Nuhun kang Maman kana seratanana. Kumaha mun diteraskeun nya mesek manakiban,
khususna ngeunaan "dakwah nu can tuntas". Jadi mun tuntas teh model atawa
rupana kawas kumaha nya? Mun ngeuyeuk ngeuyeuk manakiban atuh sarua kitu jeung
ngabiasakeun nampa gigih, beas nu can jadi sangu?
Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
>
> Sakitu laporan sawala di PSS tea, hapunten bilih aya hal-hal anu
hil.
>
Ieu mah sanes nambihan atanapi naon, Ua. Kadar ngiring ngawiat bae.
Baktos,
Pun Maman
=============================
Manakiban
(Tina Sawala di PSS-Cupumanik)
Ti minggu saencanna kuring teh hayoh bae ngorehan pabetekan. Neangan
hiji pangacaprukan ngeunaan "perluna" ngahangkeutkeun sawala Islam
jeung Sunda, alungkeuneun ka Kusnet. Ngan teu kapanggih bae. Teuing
di mana. Ari noongan Kusnet karah nyampak uleman Ua Sas. Asa
kaubaran. Poeannana, Jumaah kamari, rebun-rebun keneh kuring geus
anjeucleu dina mobil nu nyemprung ka Bandung. Atuh, jam 8 geus
cindekul nyanghareupan kupat tahu di Jl. Lombok ngan, hanjakal
teu "saendah nu dibayangkeun", kurang pedo. Kungsi nyimpang heula ka
babaturan di Jalan Lombok jeung Jalan Banda, jam 11-an teh geus aya
di Cupumanik. Karah loba tamu, geuning? Ibu-ibu jeung barudak, keur
ngarubung micro film. Nanyakeun Hawe jeung Kang Dadan, tangtu bae,
can daratang. Pon kitu deui Ua Sas.
Nyelang heula jumaahan jeung dahar beurang, ana balik geus nyampak
Hawe, Ua Sas, jeung nu lianna. Kaasup Kang Iip, nu jadi "panganten"
dina eta acara. Julian Millie, doktor sastra Malayu ti Monash
University, mah datangna rada beh dieu, sanggeus kuring datang.
Kaselang ka cai, ari kaluar ti kamar mandi, sawala geus dimimitian.
Pedaran Julian: Manakiban nu kapanggih ku manehna aya tilu wanda.
Wanda nu biasa dilakukeun ku rengrengan Abah Anom ti Suryalaya,
wanda nu biasa dilakukeun ku sawatara komunitas-komunitas lain "non
Suryalaya" (ieu mah istilah kuring bae, kadar ngaran, keur
ngabedakeun), jeung naon nu dipilampah ku urang hiji lembur di
Bandung kaler nu katingalna jadi puseur panalungtikan Julian.
Matak disebut tilu wanda teh pedah bae prak-prakan jeung "nuansa"-na
beda.
Sanajan manakib nu dibaca teh sarua manakib Sjekh Abdul Qadir
Jaelani, bari aranna rupa-rupa, manakiban nu dilakukeun ku
rengrengan Suryalaya leuwih loba wiridannana mun teu salah, "pokok
ajaran" Abah Anom nya wiridan, maca lafad tahlil di mana bae jeung
keur naon bae (perkara "ajaran Abah Anom" ieu, aya sepuh Kusnet nu
langkung paos, nu ngiring tarekat Qadiriyah-Naqsyahbandiyah)
manakiban nu dilakukeun ku rengrengan "non Suryalaya" leuwih loba
tawasulna atawa kawilang "standar": Maca do'a jeung "hadiah" terus
nyambung kana manakib. Demi manakiban urang Bandung kaler tadi, lian
ti direumbeuyan ku do'a-do'a pikeun inohong-inohong nu remen
jadi "pamuntangan" jalma nu boga hajat, susuguhna reumbeuy pisan.
Mun kuring teu salah, Julian nyebutkeun: Manehna kungsi nyatet
lalawuh nu ditembrakkeun dina eta acara teh nepi ka...30 rupa! Ti
mimiti beubeutian, bubuahan, rupa-rupaning kueh, jeung kadaharan
lianna. Kuring poho, naha Julian oge ngembrakkeun perkara parupuyan
nu terus ngelun sakumaha nu kungsi kasaksian ku kuring dina
manakiban di Sukabumi jeung Bogor, oge sawatara upacara adat di
Priangan.
Reumbeuyna susuguh atawa kadaharan dina manakiban "Bandung kaler"
eta kaharti. Sabab, lian ti salametan (nganuhunkeun) pedah kahirupan
ekonomina geus undak atawa geus nete "maqam" nu luhur --
geus "sukses" ceuk Julian mah -- oge manakiban teh taya lian ti
ngado'a ka Pangeran sangkan hirup leuwih undak. Leuwih sukses. Nya,
ieu mataholang panalungtikan Julian teh: Ningali kumaha hiji
komunitas nafsirkeun (memaknai) hiji ritual, dina hal ieu nya
manakiban. Naon hubungannana lalakon Syech Abdul Qadir Jaelani jeung
kasuksesan hirup? Kang Iip ngajelaskeun, kumaha para wali jeung
Kanjeng Nabi, alatan katakwaan aranjeunna, ku sawatara urang Sunda,
dianggap bisa mantuan dikobulkeunnana hiji doa.
Demi "pamuntangan" taya lian ti karamat-karamat nu sok dijarahan ku
jalma nu boga maksud tadi, atawa nu kaharti ku kuring ku
komunitas eta, dina hal ieu urang lembur nu aya di wewengkon Bandung
kaler tadi. Tah, salah sahiji pamuntangan urang lembur nu jadi
puseur panalungtikan Julian teh, sakumaha "umumna" urang Bandung
(Lembang, Cijerah, Sayati, Soreang), lian ti karamat-karamat nu
sipatna lokal pisan, nu ukur dipikawanoh ku maranehna,
umumna "muntang"-na teh ka Syech Abdul Jabar nu makamna aya di
Kampung Mahmud, tonggoheun Cijerah atawa kiduleun Margahayu, mapay
Citarum, nu dianggap wali nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon
Bandung.
Masih ceuk Julian, dumasar kana pangakuan sesepuh nu mingpin
manakiban di lembur tadi, ieu acara teh teu arang dibarungan
ku "kasumpingan". Matak, ceuk Julian keneh, nu tangtuna dumasar kana
katerangan respondenna, sakur nu ngilu manakiban teu meunang balik
saencan parat nepi ka bagian tertentu. Kuring poho deui bagian mana
bagian manana. Ngan, mun balik can nepi bagian eta, cenah, inyana
bakal kumaonam. Sanajan, cenah, perkara ieu bisa diakalan,
diingkahan: Maca manakib teh teu dibeakkeun sapeuting. Tapi,
sababaraha peuting eta manakib teh dibagi-bagi macana, bari nyoko
kana "kaistimewaan" angka salapan. Hanjakal, Julian teu ngajelaskeun
kumaha persisna prak-prakan "kasumpingan" eta teh.
Dumasar pananya ti floor, Julian nyebutkeun yen manakiban
urang "Bandung kaler" teh umumna diayakeun tiap Rayagung jeung
Muharam. Ku naon kitu? Teuing. Julian, asana, teu nerangkeun leuwih
jauh. Ngan, nu kuring inget, manakiban ieu pakait jeung paekonomian.
Lain bae paekonomian jalma-jalma nu boga maksud pan salametan teh
kudu aya susuguhna, kudu aya ongkosna, malah ieu acara teh pan taya
lian "laporan" ngeunaan kasuksesan nu boga hajat tea? Tapi, oge
paekonomian nagara. Ceuk Julian, ti mangsa krisis moneter, 1997,
frekuensi manakiban di lembur nu jadi daerah panalungtikannana
anjlok. Malah, asana, euweuh pisan. Hal nu logis: Lumangsungna
tradisi lain bae mikabutuh ideologi (kayakinan atawa kapercayaan),
tapi oge kakuatan ekonomi.
Loba sabenerna mah nu hayang ditanyakeun ka Julian teh. Ngan,
teuing, asa heurin ku letah. Jeung rumasa, sabagian nu rek
ditanyakeun teh standar pisan, nu bisa jadi teu kudu ditanyakeun
deui mun aya makalahna : Lian ti lembur-lembur nu disigeung ku
Julian dina paparannana, lembur atawa wewengkon mana bae nu jadi
daerah panalungtikannana, iraha jeung sabaraha lila panalungtikan nu
dilakukeunnana, sajarah manakiban nu kapaluruh ku manehna, sajarah
atawa asal-usul jalma nu ngayakeun manakiban eta (nu engke, aya
heunteu pakaitna jeung inohong-inohong nu sok "diparuntangan" tea.
Nu kajeueung ku kuring, tina kasus Cibadak jeung Depok: Nu
sok "dipuntangan" teh "Syekh Sukawayana", Syekh Nawawi Tanara
Syekh Nawawi Al Bantani, Kiai Caringin mun nu boga hajatna kokocoran
Banten atawa Bogor; Ajengan Gentur jeung Eyang Suryakancana mun
rengrengan Cianjur, Syekh Muchyi Pamijahan jeung Syekh Buntet mun
kokocoran Tasik), jste. Ongkoh nu dipedar ku manehna dina eta sawala
teh bener-bener samporet malah teu make makalah-makalah acan.
Ngacung teh pedah bae Ua Sas, nu jadi moderator, ngabibita : Sakur
nu nanya dek dipahugi buku hiji sewang. Kitu ge, waktuna balik, buku
nu meunang hese cape nanya teh karah euweuh. Leungit. Aya nu mawa.
Teuing saha. Piraku ari ku....
Ari nu ditanyakeun ku kuring ngeunaan "purifikasi agama". Dina hal
ieu, tangtu bae agama Islam. Sabab, mun ningali prak-prakan
manakiban nu make "pamuntangan", parupuyan, jste, tangtu bae
patojaiah jeung akidah formal Islam. Ongkoh, saeutik
loba, "gerakan" purifikasi ieu lain bae narekab tradisi-tradisi siga
manakiban tapi oge prak-prakan kahirupan lian nu sakedapan jauh
tina "tatali karuhun" -- prak-prakan salat, dibaju, jste. Hartina,
gerakan purifikasi teh terus jalan malah satutasna "reformasi"
meledug karasa leuwih ceuyah.
Jawaban Julian diplomatis: Pangajaran agama Islam di sakola-sakola
tangtu bae teu ngajarkeun atawa moal nyaluyuan manakiban. Sanajan,
dina bagian lain, manehna oge nyebutkeun katuepanujuan hiji inohong,
ajengan satempat, kana manakiban. Saencanna, dina sesi pemaparan,
Kang Iip, nu jadi "pembanding", sarua diplomatisna ku nyebutkeun:
Yen manakiban jeung sagala rupaning "adat" ieu teh, keur sawatara
pihak, dianggap salaku "dakwah nu can tuntas". Hartina, eta prak-
prakan teh taya lian ti agama Islam nu masih "kompromi" jeung tatali
karuhun.
Di luar perkara eta, tina jihad paelmuan, keur kuring, kasimpulan
Julian matak "pikabitaeun": Lian ti wanti-wanti yen ieu
panalungtikan teh teu ngagambarkeun manakiban sa-Tatar Sunda, ieu
prak-prakan taya lian ti neruskeun tradisi pantun! Tuh, pan?
Antukna, jadi hayang maca leuwih jentre ngeunaan panalungtikannana
ieu. Nya, urang tungguan bae Cupumanik atawa PSS nerbitkeun gawe
Julian eta.
Ngan, aya hal lian nu jadi catetan kuring: Prak-prakan eta sawala.
Alatan dibarungan ku niat hayang jadi talk show di televisi -- Ua
Sas jeung batur-batur di Cupumanik hayang nyieun talk show ngeunaan
ka-Sunda-an -- nya ieu sawala teh make format talk show. Keur
kuring, eta paniatan teh rada "ngagokan" sawala nu satemenna. Urang
jadi lalajo, manan bener-bener milu sawala. Sigana, di mana formatna
rek tetep siga kitu, waktuna bae leuwih panjang. Paratkeun bae nepi
ka magrib mah -- paling diselang ku salat Asar. Pikeun kapentingan
televisi, nya tinggal diedit bae, dipadetkeun atawa ditambahan
pisan. Jeung, sigana, duit keur lalawuh teh mending diajangkeun kana
makalah. Hartina, tiap narasumber diwajibkeun nyieun makalah. Ambeh
aya bungkeuleukannana, ngagampangkeun dokumentasi ka asup mun rek
dibukukeun atawa dimuat dina jurnal -- peserta ge miboga cecekelan,
jeung bisa leuwih telik dina ngabandungan jeung madungdengkeun gawe
Julian eta. Keun bae susuguhna kadar ciherang ge. Ari teu arisin
mah. Hehehe...
Gang Tengah, Senen,
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.