Ngiring bingah kang De. Nya kitu, urang Sunda mah minoritas di tempat abdi damel oge. Matak hanjelu. Naha beut palay ngalaih ka Bandung sagala? Leres pisan anu dipisaur ku kang Jalak Pakuan. Ayeuna mah kantun kang Dede ningkatkeun wae kamampuh dina basa Inggris, kawasa informasi saseueur-seurna dina widang padamelan akang, teras sakola S2 malah upami kersa mah dugi ke S3, sareng tetep jaga kajujuran kisunda (sapertos wawar ti urang Portugis cenah urang Sunda mah jalujur) oge rojong reformasi birokrasi. Ulah hariwang, rejeki mah tos diatur ku Gusti nu Maha Murah tur Asih. Salam, Aschev
----- Original Message ---- From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, January 5, 2008 7:27:59 AM Subject: Teu kaci ka Bandung Re: [Urang Sunda] CPNS urang Sunda Leres..leressss pisssaaaan urang sunda mah superminoritas di BKN umumna jadi PNS. Sing tahan kang, sing sabar nyonto ka urang wetan, tangguh, wani peureu. Pesen sim kuring mah leungitkeun tah sipat urang sunda nu jadi PNS, kakara mimiti bet harayang ditempatkeun, mutasi di jabar bae utamana di Bandung. Ulah kitu kang, pake we pola urang wetan...tunggu tilu taun rebut beasiswa ka mancanagara. Mun teu lepat BKN mah seueur ngirimkeun ka amerika nyarandak Master of Public Administration. Jelas nya aya udageun 3 taun kahareup. Hiji deui mun reformasi birokrasi, profesionalisme jalan terus Insya Allah panghasilan PNS moal eleh ku swasta nyutat kana sistem nu diterapkeun di Bank Indonesia. Wilujeng makarya. salam Jalak Pakuan Jatigede <sahman_dede@ yahoo.com> wrote: Haturan sadaya wargi.... Abdi nembe lulus janten CPNS di BKN(BAKN) di taun 2007-2008. Alhamdulillah. .... Mung nu janten helok....jarang pisan urang Sunda anu lebet naha pedah CPNS/PNS gaji-na sakedik kitu? Perkenalan teh asalna Jawa deui Jawa deui....duh. ..ti 60 urang ngan aya 2 urang anu asli Sunda. Nu hiji deui urang Bandung saurang, damel swasta di Karawang, mung sigana ngundurkeun diri duka pedah tebih, duka gajina ageungan di perusahaannana. Duka tah di Departemen sanes naha siga di BKN kitu nya? Di milis ieu aya anu damel di BKN Kanreg Bandung, hoyong ngalih lah ka KANREG Bandung he..he..... Hatur nuhun... Sahman www.friendster. com/sahman www.geocities. com/ex_orientelu x Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com Makarya Mawa Raharja Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

