aduh karunya teuing teh roro.....
asa inget pangalaman kuring basa jaman sakola tea
sesah milarian minyak bau...basa keur kemping di gunung ciremai, kuningan 
akhirna abi nganggo palapin lumayan naheur cai sareng ngaliwet janten tereh.....

mangga nuhun....


----- Original Message ----
From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 3, 2008 2:58:06 PM
Subject: [Urang Sunda] Minyak Lantung

Minyak Lantung
 
Geus sababaraha poe ieu indung kuring ngangluh, pedah hese manggihan minyak 
lantung. Sanajan aya kompor gas nu bisa dijadikeun alat pikeun mirun seuneu 
keur barang asakan, tapi indung kuring teu pati resepeun make kompor gas, 
pangpangnamah sieun ngabeledug. Buktina geus remen kadenge loba kahuruan alatan 
kompor gasna meledug keur dipake masak, boh ku ibu rumah tangga atawa ku tukang 
dagang. 
 
Sabenernamah loba pisan kauntungan make kompor gas teh, salian ti bersih, 
gancang asak jeung teu ngabalukarkeun hideung kana hateup jeung tembok imah. 
Teu jiga minyak lantung, nya bau, nya matak hideung ka sabudereun dapur. Tapi 
angger we indung kuring mah mbung lesot tina minyak lantung nu geus mimiti hese 
diteangan, kajeun teuing teu make gas. 
 
Ningali kaayaan kieu, indung kuring jadi teu daek cicing di imah, kulantang 
kulinting we asup kaluar kajero ningalian jelema nu lalar liwat, susuganan aya 
nu beubeunangan meuli minyak lantung. Kabeneran aya tatangga nu ngulampreng 
hareupeun imah mamawa jalikeng eusi minyak lantung, indung kuring langsung 
curinghak,”Meser dimana? Sabaraha? Aya keneh teu?Diwatesan? ...” ni norostos 
lir kacang ninggang kajang.
Kabeneran kuring keur pere, langsung dititah meuli, Alhamdulillah meunang 5 
leter, tapi hargana naek jadi tilu rewu rupia saleter.
 
Isukna. Isuk keneh pisan geus pasulabrengan jalema nu marawa jalikeng keur 
nyiar minyak lantung, bur-ber kaditu kadieu. “Bu, kumaha atuh abdi masak? 
Titatadi milarian lisah tanah teu mendak…” ceuk tatangga kuring mani ngahelas 
ka indung kuring di hareupeun imah. Nyalukan tukang cai, dongengna 
sarua,”Hawatos ibu-ibu nu di blok C mah teu nyarangu, teu aya lisah tanahna…da, 
kompor gas teu garaduheun… Ni kacida pamarentah teh nya? ka rahayat alit nyiksa 
pisan…. Kiwari mah mani alahbatan jaman keur perang…” ceuk manehna dumareuda. 
Kuring yakin, eta tukang cai can pernah ngalaman jaman perang, da umurna ge 
sahandapeun kuring…hayang seuri aya..heuheu.  
 
Bener we, pas kuring indit gawe katingali loba jalema ngantay keur ngantri di 
sisi jalan. Jalikeng dibariskeun, ditalian ku benang rapia, bari meulina teh 
kudu ningalikeun KTP jeung Kartu Keluarga, ni riweuh nya? Ceuk ceunahmah dina 
koran kayaan hese minyak lantung teh balukar tina loba jalema nu kasieunan 
ngadenge iber yen bakal dikurangan pasokan keur pangkalan minyak lantung. 
Salian ti eta hargana di pangkalan kaitung jadi leuwih murah.
 
Jadi inget keur di lembur, jaman aya keneh aki kuring, mun hararese minyak 
lantung, babari kari ngala suluh ka pasir, leuweung atawa gunung. Teu kudu nuar 
tangkal badag, cukup ku mulungan rangrang nu ragrag tina tangkalna. Dipake 
mirun seuneu dina hawu nu dijieun tina taneuh liat atawa batu. Mun seuneu 
ngaleutikan kari ditiupan ku songsong tina awi…phuffff….phuufff… Barangasakan 
teu kudu rupa-rupa, mun teu dikulub, diseupan, dibeuleum, dibubuy atawa cukup 
ku dideangkeun diluhureun seuneu. Numatak kolot baheula mah paranjang umur da 
kadaharanana ge nu kararitu jeung teu arapaleun deuih nu ngarana kolesterol, 
asam urat, panyakit jantung jeung kangker.
 
Babari mirun seuneu make suluh soteh mun keur usum halodo, tapi mun usum ngijih 
jiga ayeunamah…nu meus-meus ngecrek…meus- meus ngecrek, nya hese oge neangan 
pisuluheun nu garing teh. Sakapeung mun aki kuring keuheul-keuheul teuing teu 
manggih pisuluheun, pager, bilik atawa kai lisung sok jadi korban dipake keur 
mirun seuneu…heuheu… nu penting mah dapur bisa ngebul. 
Ketang jaman kiwari mah loba pasir, leuweung jeung gunung gararundul euweuh 
tangkalan, rek meunang suluh timana?
 
Ari di kota? Baroraah bisa mulungan suluh, najan sakalieun pager ge euweuh, da 
rata-rata dijieun tina beusi ngarah aman. Ari teu ku minyak lantung jeung gas 
mah, make naon atuh? Kompor listrik? Waduh… rekening listrik pasti ngabareuhan…
 
Teuing ah… lieur!
 
ro2
rahayatleutik
 
nb : gambar dicandak tina Kompas dinten ieu.
 
 
 
 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke