Hatur nuhun kang Jalak Pakuan sareng kang Aschev...ku abdi diesto keun
pisan......
Muhun eta ge hoyong neraskeun deui. Mudah-mudahan sing kenging.
Tapi di BKN mah kedah kaluar daerah wae sabab masih keneh seueur lowongan di
daerah. Pamikiran abdi daripada di Medan atanapi di daerah sanes mendingan di
Bandung meh caket ka calon istri he..he...(putra daerah).
Tapi...
Keun we lah di tempatkeun dimana wae oge bade ditampi, sanajan di Papua. Da
kawajiban.....
Dede Sahman
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring bingah kang De.
Nya kitu, urang Sunda mah minoritas di tempat abdi damel oge. Matak hanjelu.
Naha beut palay ngalaih ka Bandung sagala? Leres pisan anu dipisaur ku kang
Jalak Pakuan. Ayeuna mah kantun kang Dede ningkatkeun wae kamampuh dina basa
Inggris, kawasa informasi saseueur-seurna dina widang padamelan akang, teras
sakola S2 malah upami kersa mah dugi ke S3, sareng tetep jaga kajujuran kisunda
(sapertos wawar ti urang Portugis cenah urang Sunda mah jalujur) oge rojong
reformasi birokrasi. Ulah hariwang, rejeki mah tos diatur ku Gusti nu Maha
Murah tur Asih.
Salam,
Aschev
----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, January 5, 2008 7:27:59 AM
Subject: Teu kaci ka Bandung Re: [Urang Sunda] CPNS urang Sunda
Leres..leressss pisssaaaan urang sunda mah superminoritas di BKN umumna
jadi PNS. Sing tahan kang, sing sabar nyonto ka urang wetan, tangguh, wani
peureu. Pesen sim kuring mah leungitkeun tah sipat urang sunda nu jadi PNS,
kakara mimiti bet harayang ditempatkeun, mutasi di jabar bae utamana di
Bandung. Ulah kitu kang, pake we pola urang wetan...tunggu tilu taun rebut
beasiswa ka mancanagara. Mun teu lepat BKN mah seueur ngirimkeun ka amerika
nyarandak Master of Public Administration. Jelas nya aya udageun 3 taun
kahareup. Hiji deui mun reformasi birokrasi, profesionalisme jalan terus Insya
Allah panghasilan PNS moal eleh ku swasta nyutat kana sistem nu diterapkeun di
Bank Indonesia.
Wilujeng makarya.
salam
Jalak Pakuan
Recent Activity
10
New Members
1
New Photos
1
New Files
Visit Your Group
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Dog Zone
on Yahoo! Groups
Join a Group
all about dogs.
Yahoo! Groups
Wellness Spot
A resource for Curves
and weight loss.
.
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com