> From: Budhi Setiawan
> nu kuring kaharti mah, ku sabab nyandung oge aya gorengnya (dianalogikeun 
> ku kolesterol mun dina kasehatan), jadi teu kudu dikampanyekeun perluna
> nyandung, siga kampanye nyandung kang  agus ...

Tah leres kitu maksud kuring teh, Kang Budhi. Nya ari bade aya nu nyandung 
mah mangga teh teuing, boga kawasa naon kuring ngalarang-larang kanu rek 
nyandung. Ngan ieu mah sakadar ngingetan, resiko tanggung ku sorangan ...... 
Eh ketang masalah nyandung, masalah sosial, janten beda jeung ngadahar gajih 
nu pinuh ku koresterol jahat, nu ngarasakeunana nu ngalakukeunana sorangan, 
tapi nyandung bisa jadi problem sosial. Conto gampilna, tingali postingna 
kang Tata Noor nu neruskeun beja kajadian di Cimahi anyar-anyar ieu. Aya 
awewe dibanjur bengsin terus diduruk ku maruna tepi ka hanteuna. Nu 
ngalakukeun nyandung salakina ......tapi akibatna diri batur anu keuna, 
saurang pamajikanana paeh dididuruk, saurang deui asup panjara kulantaran 
ngaduruk.  Nasib tragis keur anak-anakna nu ditinggalkeun ku indungna. 
Ningali kajadian samodel kieu, piraku urang sabage anggota masayrakat cicing 
wae, terus wae "pura-pura" yen nyandung teh "alus" jeung mere manfaat?

Tangtu we aya carita aya nu nyandung sukses, tepi ka para pamajikanana 
alalakur malah aya nu disaimahkeun. Tapi nganiley alus-henteuna kalakuan 
jalma, kakara "bener pisan" lamun eta jalma teh geus wafat. Da ari masih 
hirup keneh mah bisa wae robah.  Tah nu kareungeu ku kuring, akibat nyandung 
teh sabenerna panjang jeung euweuh CARITA NU ALUS. Contona keur jalma biasa, 
loba budak tinu ngora, teu kabagean/ teu dibere warisan ku anak-anakna tinu 
kolot. Leuheung lamun nu narima bari ngutruk, tapi aya oge nu tepi ka pasea 
gede. Atawa aya kajadian nu matak ngurut dada, siga nu kaalaman ku salah 
saurang pangusaha gede asal Jabar. Waktu anjeunna pupus ...... layonna 
diparebutkeun ku istri-istrina, papada hayang imahna jadi "imah duka"!

Keur jalma pangawasa, akibat nyandung malah bisa nyangsarakeun rakyat. Salah 
sahiji contona Sultan Harun Al Rasyid nu kasohor, anjeunna gaduh permaisuri 
dua, saurang urang Arab, nu saurang deui urang Persia (Iran). Waktu anjeunna 
ngantunkeun, dua putrana ti indung anu beda, akhirna pasea parebut tahta 
karajaan. Nu aranna pasea anak raja, nagara jadi beulah ku perang sadulur 
anu gede. Akhirna anu meunang Al Ma'mun, putra Harun Al Rasyid ti istrina nu 
urang Persia, saderek sabapana .....lapur, palastra dina pangperangan 
(sasatna mah dipaehan ku dulur sabapa). Tah kajadian anak raja parasea, 
kulantaran raja gaduh istri seueur, sabenerna kajadian umum dina sajarah, 
boh sajarah karajaan2 di Indonesia atawa di manca nagara. Atuh ayeuna oge 
tiasa ditingali kajadian di Karaton Kanoman Cirebon jeung Karaton Sultan 
Solo. Di dua karaton eta, Sultanna aya dua. Lamun disaliksik, nu ngaku akhli 
waris tahta teh ti indung anu beda (untung kajadianana ayeuna, lamun 
baheula? Perang!). Salah sahiji faktor kunaon karajaan2 Indonesia lemah, 
waktu walanda datang, nya ku seringna parasea parebut tahta ..... para Raja 
ngalajur nafsu teuing, anakna jadi loba teuing, tiditu-tidieu ....

Jadi? nya saperti nu dianologikeun ku kuring, gajih nu pinuh ku koresterol 
jahat teh halal, ngan nyaeta lamun tetep wae bedegong, ngadaharan gajih, nya 
mangga tanggung resikona. Ngan aya bedana, akibat nyandung, pangaruh  ka 
individu sejen (pamajikan, anak, rakyat jeung nagara) bisa signifikan. Tah 
kulantaran kitu, dina agama urang oge pan diwatesan opat bari dibere 
embel-embel kudu adil. Atuh ayeuna sabagean gede nagara di Dunya, ngalarang 
warga nagarana nyandung. Aya nu ngizinkeun, tapi make sarat-sarat nu 
ditangtukeun ku nagara (UU)  saperti di nagara urang. Sagala aturan jeung UU 
ieu teh keur nyegah efek negatif tina kalakuan nyandung, supaya ulah 
sangeunahna sabab goreng akibatna!

Cag!

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke