Heuheu asyik thread ieu mung kuduaan, Ki Tams sareng Ki Tiwa.
Ieu mah iseng ngtest kompi saatos bounching, manawi teu kaabotan
pangreplykeun.
Jeung deui....manfaat jeung hikmah nyandung mah nu karasana ku person
masing2....nikmat geura...sok mangga.
Anu ceuk kuring mah, kunaon bet kudu nyandung?
Napsu? Heueuh napsu! Da ari alesan karunya cenah nulungan randa
dll.....whuah wadul.
 
 
 
-----Original Message-----
From: Tatang Sariman [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Friday, December 28, 2007 10:21 AM
To: [email protected]
Subject: Re: Bls: Bls: [Urang Sunda] manfaat jeung hikmah nyandung
 
Leres upami kitu mah sanaos mung "upami" da data perkawis ieu tangtos
sesah. Janten upami sakedik wae jumlah istri nu teu/can nikah, ngawayuh
saur bapa yakin tiasa. Komo deui upami jumlah istrina langkung seueur,
peluangna beki wae langkung yakin panginten nya?. Tapi intina "data
statistik" anu disebat status nikah jadi penting salian ti jumlah, kana
ngarojongna kamungkinan anu disebat eta. Mung perkawis "niat" dina data
statistik can mendakan, padahal niat tiasa janten anu datangna tina
"kaimanan" langkung ageung oge nangtoskeun kaputusan naon bae.
Sakantenan mairan oge ka MH, piraku anu bade ngawayuh mukaan data
statistik heula sagala mah? tapi pasti kedah uninga calon pasangan teh
statusna kumaha, tah eta data penting, jadi sadar teu sadar kudu we
uninga heula datana.

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
        Tiasa pisan sanaos awewe kirang jumlahna ti pameget...pan sanes
jumlah awewe anu tos kawin..sareng sanes jumlah pameget sadayana tos
kawin (sanajan  teu soal ari keur nandung mah). Misal aya 100 pamaeget
bujang..aya 10 urang anu jegud...kuat kaimanan kana nyandung..hayang
pisan boga anu ngora . Tapi ngan aya awewe 40 urang , anu gareulis
lolobana can kawin , sabagean daek dicandung kunu jegud...Gambaran ieu
anu aya dimasyarakat urang ayeuna...... 
        On 12/28/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 
        Har ari bapa...? moal mungkin kajantenan atuh nyandung ari
jumlah istrina langkung sakedik mah tibatan pamegetna? kajantenan
nyandung mah kedah dina kaayaan jumlah istri langkung seueur tibatan
pameget. Teras sanaos seueur jumlah istrina ari murangkalih keneh sareng
nini? nyandung oge sesah. Janten anu dimasad teh nyandung tiasa gampil
kajantenanana upami tangtos aya niat sareng status anu can nikah dina
yuswa nikah (WUS, wanita usia subur) oge ngamungkinkeun, maksadna aya
istri anu can kabagean nikah. Bilih eta anu can kabagean nikah teh
ngagoda caroge batur teras pamegetna oge memang osok ngagoda atanapi
gampil kagoda deuih, nya langkung sae ngawayuh, supados ngirangan istri
"simpenan".  
        
        
        H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote:

        Kahartos upami statistik hungkul mah...ngan eta amun
dikaitkeun... kulantaran seur istri tibatan pameget..teras wae janten
jastipikasi..keur nyandung....Ceuk abdi mah ari soal nyandung mah
masalah Kaimanan sareng niat pribadi wae....sanaos istri misalna ngan
sakedik ayana..ari niat anu ngagedur ageung mah.nya nyandung wae..sanaos
bari susulumputan....... 
        On 12/28/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 
        Punten bapa sanes kitu maksadna, postingan aki tams mung
ngawaler atanapi mairan postingan anu palayeun uninga jumlah istri
sareng pameget manawi. Perkawis jodo mah anging Alloh anu uninga, urang
sebage mahluk teu tiasa ngabagi bagi jodo. Baktos aki tams. 
        
        H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote:

                Pangbagian jodo jang awewe tina dasa statistik ?/.
Euleuh geuningan kitu....
                On 12/26/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 
                Langkung gampil deui ngamangfaatkeun angka sex ratio.
ieu ukuran seueurna pameget sareng istri di hiji tempat. sapertos sex
ratio 102 hartosna aya 102 pameget diantawis 100 istri. upami kangge
kaperyogian ngawayuh, saena nyandak sex ratio ti kumpulan umur 15-49
(PUS, pasangan usia subur). Ulah tina angka sex ratio umum, margi
kalebet murangkalih can dewasa sareng sepuh (kangge istri.). Tempatna
oge ulah nyandak sex ratio Indonesia, margi kedah disaluyukeun sareng
tempat dimana eta istri anu bade diwayuh ayana. Janten milih angka sex
ratio daerah anu langkung alit ti 100. sapertos sex ratio 89, hartosna
aya 89 pameget diantawis 100 istri, langkung tepatna deui kedah
dihubungkeun sareng status kawina oge. Kucara eta sigahna bakal kauninga
daerah mana wae sareng aya sabaraha urang istri anu can kabagean nikah.
Kaum ibu kedah hawatos ka anu can nikah, atuh kaum bapa kedah kersa
ngelehan ngabagi....? he he he. Sakitu anu kapihatur ti aki tams.     
                
                waluya56 <[EMAIL PROTECTED]
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 
                        > retno rodiyatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                        > coba pangitungkeun jumlah awewe jeung lalaki
anu cukup umur jeung 
                        > kawin. 
                        > coba bandingkeun! 
                        
                        Ari soal eta mah, teu kedah sesah-sesah Kang,
geus aya nu 
                        mangitungkeun, Biro Pusat Statistik
(www.bps.go.id <http://www.bps.go.id/> ). Hasilna, 
                        babandingan awewe jeung lalaki di Indonesia
saimbang (1:1), malah 
                        lalaki leuwih loba saeutik (Hasil sensus taun
2000). 
                        
                        Keur tingkat Dunya, tiasa ditingali disitus
Worldpopclock, didinya 
                        tiasa ditingali oge proyeksi babandingan awewe
jeung lalaki tepi ka 
                        taun 2025. Per nagara oge aya. Nu matak heran,
nu timpang di nagara- 
                        nagara Teluk (Arab Saudi, Kuwait, Bahrain, UEA)
nyaeta kanyataan 
                        lalaki jauh leuwih loba tibatan awewe. Di ARab
Saudi 120 lalaki : 
                        100 awewe, di Bahrain malah leuwih timpang deui
160 lalaki : 100 
                        awewe. 
                        
                        Nu bakal diramalkeun bakal surplus lalaki,
nagara RRC, sabab nagara 
                        eta aya kawijaksanaan "HIJI ANAK". Rata-rata
kulawarga di Cina 
                        hayang boga lalaki. Ieu bisa nyababkeun lalaki
surplus lalaki di 
                        Dunya, sabab padumuk RRC teh 2 milyar jelema!
                        
                        Tapi ayeuna aya teknologi, supaya awewe
ngalobaan, nyaeta kloning. 
                        Sanajan ayeuna kakara bisa ka sato, bisa wae
kahareup mah ka jelema. 
                        Cenah kloning, ngan bisa dilakukeun kanu jenis
kelamin bikang. Ngan 
                        jadi patarosan oge, umpama kloning bisa keur
reproduksi jelema, keur 
                        naon aya jalu?
                        
                        Baktos,
                        WALUYA
                        
                         
                 
                
  _____  

                Be a better friend, newshound, and know-it-all with
Yahoo! Mobile. Try it now.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62
sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+>  
                 
         
        
  _____  

        Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http:/www.yahoo.com/r/hs>  
         
         
        
  _____  

        Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo!
Mobile. Try it now.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62
sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+>  
         
 
  
  _____  

Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http:/www.yahoo.com/r/hs>  
 

Kirim email ke