Tapi, oge paekonomian nagara. Ceuk Julian, ti mangsa krisis moneter, 1997, frekuensi manakiban di lembur nu jadi daerah panalungtikannana anjlok. Malah, asana, euweuh pisan. Hal nu logis: Lumangsungna tradisi lain bae mikabutuh ideologi (kayakinan atawa kapercayaan), tapi oge kakuatan ekonomi. Loba sabenerna mah nu hayang ditanyakeun ka Julian teh. Ngan, teuing, asa heurin ku letah. Jeung rumasa, sabagian nu rek ditanyakeun teh standar pisan, nu bisa jadi teu kudu ditanyakeun deui mun aya makalahna : Lian ti lembur-lembur nu disigeung ku Julian dina paparannana, lembur atawa wewengkon mana bae nu jadi daerah panalungtikannana, iraha jeung sabaraha lila panalungtikan nu dilakukeunnana, sajarah manakiban nu kapaluruh ku manehna, sajarah atawa asal-usul jalma nu ngayakeun manakiban eta (nu engke, aya heunteu pakaitna jeung inohong-inohong nu sok "diparuntangan" tea. Nu kajeueung ku kuring, tina kasus Cibadak jeung Depok: Nu sok "dipuntangan" teh "Syekh Sukawayana", Syekh Nawawi Tanara Syekh Nawawi Al Bantani, Kiai Caringin mun nu boga hajatna kokocoran Banten atawa Bogor; Ajengan Gentur jeung Eyang Suryakancana mun rengrengan Cianjur, Syekh Muchyi Pamijahan jeung Syekh Buntet mun kokocoran Tasik), jste. Ongkoh nu dipedar ku manehna dina eta sawala teh bener-bener samporet malah teu make makalah-makalah acan. Ngacung teh pedah bae Ua Sas, nu jadi moderator, ngabibita : Sakur nu nanya dek dipahugi buku hiji sewang. Kitu ge, waktuna balik, buku nu meunang hese cape nanya teh karah euweuh. Leungit. Aya nu mawa. Teuing saha. Piraku ari ku.... Ari nu ditanyakeun ku kuring ngeunaan "purifikasi agama". Dina hal ieu, tangtu bae agama Islam. Sabab, mun ningali prak-prakan manakiban nu make "pamuntangan", parupuyan, jste, tangtu bae patojaiah jeung akidah formal Islam. Ongkoh, saeutik loba, "gerakan" purifikasi ieu lain bae narekab tradisi-tradisi siga manakiban tapi oge prak-prakan kahirupan lian nu sakedapan jauh tina "tatali karuhun" -- prak-prakan salat, dibaju, jste. Hartina, gerakan purifikasi teh terus jalan malah satutasna "reformasi" meledug karasa leuwih ceuyah. Jawaban Julian diplomatis: Pangajaran agama Islam di sakola-sakola tangtu bae teu ngajarkeun atawa moal nyaluyuan manakiban. Sanajan, dina bagian lain, manehna oge nyebutkeun katuepanujuan hiji inohong, ajengan satempat, kana manakiban. Saencanna, dina sesi pemaparan, Kang Iip, nu jadi "pembanding", sarua diplomatisna ku nyebutkeun: Yen manakiban jeung sagala rupaning "adat" ieu teh, keur sawatara pihak, dianggap salaku "dakwah nu can tuntas". Hartina, eta prak- prakan teh taya lian ti agama Islam nu masih "kompromi" jeung tatali karuhun. Di luar perkara eta, tina jihad paelmuan, keur kuring, kasimpulan Julian matak "pikabitaeun": Lian ti wanti-wanti yen ieu panalungtikan teh teu ngagambarkeun manakiban sa-Tatar Sunda, ieu prak-prakan taya lian ti neruskeun tradisi pantun! Tuh, pan? Antukna, jadi hayang maca leuwih jentre ngeunaan panalungtikannana ieu. Nya, urang tungguan bae Cupumanik atawa PSS nerbitkeun gawe Julian eta. Ngan, aya hal lian nu jadi catetan kuring: Prak-prakan eta sawala. Alatan dibarungan ku niat hayang jadi talk show di televisi -- Ua Sas jeung batur-batur di Cupumanik hayang nyieun talk show ngeunaan ka-Sunda-an -- nya ieu sawala teh make format talk show. Keur kuring, eta paniatan teh rada "ngagokan" sawala nu satemenna. Urang jadi lalajo, manan bener-bener milu sawala. Sigana, di mana formatna rek tetep siga kitu, waktuna bae leuwih panjang. Paratkeun bae nepi ka magrib mah -- paling diselang ku salat Asar. Pikeun kapentingan televisi, nya tinggal diedit bae, dipadetkeun atawa ditambahan pisan. Jeung, sigana, duit keur lalawuh teh mending diajangkeun kana makalah. Hartina, tiap narasumber diwajibkeun nyieun makalah. Ambeh aya bungkeuleukannana, ngagampangkeun dokumentasi ka asup mun rek dibukukeun atawa dimuat dina jurnal -- peserta ge miboga cecekelan, jeung bisa leuwih telik dina ngabandungan jeung madungdengkeun gawe Julian eta. Keun bae susuguhna kadar ciherang ge. Ari teu arisin mah. Hehehe... Gang Tengah, Senen,

